Font size
Worksheetslatihan US Sunda
Total questions: 75
Worksheet time: 56mins
Budaya daérah nu mangaruhan puisi pupujian nya éta ...
Melayu
Jepang
Belanda
Arab
Ditingali tina eusina, mangka puisi pupujian teu leupas tina pendidikan ...
Kasenian
Kaagamaan
Olahraga
Organisasi
Jumlah padalisan (baris) tiap pada (bait) dina pupujian nya éta...
Dua
Tilu
Opat
Lima
Cara nepikeun pupujian nya éta ...
Dibaca laun (pelan)
Ditalar (dihapal)
Dibaca bedas (keras)
Dilagukeun
Conto kalimah pangharepan nya éta ...
Mugia urang sadaya aya dina kaayaan sehat wal'afiat!
Burukeun angkat laukna!
Ulah diuk deukeut panto!
Entong ngaheureuyan budak waé atuh!
Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta...
Bagian carita anu kaharti ku akal
Bagian carita anu logis
Bagian carita anu teu kaharti ku akal
Bagian carita anu nyaan
Ieu di handap kaasup kana conto dongeng sasakala nyaeta . . . .
Dongeng Si Kabayan teh kaasup kana jenis dongeng . . . .
Fabel
Parabel
Sasakala
Sage
Dumasar gambar, dongeng di luhur kaasup kana wanda dongeng...
Fabel
Farabel
Sasakala
Mite
Judul anu merenah pikeun judul dongeng di luhur, nya eta...
Si Kabayan Ngala Tutut
Si Kabayan Ngala apel
Si Kabayan Ngala jeruk
Si Kabayan Ngala Nangka
Tokoh dongeng komedi anu kasohor di Sunda nya eta...
Si Joko
Si Kabayan
Si Ilham
Si Mamat
Ari anu dimaksud kakawihan nyaeta ...
Lalaguan
Kaulinan
Pantun
Ari anu dimaksud kakawihan nyaeta ...
Lalaguan
Kaulinan
Pantun
Kakawihan teh sok dikaitkeun jeung ...
Pupuh
Kaulinan barudak
Puisi
Dihandap ieu anu kaasup conto kakawihan nyaeta . . .
Ayang-ayang gung
Pelangi-pelangi
Ampar-ampar pisang
Ngaran kakawihan anu sesuai jeung gambar nyaeta...
Cingciripit
Cingcangkeling
Oray-orayan
Ayang-ayang gung goongna rame.Judul lirik eta kakawihan nyaeta...
Cingciripit
Oray-orayan
Ayang-ayang gung
Ngaran kakawihan anu aya dina gambar nyaeta ...
Ayang-ayang gung
Cingciripit
Oray-Orayan
Naon ngaran kadaharan nu aya dina gambar
Peuyeum
Tahu sumedang
Colenak
Tahu lembang
Ngaran kadaharan dina gambar nyaeta ...
Kembang goyang
Saroja
Kue gipang
Kue sabtu
Guneman teh mangrupa salah sahiji wangun...
asimilasi
birokrasi
inpormasi
komunikasi
transportasi
Paguneman tèh dilakukeun ku ...
Saurang bari sorana takih
Saurang bari sorana laun (pelan)
Duaan atawa leuwihan ngomongna saurang-saurang gantian
Duaan tapi nu ngomong saurang
Santi : "Nepangkeun nami abdi Santi. Kumaha damang?"
Eusi : "_____________________"
Pikeun nyalengkeupan paguneman di luhur nyaèta
cageur
gering
saè pangèstu
wilujeng
Nu kaasup huruf Vokal dina Basa Sunda nyaèta ...
è, a, i, u, o
a, i, u, eu, o
è, a, u, i, o, eu
u, a, i, è, o, eu, e
Kecap anu ngandung vokal è nu hartina kalah dina Bahasa Indonesia aya dina kecap ...
èlèh
euleuh
eleuh
eleh
Baca paguneman ieu di handap !
Suci : "Ris, kumaha saratna ngajukeun beasiswa prestasi teh?"
Aris : "aya tilu sarat."
Suci : "naon wae, ris?"
Aris : "saratna, peunteun rapot rata-rata 80, kungsi jadi pinunjul pasanggiri dibuktikeun ku piala atawa sertifikat, jeung diidinan ku kolot, dibuktikeun ku surat idin."
Suci : "oh,kitu. Aris rek ngajukeun beasiswa?"
Aris : "nya arek atuh, sugan we di tarima, ari Suci?"
Suci : " abdi ge arek atuh. Bareng nya, Ris, ngajukeun na."
Aris : "hayu."
Naon jejer paguneman di luhur teh?
Ngajukeun beasiswa prestasi
Peunteun rapot alus
Ngajukeun sertifikat pasanggiri
Idin miluan pasanggiri
Baca cutatan dongéng ieu pikeun ngajawab soal nomer 9 jeung 10!
