NEW
Font size
WorksheetsUlangan Harian Biantara
Total questions: 15
Worksheet time: 15mins
Solawat miwah salam mangga urang haturkeun ka jungjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW, ka para sohabatna, ka kulawarga, tug dugi ka urang salaku umatna.
Ungkara di luhur teh dina biantara kaasup kana bagean ....
panutup
doa
bubuka
eusi
Bilih aya kaceletot basa salami biantara, hapunten ka sadayana.
Ungkara di luhur teh biasana diomongkeun dina biantara minangka bagean ....
panutup
doa
bubuka
eusi
Nyarita di hareupeun balarea dina raraga nepikeun inpormasi atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur disebutna nyaeta ....
Khutbah Jumaah
Warta
Biantara
Pupujian
Ciri teknik biantara ku cara nyiapkeun naskah ukur point-point wungkul jeung sifatna dadakan disebut teknik ....
Impromptu
Ngapalkeun
Naskah
Ekstemporer
Basa nu digunakeun dina biantara ngagunakeun basa Sunda...
Kasar
Kasar-lemes
Loma-lemes
Lemes
Biantara dina raraga upacara Miéling poé kamerdékaan kaasup kana biantara wangun ....
Langsung
Resmi
Teu resmi
Ekstemporan
"Sim kuring ngadeg di ieu papanggungan kanggo ngadugikeun biantara dina raraga miéling poé kamerdékaan RI ka-73..."
Sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian ....
Mukadimah
Ngahaturkeun nuhun
Ngadadarkeun (menjelaskan) tujuan
Sanduk-sanduk
"Bapa Camat anu ku sim kuring dipihormat..."
kalimah di luhur kaasup kana biantara bagian ....
salam panghormat
salam pamuka
salam panutup
mukadimah
“mangga ah dikantun, bade ka rorompok heula.”
kecap rorompok sarua hartina jeung …
imah dulur
imah sorangan
imah guru
imah babaturan
Basa hormat atawa basa lemes digunakeun keur ...
Ka babaturan anu geus akrab
Sakahayang
Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,
Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)
Basa loma (kasar) digunakeun keur ...
Ka babaturan anu geus akrab
Sakahayang
Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,
Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)
Apakah bapak sudah makan? Kecap anu digaris handapan lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda nu lemes jadi
Dupi bapa geus tuang
Ari bapa tos emam?
Ari bapa geus dahar?
Dupi bapa tos tuang?
Selamat Datang. lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi
Wilujeung sumping
Wilujeng dongkap
Wilujéng sumping
Wilujeng Sumping
Kuring kakara balik ti sakola. Éta kalimah lamun dirobah jadi ragam basa hormat nya eta....
Abdi nembé wangsul ti sakola
Abdi kakara mulih ti sakola
Abdi nembé mulih ti sakola
Abdi nembé mulang ti sakola
