Font size
WorksheetsBahasa Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 3hrs 35mins
Prak baca ku hidep sempalan pupujian di handap !
Anak adam di dunya anjeun ngumbara
hirup anjeun di dunya téh moal lila
anak adam umur anjeun téh ngurangan
saban poe saban peuting dicontangan
anak adam paeh anjeun téh nyorangan
cul anak salaki reujeung babandaan
Pupujian di luhur téh eusina mangrupa ….
do’a ka Pangeran
ajaran agama
pépéling
solawat ka nabi
Saban poé saban peuting dicontangan
Harti kecap dicontangan nyaéta .....
ditambahan
disumputkeun
diantepkeun
dikurangan
Asrida :Bibi mah boga budak téh hésé pisan dititahna .... kuled pisan !
Dhea :Saha Bi, Réstu ?
Asrida :Enya, gawéna sapopoéna téh ngan saré wé ... teu kaala pisan gawéna !
Dhea :Moal engké tos rada ageung mah panginten ....
Watek Réstu dina paguneman di luhur nya éta ....
gedé ambek
sok nitah waé
daékan
ngedul
Pa Asep : ”Min, geus dahar ?”
Yasmin : ” ....................................”.
ti énjing gé abdi mah teu acan neda
ti énjing gé abdi mah teu acan dahar
ti énjing gé abdi mah teu acan tuang.
ti énjing gé abdi mah teu acan nyatu.
Conto kalimah ménta idin nu cocog, nya éta ....
Bapa, abdi isukan moal sakola, lantaran rék milu ka Bapa ka Bandung.
Bapa, kuring téh rék ka Bandung, ku kituna kuring nyuhunkeun widi, nya !
Bapa, isuk urang moal sakola. Idin nya, Pa ?
dinten énjing moal tiasa lebet ka sakola.
Jejer caritaan diluhur nya éta....
oray sanca nu paéh
Si Loréng
asal-asul kampung Panyalahan
patani nu ambek
Latar suasana nu aya dina dongéng di luhur nya éta...
hariwang
hanjakal
bungah
keueung
Dumasar kana jalan caritana, dongeng di luhur kaasup kana jenis dongéng ...
fabel
parabel
Mite
sasakala
Amanat tina dongéng di luhur nya éta ....
kudu boga pamajikan
kudu asak pipikiran ulah ngagugu nafsu
kudu daék ngingu maung
kudu daék ngurus budak
Titenan aksara Sunda. Mangrupa kecap nu hartina ….
iraha
di mana
kamarana
ka saha
Aksara Sunda di luhur ngaran parabot dapur nya éta .....
cangkir
kompor
piring
boboko
………………………
……………………………
kabogoh direbut batur
nyerina kabina-bina
Cangkang nu cocog pikeun paparikan di luhur nya éta ….
ka Cibogo mawa katél
ka Cibulan mawa haur
ka Cibogo ka Cisempur
meri diparaban kina
ka Cibogo ka Cidamar
balikna meuli seblak
ngala bogo ka Rajapolah
jalanna téh nanjak mudun
Conto sisindiran wangun rarakitan nya éta ….
Poé Saptu poé Kemis
poéKemis jeung Juma’ah
itu saha nu muril kumis
kumisna panjang sabeulah
Dalima di sisi cangkring
buahna téh anggarésol jelema hareupeun kuring bujalna katara dosol
Hayang baju lima warna mawa tangkal awi tali
hayang siga panggagahna
hanjakalna tara mandi
Jauh-jauh ngala awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun
Meuleum manggu tengah poé
dicokélan kayu api
malem minggu ninggang sué
diapélan ku aki-aki
Sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran nu sifatna ….
piwuruk
sésébréd
silih asih
pangajak
Alat ngitung dipencétan
Imah gedé tapi kotor
(wangsalna ……)
komputer
kalkulator
HP
mesin tik
Tempat mun urang nulis
…………………………
( wangsalna : buku )
ulah ngayerikeun haté
pikir bati sumoréang
gurudug datang pandeuri
kuring keur motongan kuku
Di Madrasah Tsanawiyah
abdi milari pangarti
seja nyiar pangabisa
sangkan jadi jalma ngarti
tarapati jeung gumati
satuhu milari élmu
muga diri mangpaat
babakti anu sajati
keur kulawarga agama ogé bangsa
Rumpaka di luhur diwangun dina pupuh ….
