NEW
Font size
WorksheetsEVALUASI CARITA BABAD
Total questions: 13
Worksheet time: 20mins
Wanda carita fiksi anu ngandung ajen sajarah atawa patali jeung sajarah disebut carita...
Pabel
Parable
Babad
Legenda
Mitos
Bagian babad anu eusina nyaritakeun lalakon ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, jeung konflik disebut …. carita babad.
kolopon
alopon
manggalasastra
eusi
panutup
Ieu di handap mangrupa alesan babad teu bisa dijadikeun sumber sajarah nu utama, iwal ti …
babad teh sabangsa sajarah anu henteu teges hostorina.
henteu beunang dicekel deleg dokumentasina
palaku jeung tempat kajadian aya dina sajarah
sakapeung carita babad ngandung hal-hal anu teu asup akal
eusina sok dibauran ku legenda, mitos, atawa fabel
Dina struktur carita atawa unsur dina carita babad aya nu disebut jejer. Jejer nya eta …
Tokoh carita nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita
Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang
Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita
Nyoko kana cara pangarang nyaritakeun palaku dina carita, ngajelaskeun jalma kahiji jeung katilu
Puseur implengan pangarang ngeunaan eusi carita
Ieu di handap mangrupa runtuyan carita babad dina wangun wawacan anu paling bener nyaéta....
manggalasastra-alofon-kolopon
alopon-eusi-kolopon
alopon-manggalasastra-kolopon
kolopon-alopon-manggalasastra
kolopon-eusi-alopon
Baca téks ieu di handap!
Titimangsa tamat abi nulis,
Nuju pasaran pon,
Kaleresan siang poé senén,
Sasih Juli ping sapuluh yakin,
Salapan ratus murni,
Sareng lima estu
Sempalan babad wangun wawacan ieu di luhur kaasup kana bagian....
manggalasastra
alopon
eusi
kolopon
bubuka
Carita babad nu ditulis dina wangun puisi mangrupa....
sajak
kawih
mantra
wawacan
dongeng
Ieu di handap mangrupa runtuyan galur dina carita babad …
Manggalasastra – Muncul masalah – Masalah muncer – Ngarengsekeun masalah – Pungkasan carita
Manggalasastra – Muncul masalah – Masalah muncer – Pungkasan carita - Ngarengsekeun masalah
Manggalasastra – Muncul masalah – Ngarengsekeun masalah – Pungkasan carita - Masalah muncer
Manggalasastra – Masalah muncer - Muncul masalah – Ngarengsekeun masalah – Pungkasan carita
Muncul masalah – Masalah muncer – Ngarengsekeun masalah – Pungkasan carita – Manggalasastra
Kecap babad asalna tina bahasa Jawa nu hartina …
muka gedong anyar
muka lahan anyar
muka carita anyar
muka kebon anyar
muka sawah anyar
Baca jeung tengetan!
(1) Nyatet gagasan utama.
(2) Maca deui kotrétan ringkesan bari dibebener deui upama aya kasalahan.
(3) Nuliskeun deui carita babad.
(4) Maca naskah asli carita babad.
Lengkah-lengkah nyieun ringkesan anu paling bener nyaeta....
(1)-(2)-(3)-(4)
(1)-(3)-(4)-(2)
(2)-(3)-(1)-(4)
(4)-(1)-(2)-(3)
(4)-(1)-(3)-(2)
Baca sempalan babad ieu di handap!
(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.
Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah....
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
Baca sempalan carita babad ieu di handap!
Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding ngaranna Prabu Kian Santang. Prabu Kian Santang dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Gagak Lumayung.
Dumasar kana sempalan carita babad di luhur, Anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....
Prabu Siliwangi
Prabu Kian Santang
Gagak Lumayung
Bagus Daka
Garantang Sétra
Baca sempalan babad ieu di handap!
Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.” Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada.
Watek Prabu Hayam Wuruk anu kagambar dina carita di luhur nyaéta....
teu boga pamadegan
gedé hulu
daréhdéh
handap asor
wijaksana
