wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

bahasa sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Pentingna Prokes dina Pandemi Covid 19

Wilujeng énjing!

Puji syukur kasanggakeun ka gusti Nu Mahaasih, anu parantos masihan saniskara kani’matan ka urang sadaya dugi ka danget ieu. Urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok  di ieu tempat dina raraga miéling poé kaséhatan sadunya.

Dina kaayaan pandemi covid 19 urang kudu leuwih waspada. Urang kedah ngaraksa kana sagala tintad tanduk, di mimitian tina diri pribadi urang sorangan. Ayeuna urang kudu bisa prokes 5 M. 

Mugi ku dipiélingna ‘Poé Kaséhatan Sadunya’ jadi cukang lantaran ngémutan urang sadaya dina ngajaga kaséhatan diri. Urang kudu bisa hirup saluyu jeung kaayaan pandemi. 

Mung sakitu anu kapihatur, hapunten anu kasuhun.

Kalimat panutup dina pidato di luhur nyaéta ….

a)

assalamualaikum wr.wb.

b)

wilujeng énjing!

c)

Dina kaayaan pandemi

d)

Mung sakitu anu kapihatur, hapunten anu kasuhun.

2.

“ Lauk anu meunang meuleum téh dibaluran ku bungbu beunang ngaréndos ”

Pakakas anu sok dipaké pikeun ngaréndos bungbu nyaéta …

a)

boboko

b)

coet jeung mutu

c)

sééng

d)

langseng

3.

Kaulinan nu make kalang dina taneuh di buruan, caran lumpat ti hiji kalang ka kalang sején, terus balik deui ka tempat asal. Salila bulak balik ieu, teu meunang katoél atawa beunang kunu ngajaga kalang. Ieu kaulinan bisa keur budak awéwé atawa lalaki. Ngan lolobana mah keur barudak lalaki. 

Ngaran kaulinan nu dumasar kana wacana di luhur nyaéta ….

a)

sapintrong

b)

galah asin

c)

békel

d)

gatrik

4.

Cau ambon téh loba anu amis.

Kecap amis maké rarangkén (imbuhan)  tengah -ar-, jadi  amisan

aramis

kaamisan

amis pisan

a)

aramis

b)

kaamisan

c)

amis pisan

d)

aramisan

5.

Bu Mursih keur nyieun kueh odading.

Kalimah tadi diobah kana kalimah pasif, jadi....

a)

nyieun odading keur nyieun bu Mursih

b)

bu Mursih odading nyieun kueh odading

c)

kueh odading keur dijieun ku bu Mursih

d)

kueh odading bu Mursih nyieun

6.

Léptop mah teu matak riba mawana, kawantu cukup ku diasupkeun kana tas ukuran biasa, tur beuratna teu sabaraha.

Kecap riba dina kalimah diluhur ngandung harti….

a)

ngagandakeun duit

b)

ridu

c)

ngaréntenkeun duit

d)

gampang

7.

Kaulinan barudak nu teu maké alat, nyaéta ....

a)

béklen

b)

congkak

c)

éngklé

d)

oray-orayan

8.

“ Lamun urang ngarasa resep mah, goyobod téh bisa ditambahan make cangkaléng ( kolang-kaling) “

Cangkaléng asalna tina tangkal …. 

buah

kawung

kalapa

kalapa sawit

a)

buah

b)

kawung

c)

kalapa

d)

kalapa sawit

9.

Baca bacaan di handap ieu!

Gunung Bitu

Di urang mah loba gunung, gunungna loba nu aktif. Urang kudu waspada, henteu weléh ati-ati. Bisi ngadadak musibah, gunung bisa ngutahkeun seuneu. Daérah anu aya dina sisi gawir gunung, biasana sok pangparahna anu keuna kautahan gunung bitu. Urat gunung anu bitu aya gawir nu lungkawing, ngagerewong jadi kawah. Bisa katempo ti sisi, tur ngahasilkeun walirang sok dipake jang ubar kulit. 

Gunung bitu téh bisa ngajadikeun musibah ka urang, tapi aya salah sahiji walirang anu mangpaatna nyaeta ….

ngurangan déhidrasi 

ubar kulit

hiperténsi 

demam berdarah

a)

ngurangan déhidrasi 

b)

ubar kulit

c)

hiperténsi 

d)

demam berdarah

10.

Baca sing titén!

Sigana geus teu bireuk deui ka nu ngaran Asép Sunandar Sunarya ( almarhum ), utamana ka nu resep lalajo wayang. Boh dina radio atawa dina tivi, malahan dina kasét. Asép Sunandar Sunarya téh kaasup dalang ténar, kamashur ka awun-awun, kawentar ka janapria. Ieu dalang sohor téh lahir di Jelekong, Kabupaten Bandung, dina tanggal 5 Méi 1955. Wayang golék purwa, keur leutik mah ngaranna lain Asép Sunandar Sunarya, tapi Asép Sukana.

Dumasar kana bacaan di luhur, Asép Sunandar Sunarya téh mangrupa palaku seni mangrupa ….

rampayak

dalang

nayaga

sinden

a)

rampayak

b)

dalang

c)

nayaga

d)

sinden

11.

Baca potongan kawih di handap ieu, pikeun ngajawab nomer 18 jeung 19!

Tanah sunda

( Karya : mang Koko )

Tanah sunda gemah ripah

Nu ngumbara suka betah

Urang sunda sing towéksa

Nyangga darma anu nyata

Seuweu pajajaran

Muga tong kasmaran

Sing tulatén jeung rumaksa

Miara pakaya mémang sawajibna

Getén titén rumawat tanah pusaka

Jumlah padalisan dina paragraph kadua dumasar kana kawih diluhur aya .… 

a)

4

b)

5

c)

6

d)

7

12.

