wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

TRY OUT US Bahasa Sunda 2023

Total questions: 44

Worksheet time: 22mins

Name
Class
Date
1.

Kecap Drama asalna tina basa ....

a)

Inggris

b)

Yunani

c)

Arab

d)

India

2.

Kecap Drama asalna tina basa salah sahiji nagara. Disebutna teh dramoi nu ngabogaan harti ....

a)

sandiwara

b)

paguneman

c)

niru atawa niron-niron

d)

nyarita

3.

Harti tina drama nyaeta ....

a)

Sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran)

b)

Sastra dina wangun carita pondok di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan monolog

c)

Sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan monolog

d)

Sastra dina wangun carita pondok di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran)

4.

Ayana konflik atawa emosi nu husus disusun pikeun pertunjukan teater nyaeta ....

a)

pungsi drama

b)

galur

c)

ciri utama drama

d)

paguneman

5.

Omongan anu ditujukeun ka dirina sorangan disebut ....

a)

prolog

b)

epilog

c)

dialog

d)

monolog

6.

Runtuyan kajadian atawa peristiwa anu mangrupa sabab akibat disebutna ....

a)

tema

b)

galur

c)

dialog

d)

monolog

7.

Nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, kajadian, jeung lianna. biasana teh ukur saperluna pisan, henteu mangrupa gambaran anu wincik nyeta ....

a)

candraan

b)

prolog

c)

babak

d)

paguneman

8.

Saenyana, drama dina basa Sunda téh geus nyampak mangrupa téater rayat atawa sok disebut drama tradisional, antarana baé dina wangun pagelaran ....

a)

kacapi suling

b)

ketuk tilu

c)

sandiwara

d)

tanjidor

9.

Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut ....

a)

epilog

b)

dialog

c)

monolog

d)

prolog

10.

Wahyu Wibisana kagolong pangarang naskah drama anu kuat dina basa Sunda mah, sarta geus loba ngahasilkeun naskah drama anu dipanggungkeun salila taun 1960-an nepi ka taun 1990-an, antarana baé anu kawentar téh drama ....

a)

Siliwangi Maharaja Pajajaran

b)

Statsion Para Arwah

c)

Pasaran

d)

Tonggérét Banén

11.

Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh ....

a)

antagonis

b)

utama

c)

piguran

d)

aktor

12.

Titenan gambarna! Dina galur carita drama, lebah tanda tanya disebut ....

a)

eksposisi

b)

komplikasi

c)

anitklimaks

d)

klimaks

13.

Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut ....

a)

tragedi

b)

komedi

c)

sandiwara

d)

komedi-tragedi

14.

Conto drama tragédi kawentar anu ditulis ku dramawan Inggris anu kasohor, William Shakespeare, nyaéta ....

a)

Roméo jeung Juliét

b)

Rama jeung Sinta

c)

Tunangan

d)

Jas Hujan Pesenan

15.

Runtuyan struktur manggungkeun drama anu merenah nyaeta ....

a)

nyadiakeun naskah drama, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, manggung

b)

nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, nulis naskah, latihan, manggung

c)

manggung, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, nyusun naskah

d)

nyusun naskah, latihan, nangtukeun sutradara jeung aktor/aktris, latihan

16.

Drama Sunda anu dialog-dialogna diréka maké tembang atawa lagu siga opera di Eropa disebut ....

a)

gending karesmén

b)

tunil

c)

sandiwara rayat

d)

tarling

17.

Drama tradisinal anu séting panggungna ngagunakeun pakarangan terbuka, maké oncor nu ditancebkeun maké tihang awi, sarta waktu magelaran pamaénna bisa interaksi langsung jeung nu nongton disebut ....

a)

ubrug

b)

banjet

c)

sandiwara

d)

longsér

18.

Nu dimaksud jejer dina drama teh nyaeta ....

a)

ide poko carita

b)

rangkayan carita

c)

nerangkeun tempat

d)

amanat

19.

Bagian-bagian karangan dina hiji carita drama disebut ....

a)

jejer

b)

galur

c)

babak jeung adegan

d)

nerangkeun waktu

20.

Nerangkeun waktu, tempat jeung suasana di sebut ....

a)

galur

b)

tema

c)

latar

d)

amanat

21.

Pesen moral keur nu apresiasi drama atawa anu nonton drama disebut ....

a)

amanat

b)

jejer

c)

galur

d)

latar

22.

Aktris atawa aktor anu maenkeun peran naskah drama dina hiji pamentasan disebut ....

a)

galur

b)

palaku

c)

jejer

d)

amanat

23.

