WorksheetsSimulasi UM Bahasa Sunda
Total questions: 10
Worksheet time: 52mins
Umi : “Hallo, Assalamualaikum!, tiasa nyarios sareung Kinanti?”
Kinanti : “Waalaikumsalam, oh muhun ieu abi sareng Kinanti, punten dupi ieu sareng saha?”
Umi : “..................................................................................”
Kinanti : “Janteun atuh Umi, urang sasarengan we angakat ka Bandung na”
Kalimah anu merenah pikeun ngeusian paguneman dilihur nyaeta.......
“Maenya teu apal ieu kuring Umi, jadi moal ka Bandung teh?”
“Ieu Umi piraku teu apal, jadi moal ka Bandung teh?”
“Ieu Umi, janten moal ameng ka bandung teh?”
“Ieu Kinanti, janten moal ameng ka Bandung teh?”
Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah solat magrib
Estu kawajiban urang keur di dunya
Kanggo pibeukeuleun urang jaga di akherat
Dua puluh tujuh ganjaran nu berjamaah
Lamun sorangan hiji ge mun maca fatihah
Eusi pupujian diluhur nyaeta.....
ngajak berjamaah
kawajiban manusa keur di dunya
ngajak solat berjamaah
bekel jaga di akherat
“Kabupaten Lebak mibanda rupa-rupa potensi nu bisa kacida dimekarkeun. Eta teh kulantaran budaya
anu unik sarta kaeendahan alam na nu narik ati. Mimiti ti basisir, curug, gunung katut wisata argo.
Hal kitu the didugikeun ku Bapa Wakil Bupati Lebak. Dina biantaran basa muka pameran seni rupa anu
jejerna “Baduy On Cacnvas”, dina raraga ngareuah-reuah upacara adat Seba Baduy 201. Pa Wagub
ngajenan diayakeunana pameran seni rupa ku dewan kesenian Kabupaten Lebak.
(dicutat tina Sunda Midang 2017)
Naon anu jadi potensi wisata unggulan di Kabupaten Lebak teh…..
Cagar alam, gunung, basisir
Gunung, wisata agro, guha, basisir
Basisir, curug, gunung, wisata agro
Cagar alam, basisir, wisata agro, guha
Mun teu tulus ka paseukna,
Ka pancirna oge hade,
Mun teu tulus ka lanceukna,
Ka adina oge hade.
Dumasar kana wangunna sisindiran di luhur kaasup wanda….
paparikan
wawangsalan
rarakitan
tatarucingan
Kesenian jaipong ngarupakeun kesenian anu asalna ti Jawa Barat sanajan ayeuna the geus jadi
kesenian nasional. Lain bae urang sunda anu mikaresep jaipong the, tapi oge dipikaresep ku seler
bangsa sejen . ambahan kamekaranana jelas lewih lega, lain ngan ditatar sunda wungkul.
Malah, ceuk, beja, orang manca negara oge loba anu mika resep. Lamun seung ditaluntik geus
Loba sanggar seni jaipongan di mancanegara.
Popok pikiran dina sampelan artikel diluhur nyaeta
Kesenian jaipongan geus jadi bagian kabudayaan nasional
Kesenian jaipongan dipikaresep sakumna bnagsa
Kesenian jaipongan kudu dijaga sangkan tetep aya
Kesenian jaipongan geus sumebar ka mancanegara
Assalamualaikum Wr. Wb.,
Wilujeng enjing sadayana, bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat, sareng rerencangan
sadayana anu ku simkuring dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT, anu parantos
marengkeun urang sadayana dugi ka tiasa patepang dina ieu acara.
Alhamdulilah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
Ditinggali tina eusina teks diluhur mangrupakeun bagian biantara nyaeta….
salam
bubuka
kacindekan
panutup
Anu ngabedakeun biantara jeung hutbah nyaeta…..
Biantara sumberna tina media masa, hutbah mah tina hadis
Biantara ditepikeuna ku pejabat, hutbah mah ku ustad
Eusi biantara sifatna umum, hutbah maha aya patalina jeung kaagamaan
Biantara ditepikeun dina waku geus ditangtukeun, hutbah mah bisa iraha bae
Ditilik tina jlan carita na naon anu ngabedakeun novel jeung carpon….
Novel kurang rame batan carpon
Novel pondok batan carpon
Novel lewih rame batan carpon
Novel lewih Panjang batan carpon
Sing getol bae diajarna, Euis, geuning paribasa ge………… Kusoson-soson mah bakal kahont Anu dipimaksud teh
Paribasa anu merenah pikeun ngalengkeupan eta kalimah…
Adean ku kuda bereum
Hade tata hade basa
Lamun keyeng tangtu pareung
Lauk buruk milu mijah
Sang Prabu katénjo henteu bérag. Gék diuk, tuluy hulang-huleng, bangun keur boga kabingung
Gusti Prabu : Keur baluweng kaula téh, Paman Léngsér. Bingung
ku rupa-rupa pasualan.
Paman Léngsér : Pasualan naon téa, Gusti Prabu? (dicutat tina Pamekar Diajar Basa Sunda IX)
Dina cutatan dra diluhur, ungkara anu diketik condong kaasup kana bagean…..
epilog
prolog
dialog
monolog