Balakbak
kinanti
dangdanggula
sinom
Jejer pedaran dina pupuh di luhur ngeunaan ….
harta banda
pakarang
perang
nyiar élmu
Patokan pupuh di luhur nya éta….
8a, 8o, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8u, 12a
8e, 8a, 8i, 8i, 7a, 8u, 7a, 8i, 12a
8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a
8a, 9i, 8u, 8i, 8i, 8u, 7a, 8i, 10a
Amanat nu rék ditepikeun dina guguritan di luhur nya éta….
kudu hormat ka indung jeung ka bapa
loba dulur téh tétéla matak bungah
sing bener néangan elmu sangkan mangpaat keur kahirupan
néangan elmu kudu geus kolot
Perenahna di Désa Néglasari, Kacamatan Salawu Kabupatén Tasikmalaya. Taneuhna landeuh tur subur. Wates kulon leuweung karamat, lantaran di leuweung karamat tempat makam luluhur Kampung Naga. Beulah kalér jeung wétaneunana diwatesanan ku walungan Ciwulan.
Jejer nu dipedar dina wacana di luhur, nya éta ….
Kampung adat Naga
Kampung adat Kuta
Kampung adat Pulo
Kampung adat Baduy
Ciri has Kampung Naga nu ngabédakeun jeung kampung umumna, nya éta ....
masarakat Kampung Naga ngagem agama Islam,tur pengkuh kana aturan adat-istiadat jeung kapercayaan karuhunna.
masarakat Kampung Naga ngagem agama Islam, tur ngabogaan leuweung karamat nu teu dipiboga ku kampung séjénna
masarakat Kampung Naga ngagem agama Islam, lemburna Kampung Naga ayana di hiji lengkob nu diapit ku leuweung jeung walungan Ciwulan
masarakat Kampung Naga ngagem agama Islam, tapi ngabogaan kalénder sorangan.
Nurutkeun kapercayaan masarakat Kampung Naga, ku cara ngajalankeun adat- istiadat warisan karuhun hartina ngahormat ka para karuhunna. Sagala hal nu datangna lain tina ajaran karuhun Kampung Naga, atawa sagala rupa anu henteu dipigawé ku para karuhunna, dianggap pamali.
Informasi tina wacana di luhur ngébréhkeun ….
loba masarakat Kampung Naga nu ngalanggar adat, ka luar di éta kampung
ngahormat tur ngalaksanakeun warisan adat karuhun hartina ngajénan ka para luluhur jeung ngalaksanakeun naon-naon nu geus dilaksanakeun ku karuhun, lamun dilanggar bakal aya mamalana
lamun hayang jadi bagian tina masarakat Kampung Naga, hartina kudu aya garis katurunan ti luluhur Kampung Naga.
ieu adat téh kacida beuratna keur masarakat luar kampung Naga mah, ngan keur urang Kampung Naga soragan geus jadi kabiasaan sapopoé
Tanggapan urang kana adat istiadat kampung Naga, saupama urang ngajugjug ka Kampung Naga, nya éta ….
keun baé teu patuh ogé kana aturan Kampung Naga, lantaran urang mah lain penduduk kampung Naga.
ngajénan kana adat istiadat urang Kampung Naga, ku cara henteu ngarempag kana aturan masarakat Kampung Naga.
ngaganti aturan masarakat Kampung Naga sangkan saluyu jeung aturan kampung-kampung liana.
ngalaksanakeun kawajiban adat saperti masarakat Kampung Naga sok sanajan urang ukur tamu di kampung Naga.
1) Ku cara ngajalankeun adat- istiadat warisan karuhun hartina ngahormat ka para karuhunna.
