WorksheetsBasa sunda
Total questions: 30
Worksheet time: 23mins
Penca jadi alat dina ngabeungkeut rasa duduluran sangkan guyub di Nusantara.Harti kecap guyub nyaeta....
Hartina guyub nyaeta..
lawan
tempur
wawuh
akur
kamari zidan jalan-jalan ka jl. sudirman make mobilna rafi
Kalimah diluhur lamun ngagunakeun huruf anu bener kuduna...
Kamari zidan jalan-jalan ka jl. sudirman make mobilna Rafi.
Kamari Zidan jalan-jalan ka Jl. Sudirman make mobilna Rafi.
Kamari Zidan jalan-jalan ka JL. Sudirman make mobilna Rafi.
kamari zidan jalan-jalan ka jl. sudirman make mobilna Rafi.
..ngapalkeun pan cenah keur ujian, bisi teu lulus!
Kecap nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta...
Cing
Kunaon
Kamana Wae
Kumaha Atuh
...urang lamun hayang nempo barang-barang baheula, sapertos rupa-rupa warisan sajarah teh?
Iraha
Kunaon
Dimana
Naon wae?
Nyanggakeun ieu pitutur
Lain indung loba catur
Kanyaah mah teu kaukur
Sanajan ngan ukur saur
Omat hidep kudu jujur
Masing nyaah kana kujur
Kalakuan tong ngalantur
Tungtungna osok takabur
Judul nu merenah sajak diluhur nyaeta...
Kanyaah Indung
Papatah Ti Indung
Kalakuan Nu Takabur
Kanyaah Indung Teu Kaukur
Udin nuju diajar matematika, kabeneran manehna bade ka jamban, terus bebeja ka guruna, ceuk Udin:
“Bu, kuring dek ka wc heula, nya!”
“Bu, permios kuring hayang ka jamban!”
“Bu, punten pisan abdi hoyong ka jamban!”
“Bu, permios, abdi nyuhunkeun ijin bade kapengker!”
Dihandap kaasup tatakrama lamun urang tatamu nyaeta...
Assalamualaikum, langsung asup
Punten, langsung menta nginum, gek diuk
Sampurasun, langsung calik bari ngobrol kaditu kadieu
Punten, sateuacan dipiwarang lebet ngantosan heula nu boga imah, kanggo ngahaturan
...
...
Lamun urang getol diajar
Pasti urang jadi pinter
Cangkang nu merenah pikeun sisindiran diluhur nyaeta...
Jalan-jalan ka Cianjur
Balikna meuli es puter
Jalan-jalan ka Batujajar
Balikna muter ka Cianjur
Jalan-jalan ka Batujajar
Balikna meuli es puter
Jalan-jalan ka Cianjur
Balikna muter ka Cianjur
1) Ihsan kamari indit ka Jakarta
2) Sabila labuh tiluhur kenteng
3) Fikri mah tara daek jajan nu lada-lada, lantaran sieun nyeri beuteung
4) Putri juara kahiji lomba maca puisi, ari Lulu mah juara ngadongeng sa-Kacamatan
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah lega (luas) nyaeta...
(1) jeung (2)
(2) jeung (3)
(1) jeung (3)
(3) jeung (4)
Eling-eling murangkalih
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan wae
Lamun kasasar nya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Watek pupuh di luhur nyaeta...
keras
sedih
banyol
silih asih
Tengetan sempalan surat ieu!
Bandung, 17 Maret 2020
No :
Perihal :
Nudipihormat :
Sempalan surat di luhur kaasup kana conto surat...
Resmi
Pribadi
Kadinasan
Kaondangan
Tanggal 17 Maret 2020 di SDn negasari aya rupa-rupa pasanggiri.
Kalimat nu merenah pikeun neruskeun kalimah di luhur sangkan jadi kalimah wawaran nyaeta...
Cing saha nu meunang harita?
Kumaha cing tuluyna, rame teu?
Iraha deui atuh urang mintonkeun pangabisa?
Diantarana aya jaipong, kawih pupuh, maca sajak jeung sajabana.
Cing pang-meulikeun pulpen ka warung!
Kecap rarangken hareup (pang) dina kalimah di luhur ngabogaan harti...
menta pulpen
menta tulung
nyokot pulpen
menta ka warung
Kecap tarik lamun dirajek kalayan make rarangken sa-r-na, jadi….
tari-tarik
patarik-tarik
ditari-tarik
satarik-tarikna
Mun rek tuang di warung sangu kudu pi-pilih heula ku kaayaana bersih.
