WorksheetsKuis Basa Sunda kelas X
Total questions: 10
Worksheet time: 10mins
1. Paguneman antara dua urang atawa leuwih sarta lumangsung antara anu diwawancara (narasumber) jeung nu ngawawancara pikeun meunangkeun informasi disebutna....
Wawanohan
Paguneman
Drama
Wawancara
Ngobrol
2. Dina prakna, anu ngawawancara téh bisa bébas nanyakeun naon baé ka nu diwawancara. Sanajan kitu, tetep baé kudu saluyu jeung tujuan wawancara katut katerangan anu dipiharep ti nu diwawancara. Upama teu ati-ati, wawancara bisa kamana karep sarta méngpar tina tujuan awal ngawawancara. Wawancara di luhur kaasup kana wawancara...
Kauger
Bébas
Bébas Kauger
Jumpa Pers
Dipahing
3. Dina prakna, anu ngawawancara téh ngombinasikeun wawancara bébas jeung wawancara kauger. Anu ngawawancara geus mawa padoman ngeunaan naon baé anu kudu ditanyakeun sacara gurat badagna, tapi dina prakna mah dipasrahkeun kanu ngawawancara, kaasup lebah heula pandeurina katut pertanyaan lianna anu leuwih teleb. Anu penting mah henteu méngpar tina jejer jeung tujuan wawancara. Wawancara di luhur kaasup kana wawancara....
Kauger
Bébas
Bébas Kauger
Jumpa Pers
Dipahing
4. Dina prakna, anu ngawawancara téh geus dibahanan daptar pertanyaan anu lengkep katut wincikanana anu jéntré. Wawancara di luhur kaasup kana wawancara....
Kauger
Bébas
Bébas Kauger
Jumpa Pers
Dipahing
5. Sikep-sikep anu kudu dipiboga ku nu ngawawancara téh aya opat, salah sahijina kudu nétral. Dina prak-prakana nyaéta...
Anu ngawawancara kudu bisa adil ka sakabéh narasumber, upama nu di wawancara leuwih ti saurang
Anu ngawawancara kudu bisa nyiptakeun suasana anu matak kataji anu arék atawa keur diwawancara
Anu ngawawancara teu kudu ngoméntaran satuju atawa teu satuju kana informasi anu ditepikeun ku nu diwawancara
Anu ngawawancara kudu satékah polah nyingkahan suasana anu rengkeng, ulah nepikeun ka anu diwawancara téh ngarasa didakwa atawa keur diuji
Sakabéh jawaban salah
6. Sikep-sikep anu kudu dipiboga ku nu ngawawancara téh aya opat, salah sahijina kudu adil. Dina prak-prakana nyaéta...
Anu ngawawancara kudu bisa adil ka sakabéh narasumber, upama nu di wawancara leuwih ti saurang
Anu ngawawancara kudu bisa nyiptakeun suasana anu matak kataji anu arék atawa keur diwawancara
Anu ngawawancara teu kudu ngoméntaran satuju atawa teu satuju kana informasi anu ditepikeun ku nu diwawancara
Anu ngawawancara kudu satékah polah nyingkahan suasana anu rengkeng, ulah nepikeun ka anu diwawancara téh ngarasa didakwa atawa keur diuji
Sakabéh jawaban salah
7. Sikep-sikep anu kudu dipiboga ku nu ngawawancara téh aya opat, salah sahijina kudu nyingkahan karengkeng. Dina prak-prakana nyaéta...
Anu ngawawancara kudu bisa adil ka sakabéh narasumber, upama nu di wawancara leuwih ti saurang
Anu ngawawancara kudu bisa nyiptakeun suasana anu matak kataji anu arék atawa keur diwawancara
Anu ngawawancara teu kudu ngoméntaran satuju atawa teu satuju kana informasi anu ditepikeun ku nu diwawancara
Anu ngawawancara kudu satékah polah nyingkahan suasana anu rengkeng, ulah nepikeun ka anu diwawancara téh ngarasa didakwa atawa keur diuji
Sakabéh jawaban salah
8. Sikep-sikep anu kudu dipiboga ku nu ngawawancara téh aya opat, salah sahijina kudu ramah. Dina prak-prakana nyaéta...
Anu ngawawancara kudu bisa adil ka sakabéh narasumber, upama nu di wawancara leuwih ti saurang
Anu ngawawancara kudu bisa nyiptakeun suasana anu matak kataji anu arék atawa keur diwawancara
Anu ngawawancara teu kudu ngoméntaran satuju atawa teu satuju kana informasi anu ditepikeun ku nu diwawancara
Anu ngawawancara kudu satékah polah nyingkahan suasana anu rengkeng, ulah nepikeun ka anu diwawancara téh ngarasa didakwa atawa keur diuji
Sakabéh jawaban salah
9. Janten jalmi mah teu kénging gedé hulu, kedah....
Asa Aing
Leutik Burih
Hulu Peutieun
Panjang Leungeun
Handap Asor
10. Sanaos tos janten pejabat, anjeunna mah henteu....
Asa Aing
Leutik Burih
Hulu Peutieun
Panjang Leungeun
Handap Asor
