wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN POEAN NOVEL

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Mantra anu dipapatkeun samemeh ngalalkonkeun carita pantun ku juru pantun, nyaeta....

a)

jampe

b)

ajian

c)

jangjawokan

d)

rajah

e)

singlar

2.

Karya rekaan/fiksi dina wangun prosa tur biasana ukuranna panjang, nyaéta …

a)

Biografi

b)

Wawacan

c)

Novel

d)

Pantun

e)

Carpon

3.

1) Umumna panjang, heuteu pondok kawas carpon

2) Galur caritana atawa plot ngarancabang (loba)

3) Midangkeun rupa-rupa tokoh (palaku), kajadian, sarta laluasa medar karakter tokohna.

4) Nyaritakeun kahirupan sapopoé

5) Caritana teu leuwih ti lima kaca

Tina pedaran di luhur, nu teu ka kaasup ciri-ciri novel nyaéta . . .

a)

1

b)

2, 3

c)

4

d)

3, 4

e)

5

4.

Hiji mangsa si dirun ngarasa dosa jeung hanjakal kanu jadi kolot lantaran manéhna sok ngabohongan waé kanu jadi kolot, pas manéhna kanyahoan judi ku kolotna sabab arloji anu paméré bapana di jual jeung duitna di paké judi, tah ku bapana ka nyahoan yén si dirun beuki judi, tidinya sidirun dicarékan bébéakan, terus manéhna janji ka kolotna yén manéhna moal bangor bangor deui. Ti harita si dirun jadi budak bageur tur soléh nu nurut ka kolot jeung jadi budak pinter.

Amanat nu hayang ditepikeun tina éta tingkesan téks novel, nyaéta …

a)

Kudu dicarékan heula, karék tobat

b)

Judi bisa jadi cukang hirup bener

c)

Tong ngajual jam kolot lamun rék judi

d)

Hirup kudu bageur, sholeh nurut ka kolot

e)

Dirun éraeun ku bapana, kusabab kapanggih judi

5.

….

Ku sabab dukun gagal, Si Lamsijan ngumbara ka mama yai, kiai anu daekeun nulungan, Si Lamsijan manéhna lain ku lantaran bogoh ku kageulisan si Amoy hungkul tapi hayang Si Amoy téh asup muslimah. Tapi Si Lamsijan kalah kawin ka Si Cepleu éta lantaran salah sasaran nu sarua goréng patutna. Indungna Si Lamsijan haténa kabeuli lantaran Si Cepleu rajin mantuan gawé sapopoé.

….

Tokoh utama anu kapanggih di luhur, nyaéta…

a)

Dukun

b)

Lamsijan

c)

Amoy

d)

Si Ceupleu

e)

Mama Yai

6.

Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Jalan carita sacara umum (bubuka, mimiti masalah, masalah muncer, ngarengsekeun masalah, pungkasan carita) disebut …

a)

Alur

b)

Latar

c)

Palaku

d)

Amanat

e)

Jejer

7.

Aom Usman anu eunggeus megatkeun Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen, tuluy Nyi Rapiah di wayuh, Aom Usman kawin deui jeung nu sadarajat jeung manéhna nyaéta Agan Suriningrat, lantaran kolot Aom Usman teu satuju lamun Aom Usman teu kawin jeung anu sadarajat. Ari si Ujang Kusen prustasi lantaran ninggali Nyi Rapiah dikawin ku Aom Usman, Ujang Kusen tidinya sok gunta-ganti pamajikan, lantaran ngarasa eweuh nu leuwih ti Nyi Rapiah, Ujang Kusen sok judi, mabok, pokonamah beda jeung Ujang Kusen basa jadi salaki Nyi Rapiah, ahirna Ujang Kusen dibuang ka Surabaya kusabab dituding maling duit, duit éta téh dipaké jang judi deui.

Tingkesan téks di luhur kaasup kana karya prosa rekaan. Novel nu munggaran medal di tatar Sunda, nyaéta …

a)

Srangéngé Surup Manten

b)

Baruang ka nu Ngarora

c)

Mantri Jero

d)

Béntang Lapang

e)

Arca

8.

Ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita (palaku utama, palaku kadua, palaku tambahan), disebut …

a)

Palaku

b)

Jejer

c)

Latar

d)

Amanat

e)

Katerangan

9.

Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu aya dina novel, disebut …

a)

Amanat

b)

Alur

c)

Jejer

d)

Latar

e)

Tokoh

10.

Ti dinya kusiwel Nyi Dampi nyokot potrét Aom Usman tina pésak baju; sor disodorkeun ka Nyi Rapiah, bari luak lieuk ka tukang bisi aya nu ngawaskeun. Ku Nyi Rapiah ditampanan bari imut, tuluy diilikan, didangdak-déngdék. Ngomong jero atina , “Emh, sok komo teuing buktina, potrétna sakieu kasépna, surup jadi putra ménak. Nya ieu lalaki nu matak ngagélokeun awéwé téh.”

….

Judul tingkesan novel di luhur, nyaéta …

a)

Potrét

b)

Manéhna

c)

Patepung di Bandung

d)

Pipisahan

e)

Pangantén

11.

(1) Mugiri

(2) Agan Permas

(3) Juragan Batik

(4) Laleur Bodas

(5) Carios Eulis Ecih

Nu ka asup novel karangan Joehana, nyaeta (iwal ti) ..

a)

1, 4

b)

2, 5

c)

3, 4

d)

1, 5

e)

2, 4

12.

Istilah novel asalna tina kecap novelus atawa novus nu hartina teh anyar, asalna tina basa ...

a)

Yunani

b)

Inggris

c)

Latin

d)

Sanskerta

e)

Jerman

13.

Buku novel munggaran (perdana) dina kasusastraan Sunda judulna nyaeta ...

a)

Baruang ka nu Ngarora

b)

Rusiah nu Goreng Patut

c)

Mantri Jero

d)

Gogoda ka nu Ngarora

e)

Panganten

14.

Ciri novel anu paling utama nyaeta ...

a)

Kaasup kana karya sastra fiksi realistis

b)

Diwangun ku unsur intrinsik jeung ekstrinsik

c)

Caritana panjang sarta kompleks

d)

Jumlah kecapna rata-rata 5.000 - 10.000 kecap

e)

Eusi caritana ngandung unsur pamohalan

15.

Runtuyan kajadian anu lumangsung ti awal carita nepi ka ahir carita dina novel disebut ...

a)

Amanat

b)

Setting

c)

Jejer

d)

Galur

e)

Point of view

16.

Palaku anu ngabogaan karakter goreng biasa disebut oge watek anu ...

a)

protagonis

b)

boga lakon

c)

tritagonis

d)

antagonis

e)

kepribadian ganda

17.

Jalan carita anu runtuy ti awal nepi ka ahir, biasana diwangun dina carita wangun narasi ngabogaan alur ...

a)

maju

b)

mundur

c)

bobok tengah

d)

flashback

e)

campuran

18.

Unsur intrinsik dina novel nu ngagambarkeun lingkungan (tempat, waktu, atawa suasana) nu ngadasaran lumangsungna hiji kajadian disebut ...

a)

jejer

b)

watek

c)

palaku

d)

galur

e)

latar

19.

Carita rekaan dina wangun lancaran sarta kaasup karya sampeuran, umumna panjang sarta galurna ngarancabang disebut ...

a)

sajak

b)

puisi

c)

fiksi mini

d)

novelet

e)

novel

20.

Pesen moral nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu macana ngaliwatan carita dina novel disebut ...

a)

kacindekan

b)

amanat

c)

tema

d)

resume

e)

ajen moral