Usum katiga kawilang panjang, panon poé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun, peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta. Geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang. Leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna, ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung Ieu geuning hakaneun aing téh, ceuk ajag. Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik! pokna deui bari angger babaung.
Kaasup kana jenis dongéng naon cutatan di luhur?
babad
sasakala
fabel
parabel
Sasangkala Tangkuban Parahu kasohor nyaritakeun kasaktian .....
Malin Kundang
Jaka Tarub
Sangkuriang
Gatot Kaca
Kalimah nu merenah ngagunakeun tata basa ragam hormat, nyaeta .......
Pa guru angkat ka sakola.
Pa Jaja nuju dahar di Kantin.
Bu Lala arek meuli beas.
Ema nuju neda di dapur.
kuring indit ka sakola
antonim kecap indit nyaeta...
angkat
balik
mios
cicing
kalimah pananya "Iraha Bapa sumping ti Surabaya?" dipake pikeun nanyakeun ....
tempat
waktu
jalma
jumlah
antonim ti kata ageung nyaeta....
abdi
anjeun
alit
angkat
antonim ti kecap enjing nyaeta...
ayeuna
isuk
baheula
kamari
antonim ti kecap mios nyaeta...
datang
wangsul
angkat
indit
Sajak asup kana karangan dina wangun......
Ugeran
pupuh
pupujian
mantra
Anu kaasup ugeran dina sajak, iwal ti.....
Diksi
Wirahma
Guru Lagu
Purwakanti
Genre anu sarua jeung sajak....
pupuh
wawangsalan
sisindiran
paparikan
Dina badra Ambu nitipkeun caang
bisi Enung kapoekan
Dina surya Ambu nitipkeun daya
bisi Enung kalempohan
Dina geni Ambu nitipkeun panas
bisi Enung kabulusan
Dina angin Ambu nitipkeun hiliwir
bisi Enung bayeungyang
Dina cai Ambu nitipkeun keclak
bisi Enung hanaang
Dina lemah Ambu nitipkeun panceg
bisi Enung kalinduan
Dina hate Ambu nitipkeun yakin
Enung dina karahayuan
:Mugya
Diksi "Hanaang" dina baris ka-10 ngandung harti....
Tiris
Sieun
Haus
Hareudang
Bayeungyang
Dina badra Ambu nitipkeun caang
bisi Enung kapoekan
Dina surya Ambu nitipkeun daya
bisi Enung kalempohan
Dina geni Ambu nitipkeun panas
bisi Enung kabulusan
Dina angin Ambu nitipkeun hiliwir
bisi Enung bayeungyang
Dina cai Ambu nitipkeun keclak
bisi Enung hanaang
Dina lemah Ambu nitipkeun panceg
bisi Enung kalinduan
Dina hate Ambu nitipkeun yakin
Enung dina karahayuan
:Mugya
Diksi "Bayeungyang" dina baris ka-8 ngandung harti....
Hareudang
Hanaang
Haus
Lapar
Tiris
Baca penggalan pupuh ieu di handap.
Utamana jalma kudu rea batur
keur silih tulungan
silih titipkeun nya diri
budi akal lantaran ti pada jalma
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nyaeta ....
12u - 61- 8i - 12a
12i - 12u - 81 - 8u
12a - 8i - 6a - 12u
9a - 8i - 7a - 12a
Baca penggalan pupuh ieu di handap.
Utamana jalma kudu rea batur
keur silih tulungan
silih titipkeun nya diri
budi akal lantaran ti pada jalma
Dumasar pupuh di luhur, kunaon pangna jalma kudu rea batur?
sangkan bisa silih tulungan jeung kulawarga
sangkan bisa silih asah, silih asih, silih asuh jeung kulawarga
sangkan bisa silih titipkeun diri tur silih tulungan jeung pada jalma
sangkan dipikanyaah ku guru, ku kolot, jeung babaturan
Pupuh pucung ngabogaan sipat ....
ngagambarkeun kaprihatinan atawa pinalangsaeun
ngagambarkeun pikaseurieun atawa banyol
ngagambarkeun piwuruk, wawaran, atawa kakaget
ngagambaekeun laku tamba kesel jeung pangangguran
Dangganggula kaasup kana pupuh ....
sekar alit
sekar ageung
anggana sekar
rampak sekar
Di handap ieu kaasup kana pupuh sekar alit, iwal ....
Balakbak
Ladrang
Durma
Sinom
Sora vokal dina kecap panungtung tiap padalisan disebut ....
guru wiletan
guru wilangan
guru swara
guru lagu
Jumlah lobana engang (suku kata) dina unggal padalisan disebut ....
guru wiletan
guru wilangan
guru swara
guru lagu
Jumlah pupuh sadayana nyaeta....
15
16
17
Watek pupuh magatru nyaeta . . . .
papatah
gumbira
kasedih
cinta kasih
Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nya eta :
miara kabersihan lingkungan
ngalaksanakeun bakti sosial
milih pergaulan nu sehat
papisah lain hartina megatkeun silaturahmi
...
