wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Semester 2 Basa Sunda

Total questions: 30

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

1. Kagiatan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara (narasumber), nu tujuanana keur ngumpulkeun informasi disebutna…

a)

a. Paguneman

b)

b. Wawancara

c)

c. Talkshow

d)

d. Ngawangkong

2.

2. Mun urang rek neangan informasi ngeunaan kaayaan harga minyak. Urang kudu ngawawancara…

a)

a. padagang hayam

b)

b. padagang daging

c)

c. padagang sembako

d)

d. padagang kalapa

3.

3. Tujuan wawancara na nyaeta ngumpulkeun data pikeun bahan olaheun. Kaasup kana istilah wawancara…

a)

a. Wawancara wartawan

b)

b. Wawancara tugas sakola

c)

c. Wawancara lamaran gawe

d)

d. Wawancara panalungtikan

4.

4. Kalimah anu eusina nanyakeun hiji perkara ka batur disebut…

a)

a. Kalimah parentah

b)

b. Kalimah warta

c)

c. Kalimah pananya

d)

d. Kalimah panyeluk

5.

5. Kecap pananya nu fungsina nanyakeun cara atawa kaayaan nyaeta…

a)

a. Saha

b)

b. Mana

c)

c. Kumaha

d)

d. Sabaraha

6.

6. “… nu pangheulana nulis buku kumpulan carpon Sunda?”. Kecap pananya nu cocok pikeun ngalengkepan ieu kalimah, nyaeta…

a)

a. Ku saha

b)

b. Kamana

c)

c. Naon

d)

d. Saha

7.

7. Alat nu sok biasa digunakeun pikeun ngawawancara, iwal…

a)

a. Gambar

b)

b. Catetan

c)

c. Rekaman

d)

d. Poto

8.

8. Lamun urang rek ngayakeun kagiatan wawancara, aya sawatara hal nu henteu perlu diestokeun, nyaeta…

a)

a. Muguhkeun informasi naon nu rek dikumpulkeun

b)

b. Nangtukeun saha nu rek diwawancara

c)

c. Nangtukeun iraha waktuna jeung dimana tempatna rek diayakeun wawancara

d)

d. Ngayagikeun keretas kosong jeung alat alat tulis

9.

9. Dina nyusun pedoman wawancara diperlukeun…

a)

a. Kalimah wawaran

b)

b. Kalimah pananya

c)

c. Kalimah parentah

d)

d. Kalimah panyeluk

10.

10. Istilah perdagangan anu hartina barang na sok dijual ka luar negeri nyaeta…

a)

a. Ekspor

b)

b. Impor

c)

c. Untung

d)

d. Rugi

11.

11. Ngajual dagangan meunang paleuleuwih disebutna …

a)

a. Elos

b)

b. Untung

c)

c. Rugi

d)

d. Emper

12.

12. Ngajual dagangan henteu menang bati disebut…

a)

a. Untung

b)

b. Rugi

c)

c. Elos

d)

d. Alus

13.

13. Istilah dina perdagangan anu hartina dagangan henteu payu disebutna…

a)

a. Ngeumbreuk

b)

b. Dadasar

c)

c. Rugi

d)

d. Toko

14.

14. Kecap – kecap di handap ieu anu teu kaasup tempat jualan, nyaeta..

a)

a. Toko

b)

b. Warung

c)

c. Saung

d)

d. Jongko

15.

15. Tempat para padagang ngayakeun jual beli nu maneuh disebutna…

a)

a. Warung

b)

b. Toko

c)

c. Pasar

d)

d. Elos

16.

16. Bi Enok keur … dagangannana nu rek dijual di pasar. Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah nyaeta…

a)

a. dadasar

b)

b. emper

c)

c. ngajual

d)

d. rugi

17.

17. Kecap bilangan 21 sok disebut oge …

a)

a. Salikur

b)

b. Sawidak

c)

c. Salosin

d)

d. Salawe

18.

18. Pangaosna ieu kaos mung salawe. Kecap salawe hartina …

a)

a. 12 bilangan

b)

b. 20 bilangan

c)

c. 22 bilangan

d)

d. 25 bilangan

19.

19. Mang Dadang mah sok icalan sendal, upami salosin pangaosna sok mirah. Salosin hartina jumlah… bilangan.

a)

a. 12

b)

b. 20

c)

c. 22

d)

d. 25

20.

20. “Bi Ita meser gula bereum... “kecap bilangan nu merenah pikeun ngalengkepan eta kalimah nyaeta…

a)

a. Lima juta jiwa

b)

b. Sakarung goni

c)

c. Dua gandu

d)

d. Sapapan

21.

21. Anu henteu kaasup kana kalimah bilangan, nyaeta…

a)

a. Sapatuna dua rampasan

b)

b. Dadan meuli buku tulis lima siki

c)

c. Rata – rata penteun rapotna dalapan

d)

d. Ahmad mah jangkung na sameter sapuluh

22.

22. Di handap ieu anu kaasup kana kalimah bilangan, nyaeta…

a)

a. Harga buku teh opat puluh rebu rupiah

b)

b. Mamah meuli jeruk dua kilo

c)

c. Rudi teh naek ka kelas genep

d)

d. Ded, nambut heula artos lima rebu rupiah

23.

23. Modal dagangna gede, ari nu dijual batina leutik. Eta kalimah teh mangrupa hartina tina paribasa …

a)

a. Dagang peda ka Cirebon.

b)

b. Dagang oncom rancatan emas

c)

c. Mata di jual ka peda

d)

d. Bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak

24.

24. Paribasa hade tata, hade basa ngandung harti…

a)

a. Hade goreng bebeja heula

b)

b. Alus rengkah polahna jeung budi basana

c)

c. Berita gancang nerekebna bari sok ditambahan

d)

d. Jalma anu rea pangalamanna

25.

25. Pikeun nuluykeun paribasa “legok tapak, ….. “, nyaeta….

a)

a. Rea luang

b)

b. Genteng kadek

c)

c. Jero kadek

d)

d. Rea pangabisa

26.

26. Hade ku omong, goreng ku omong, hartina …

a)

a. Hade goreng bebeja heula

b)

b. Hade goreng dulur sorangan

c)

c. Hade jeung goreng

d)

d. Pahade hade jeung paggoreng goreng

27.

27. Mata di jual ka peda, hartina …

a)

a. Malaweng nepi ka teu apal ka nu keur disanghareupan

b)

b. Jalma nu rea pangalamanna

c)

c. Jalma nu alus rengkah paripolahna

d)

d. Beja atawa berita gancang nerekebna bari sok ditambahan

28.

28. Comro singggetan tina …

a)

a. Oncom di jero

b)

b. Gula di jero

c)

c. Tahu di jero

d)

d. Cengek di jero

29.

29. Singgetan tina sebutan cilok nyaeta..

a)

a. Aci dicolok

b)

b. Toge jeung tahu

c)

c. Aci ngabarabay

d)

d. Gula di jero

30.

30. “Mang Udin mah sok icalan misro”, misro teh hiji kadaharan nu dijieun na tina …

a)

a. Sampeu jeung gula

b)

b. Tarigu jeung sayuran

c)

c. Sampeu jeung oncom

d)

d. Tahu jeung toge