Jalma anu ngatur para palaku dini hiji pagelaran drama disebut ....

a)

latar

b)

sutradara

c)

palaku

d)

amanat

24.

Naskah drama anu judulna "Tukang Asahan", karya saha ....

a)

Taufik Faturahman

b)

Wahyu Wibisana

c)

Ajip Rosidi

d)

Yosep Iskandar

25.

Ajip Rosidi pernah nulis carita drama anu judulna ....

a)

Masyitoh

b)

Tukang Asahan

c)

Tonggeret Banen

d)

Sirung Pajajaran

26.

Kalimah langsung para palaku anu silih tempas dina drama teh disebut ....

a)

paguneman

b)

monolog

c)

epilog

d)

prolog

27.

Nerangkeun hiji carita akhir dina drama disebut ....

a)

monolog

b)

dialog

c)

prolog

d)

epilog

28.

Kalimah anu nuduhkan ucapan langsung, biasana mangrupa cutatan nu diwatesna ku lentong atawa tanda baca nyaeta...

a)

kalimah prolog

b)

kalimah teu langsung

c)

kalimah langsung

d)

kalimah candraan

29.

Kalimah nu nuduhkeun ucapan teu langsung, biasana tanpa nyutat deui kecap-kecap panyaturna, tapi diganti ku ungkara nu tangtu nyaeta ....

a)

kalimah langsung

b)

kalimah teu langsung

c)

drama

d)

pagelaran

30.

"Urang ka lapang olah raga ayeuna, yu!" ceuk Ajat.


Kalimah diluhur nyaeta mangrupa kalimah ....

a)

kalimah langsung

b)

kalimah teu langsung

c)

kalimah panyeluk

d)

kalimah salam

31.

Anggara nyarita ka babaturanna yen manehna tos piknik ka Pangandaran.


Kalimah diluhur mangrupa kalimah...

a)

kalimah langsung

b)

kalimah teu langsung

c)

kalimah panyeluk

d)

kalimah salam

32.

Tanda anu dipake pikeun ngahapit cutatan langsung tina omongan nyaeta ....

a)

tanda kekenteng

b)

tanda panyeluk

c)

tanda tanya

d)

tanda titik dua

33.

Ciri khas kalimah panyeluk nyaeta ngabogaan tanda baca panyeluk. Tanda baca panyeluk teh dilambangkeun ....

a)

?

b)

/

c)

!

d)

:

34.

Cing pangmeulikeun cengek ka warung


Tanda baca keur kalimah di luhur nyaeta ....

a)

?

b)

!

c)

:

d)

" ... "

35.

Di handap ieu nu mangrupakeun kecap panyeluk nyaeta, iwal ....

a)

aduh

b)

euleuh

c)

asyiiilkkk

d)

hayu

36.

30. Tuluykeun paribasa ieu: Caringcing pageuh kancing,

                                                         

a)

A. saringset pageuh iket 

b)

B. saringset pageuh iteuk 

c)

C. carindul siga ucing  

d)

D. carulang meni héjo

37.

Ungkara basa anu kejecapanna geus matok miboga harti injeuman disebut...

a)

A. Pakeman basa

b)

B. Bahasan

c)

C. Sisindiran

d)

D. Guguritan

38.

Babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeing pasipatan jelema disebut...

a)

A. Babasan

b)

B. Rakitan lantip

c)

C. Paribasa

d)

D. Cacandran

39.

Urang teh kudu hade kanu jadi indung, sabab induh teh sumber kamulyaan nu jadi anak. Ceuk paribasa oge…..

a)

Mipit kudu amit ngala kudu bebeja

b)

Mihape hayam ka heulang

c)

Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat

d)

Buruk-buruk papan jati

40.

Paribasa nyaeta........

a)

pakeman basa anu geus matok eusina

b)

sisindiran

c)

gundukan kecap anu geus matok eusina

d)

pantun

41.

panjang leungeun hartina.......

a)

loba ceurik

b)

babari katerap panyakit kulit

c)

sok pulang paling

d)

kurang kaera

42.

babasan tina sok babari katerap panyakit nyaeta....

a)

ipis biwir

b)

amis daging

c)

lesang kuras

d)

laer gado

43.

hejo tihang artina......

a)

tihangna warna hejo

b)

tanggal cau

c)

sok pundah-pindah

d)

neangan picilakaeun

44.

kacai jadi saleuwi.......

lengkepan paribasa di luhur...

a)

kadarat jadi cai

b)

kadarat saat

c)

kadarat jadi salebak

d)

kadarat sauyunan