2) Sagala hal nu datangna lain tina ajaran karuhun Kampung Naga, atawa sagala rupa anu henteu dipigawé ku para karuhunna, dianggap pamali
3) Lamun adat dilaksanakeun ku anggota masarakat Kampung Naga, hartina manéhna geus ngalanggar tur henteu ngajénan tur ngahormat ka para karuhunna.
4) Lamun ngalanggar kana adat, pasti bakal aya kajadian nu teu dipiharep.
Ungkara anu henteu saluyu jeung aturan adat Kampung Naga, nya éta ....
A. 1
B. 2
C. 3
D. 4
Mangrupa pantangan nu lumaku di Kampung Dukuh, iwal …
dagang kadaharan hasil masak sorangan
jadi pagawe negeri
miara sasatoan nu sukuna opat
dahar sangu
Nu kaasup kampung adat Sunda, kaunggel di handap ieu, iwal …….
Kampung Cireundeu Kota Cimahi
Kampung Naga Tasikmalaya
Kampung Pulo Garut
Kampung Rambutan Jakarta
Ilikan gambar suhunan di handap ieu !
Ngaran suhunan imah di luhur disebut ….
jolopong
badak heuay
parahu kumereb
tagog anjing
Sapoe – halodo – ku – lantis – sataun – hujan
Lamun disusun jadi paribasa nu merenah nya éta ….
halodo sapoe lantis ku hujan sataun
sataun hujan lantis ku halodo sapoé
halodo sataun lantis ku hujan sapoe
sataun lantis ku hujan sapoe halodo
Kalimah anu eusina naséhat sangkan urang ulah nepikeun ka nyebarkeun kagorengan batur, aya dina kalimah …
kitu deui enggoning hirup di masarakat téh kudu hadé gogog hadé tagog
mihapé dina omongan enggoning campur gaul jeung papada, ngadék sacékna nilas saplasna, leuleus jeujeur liat tali dina sagala hal
hirup jeung dulur ulah nepi ka pagiri –giri calik pagirang – girang tampian
mugia hidep ka acai jadi jadi salebak saleuwi ka darat
“Tara ngomong ari teu penting-penting teuing mah” luyu kana babasan…
amis budi
bodo alewoh
ipis biwir
carang takol
“Kudu sagala daek, boh kana gawe kasar boh kana gawe lemes” luyu kana paribasa…
ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
pardu kasambut sunat kalampah
kudu bisa ka bala ka balé
agul ku payung butut
Mangrupa conto gaya basa mijalma aya dina kalimah …..
Harga cabé kiwari beuki apung-apungan
Bu, permios badé ka pengker heula
Poé Rebo Ramzi jeung Ali Tajul rek lalajo maung Bandung
Bentang di langit tingkariceup
1. Nu ngageugeuh legok kiara
2. Babalik pikir
3. Patepung di Bandung
4. Bentang pasantren
Mangrupa novel Sunda karangan Taufik Paturohman
A.1
B. 2
C.3
D.4
Hiji mangsa Si Dirun ngarasa dosa jeung hanjakal kanu jadi kolot lantaran manéhna sok ngabohongan waé kanu jadi kolot, arloji anu paméré bapana di jual jeung duitna di paké judi, ku bapana kanyahoan. Si Dirun dicarékan bébéakan. Ahirna, manéhna janji ka kolotna yén manéhna moal bangor bangor deui. Ti harita Si Dirun jadi budak bageur soléh, nurut ka kolot, tur geus jadi budak pinter
Eusi novel di luhur nyaritakeun ....
palaku jadi peran protagonis
suasana nu pikagumbiraeun
babalik pikirna tokoh utama
hiji bapa nyalametkeun budakna
Pek téangan eusi wawangsalan di handap !
a. Kadaharan sapopoé
guru ngomong kudu didangu wangsalna …….
b.Barang nu dipaké dina suku
hayang bisa tapi teu kedal wangsalna ……..
Tulis guru lagu jeung guru wilangan pupuh kinanti !
Jieun masing-masing 2 conto sisindirann wangun rarakitan jeung paparikan nu eusina piwuruk !
Sebutkeun 2 conto judul novel Sunda jeung pangarangna !
Jéntrékeun nu dimaksud sutradara jeung skenario dina drama!