Baca Pupuh Maskumambang di handap ieu keur ngajawab soal nomer 15 nepi ka nomer 17!

Hé barudak kudu mikir ti leuleutik

Manéh kahutangan

Ku kolot barang ti lahir

Nepi ka ayeuna pisan

Kudu hormat ka sepuh ka kulawargi

Ulah lalawora

Lobakeun silaturahmi

Ka batur reujeung baraya

Dumasar kana pupuh di luhur, urang téh kudu ngalobakeun ….

a)

silaturahmi

b)

loba ulin

c)

getol ka sakola 

d)

sopan hadé deui

13.

“ Bapa kuring mah pagawéanana téh jadi pamayang ”

Pamayang téh nyaéta jalma nu pagawéanana tukang

a)

ngala lauk dilaut

b)

nyieunan parahu

c)

ngawelah parahu

d)

dagang lauk anu asalna ti laut

14.

Baca wawancara di handap ieu keur ngajawab soal nomer 5 – 6!

Hadi : “ wilujeng siang , Pa!”

Pa Mamat : “ Siang, Cép, Néng !”

Hadi : “Abdi sareng réréncangan aya kaperyogian ka Bapa!”

Pa Mamat : “Oh, sok atuh ka lalebet, ngarah nyalsè ngobrolna!”

Hadi : “Abdi sareng réréncangan dongkap kadieu badé wawancara sareng Bapa.

      Naha teu kaabotan?”

Pa Mamat : “Henteu, ngawawancara naon kitu?”

Hadi : “Èta Hoyong terang cara ngadamel kiripik sampeu!”

Rani : “Muhun pa, abdi sareng rèrèncangan hoyong terang asal usulna.”

Pa Mamat : “Kieu dongéngna mah barudak, Taun 1990 daérah ieu téh masih 

                            Mangrupa kebon sampeu. ku lantaran sampeu mah teu kuat lila, Ku 

                            bapa sampeuna dijieun kiripik. 

Rani : “Kumaha panghasilan tina usaha kiripik sampeu téh?Di pasarkeuna ka 

                            mana waé ?”

Pa Mamat : ”Nya lumayan baé,  bapa bisa nyakolakeun barudak. Dipasarkeuna ka 

                            Pasar Kranji, Bantar Gebang, Kali Baru.”

Tujuan Hadi ngawawancara Pa Hadi nyaéta  ....

lantaran sampeu teu kuat lila

bisa nyakolakeun barudak

sampeuna di jieun kiripik 

hoyong terang cara ngadamel kiripik sampeu

a)

lantaran sampeu teu kuat lila

b)

bisa nyakolakeun barudak

c)

sampeuna di jieun kiripik 

d)

hoyong terang cara ngadamel kiripik sampeu

15.

Gunung Bitu

Di urang mah loba gunung, gunungna loba nu aktif. Urang kudu waspada, henteu weléh ati-ati. Bisi ngadadak musibah, gunung bisa ngutahkeun seuneu. Daérah anu aya dina sisi gawir gunung, biasana sok pangparahna anu keuna kautahan gunung bitu. Urat gunung anu bitu aya gawir nu lungkawing, ngagerewong jadi kawah. Bisa katempo ti sisi, tur ngahasilkeun walirang sok dipake jang ubar kulit. 

Gunung bitu téh bisa ngajadikeun musibah ka urang, tapi aya salah sahiji walirang anu mangpaatna nyaeta ….

a)

ngurangan déhidrasi 

b)

ubar kulit

c)

hiperténsi 

d)

demam berdarah

16.

Zaman kiwari, geus loba mangrupa jajanan khas daerah Sunda anu geus kawentar kamanana. Salah sahijina nyaeta seblak. Seblak kiwari jadi kadaharan jalanan anu dipikaresep ku rupa-rupa golongan masarakat hususna di Pulo Jawa bagian kulon. Tren jajanan tradisional jeung padagang kaki lima, seblak bisa  disajikeun maké mangrupa-rupa toping. Seblak mekar jadi kadaharan modern jeung junun narik perhatian. Kadaharan nu teksturna kenyal ieu ngagaduhan rasa anu lada sareng nyegerkeun, sareng gaduh sababaraha variasi, boh dina rasa sareng bahan tambahan ogé kemasan penjualan.

Dumasar kana carita diluhur bahan – bahan jang nyieun seblak téh, nyaeta ….

a)

Kurupuk baseeuh

b)

Cireng

c)

Gula kinca

d)

Endog

e)

Mi kiriting

17.

Penyu héjo

Penyu téh nyaéta kuya laut. Nurutkeun para ilmuwan, penyu téh geus aya ti ahir jaman jura. Rek saumur jeung dinosaurus. Penyu jalu salilana hirup dilaut. Penyu bikang muru pasisir nyelang rék ngendog. Teu tulus ngendog mun kacaangan, kagandéngan, atawa ramé.

Penyu bikang teu bisa ngendog lamun  ....

a)

kacangaan

b)

ngahuleng

c)

kagandéngan

d)

kahulah

e)

ramé

18.

Naon anu lain kaasup kana pangaruh negatip tina handphone (HP), nyaeta ...

a)

anu deukeut jadi jauh

b)

poho kana tugasnu kudu dikerjakeun

c)

anteng kana gim (game) dina hp

d)

ningkatkeun kaimanan sareng ibadah urang

19.

Anu ditulis pangheulana dina ngeusian formulir nyaeta . . . .

a)

a. Tempat lahir

b)

b. Ngaran

c)

c. Alamat

d)

d. Tanggal lahir

20.

Alat pikeun ngahasilkeun hawa tiis sangkan teu hareudang nyaeta ...

a)
b)
c)
d)