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….
Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :
bubuka biantara
panutup biantara
eusi bianta
mamanis biantara
Bagian-bagian dina biantara aya tilu, nya eta saperti ieu di handap, iwal
eusi
panutup
bubuka
salam panutup
……...
Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….
ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
mamanis biantara
1) ngucapkeun salam
2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) ngucapkeun sukur ka allah
4) medar tema nu rek ditepikeun
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...
1-2-3
2-3-4
1-3-5
3-4-5
Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara, diantarana saperti ieu dihandap iwal….
nutup materi nu ditepikeun
nghaturkeun nuhun ka na perhatian nu hadir
medar topik/tema biantara
mere salam panutup
Sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang keur biantara/pidato, iwal…...
Sikep tenang jeung wajar ulah di jieun-jieun
Eusi/ materi biantara kudu luyu jeng acara nu keur dilaksanakeun
Tagog/penampilan kudu gaya
Merhatikeun waktu nu disadiakeun ku panata acara
1) ngadadak (Impromtu)
2) maca naskah ( manuskrip )
3) ngapalkeun teks ( memory teks )
4) nyatet nu penting - pentingna wungkul (extemporan )
nu kaasup kana Teknik biantara, nyaeta…...
1
2
3
kabehanna bener
…….
Hadirin anu dipihormat, aya sawatara hal nu kudu disiapkeun ku urang sadayana dina mayunan ujian ieu, diantara urang kudu pinter ngatur waktu pikeun diajar, ulah loba teuing ulin, kudu ngalobakeun maca di perpustakaan, sing mindeng diskusi ngeunaan pelajaran jeung babaturan…..
Ungkara kalimah diluhur mang rupa conto bagian…..
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
harepan biantara
Kauntungan saupama urang biantara ngagunakeun teks, diantarana nyaeta…..
Urang bisa leuwih percaya diri dihareupeun hadirin nu hadir
Urang kudu mikirkeun materi nu rek ditepikeun
Urang tampil sangakan ka puji ku batur
Urang moal salah macakeun teks biantara
Jalma nu ahli biantara disebut …..
orator
hotib
operator
proklamator
Sawatara hal di handap ieu nyaeta fungsi biantara, iwal….
Ngalancarkeun komunikasi
Media komunikasi organisasi
Nyiptakeun suasana kondusif jeung hubungan nu harmonis
Nembongkeun nu kaparigeulan nu biantara
Sawatara hal ieu dihandap nyaeta mang rupa tujuan biantara, iwal….
Mangaruhan pamiarsa ( audience )
mere informasi
mere pikabungaheun kanu sejen
alat pikeun komunikasi
Tatakrama ngagunakeun basa sunda dibagi 2 nyaeta….
Basa lemes jeng basa loma
Basa kasar jeng basa lemes
Basa lemes jeng basa cohag
Basa lemes jeng basa hormat
Dinten enjing mah abdi bade......kasakola teh tabuh 06.00
Angkat
Indit
Mios
Jengkar
Dupi …. na Ibu Asti teh dijalan naon nya?
Rorompok
Gogobrog
Bumi
Saung
1) biantara bubuka
2) biantara pengarahan/pituduh
3) biantara sambutan
4) biantara peresmian
5) biantara laporan
6) biantara pertanggung jawaban
Sawatara hal diluhur nyaeta mangrupa ……...biantara.
Sifat Biantara
Fungsi Biantara
Tujuan Biantara
Wangenan Biantara
1) Miboga tujuan
2) eusina ngandung bebeneran
3) cara nepikeunana disaluyukeun jeng pamiarsa/audience
4) nyiptakeun suasana efektif jeng pamiarsa/ audience
5) cara nepikeunana jelas serta matak ngirut
6) nggunakeun intonasi, artikulasi sarta volume sora nu jelas.
sawatara hal diluhur nyaeta mangrupa…...biantara
sifat biantara
Tujuan biantara
ciri-ciri biantara
fungsi biantara
Punten bu abdi bade…...buku dipiwarang ku ibu andi.
Nyandak
Ngabantun
nyokot
mawa
Tabuh sabaraha anjeun….. ti sakola?
Balik
Wangsul
mulih
uih
kadaharan naon ieu?
burayot
ali agreum
gemblong
tahu lonjong
Hui Cilembu, mangrupa kadaharan has wewengkon?
Rancaekek
Bandung
Sumedang
Garut
Tahu gejrot, mangupa kadaharan has wewengkon?
Tasikmalaya
Bandung
Indramayu
Cirebon
antonim ti kecap seueur nyaeta...
sakedik
loba
saur
sekedar
antonim ti kecap tipayun nyaeta...
tihareup
tipeungkeur
titukang
tibaledog
antonim ti kecap sae nyaeta...
atos
mahal
alus
awon
antonim ti kecap pendek nyaeta...
alit
jangkung
acan
gugah