Kecap rarangken hareup (pi) dina kalimah diluhur ngabogaan harti...
apik
sirikeun
geugeuraheun
geuleuheun
Isuk-isuk nuang coklat
Nuangna bari tumpak sapedah
Lamun urang getol solat
....
Kalimah nu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur nyaeta...
komo dibarengan jeung ngaji
komo lamun mere jakat
solat anu lima waktu tea tah
utama keur eta dinu ibadah
Tengetan sempalan surat ieu!
Assalamualaikum Wr. Wb.
Hatur uninga rehna pun bapa nuju gaduh maksad, kumargi kitu abdi bade nyuhunkeun widi ka ibu guru rehna dinten ieu abdi teu tiasa lebet.
Sempalan surat di luhur kaasup kana conto surat...
resmi
pribadi
kadinasan
kaondangan
Attika nuju...dihuapan ku tetehna
Kecap anu merenah pikeun ngeusian anu kosong nyaeta...
A. neda
B. emam
C. dahar
D. tuang
Rarangken hareup barang-nu boga harti pagawean neundeun, aya dina kalimah...
ari barangbeuli teh ulah sok sangeunahna
barangbawa teh meni teu kira-kira
Ali barangtanya wae ka bapana
Yudi mah ari barangteundeun teh sok dimana wae
Neng Anggun katingali pipina beureum kapanggih ku ibu guru keur tuang di jero kelas.
Kecap beureum dina kalimah diluhur nuduhkeun...
rumasa
kaeraan
teu rumasa
pipina dilipenan
Buruan imah Bu Rina pinuh ku sarupaning kekembangan.
Kecap sarupaning dina kalimah diluhur nuduhkeun...
loba kekembangan
heurin ku kembang
balatak ku kembang
rupa-rupa kembang aya
Fajril keur nyoo momobilan jeung Zidan di tengah imah.
Kecap momobilan mun dipisahkeun engangna (suku kata) jadi...
mo-mob-ilan
mo-mo-bi-lan
mo-mo-bil-an
mo-mobil-an
Beas cikur oge sok dipake....deuih. Lamun aya nu misalah, apan sok dibalur ku beas cikur, cikur jeung beas direndos, make cai saeutik, tuluy diulaskeun kana...atawa leungeun lebah anu misalah tea.
Kecap anu merenah pikeun ngeusian anu kosong nyaeta...
ubar jeung sirah
ubar jeung suku
ubar jeung awak
ubar jeung leungeun
Tangkal cau pelak kuya beuki lila beuki ngajangkungan, monyet nu eleh tarohan ngabogaan akal licik. Tapi kuya geus apaleun, terus kuya mere wadah ka monyet ku kantongna teu dibolongan. Terekel monyet naek, sup sup cau kana kantong, kuya jongjon ngadaharan cau dihandap.
Lamun nitenan carita diluhur. Carita diluhur aya dua tokoh anu beda nyaeta...
kuya licik monyet pinter
monyet licik kuya katipu
monyet katipu kuya licik
monyet licik kuya pinter
Eling-eling murangkalih
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan wae
Lamun kasasar nya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Jumlah padalisan pupuh di luhur nyaeta...
6 padalisan
7 padalisan
8 padalisan
9 padalisan
Eling-eling murangkalih
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan wae
Lamun kasasar nya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Jumlah engang dina padalisan nu ka tilu nyaeta...
dalapan
sapuluh
dua belas
dalapan belas
Dikalereun wewengkon Bandung aya hiji carita nu nyaritakeun asal usul ayana gunung Tangkuban Parahu. Didinya dicaritakeun aya jajaka nu kacida saktina nu mikacinta ka indungna sorangan, tapi manehna mah teu apaleun eta teh indungna, sabalikna indungna mah apal eta anakna. Tapi keukeuh sanajan dibejaan ku indungna teh teu percaya, maenya indungna sapantaran jeung manehna. Kulantaran keukeuh manehna hayang kawin tungtungna indungna mere sarat ka eta jajaka sangkan ngabendung hiji situ nu kudu anggeus
Watek indungna dina carita diluhur nyaeta...
galak
sabar
bijaksana
ceuleupeung
Dikalereun wewengkon Bandung aya hiji carita nu nyaritakeun asal usul ayana gunung Tangkuban Parahu. Didinya dicaritakeun aya jajaka nu kacida saktina nu mikacinta ka indungna sorangan, tapi manehna mah teu apaleun eta teh indungna, sabalikna indungna mah apal eta anakna. Tapi keukeuh sanajan dibejaan ku indungna teh teu percaya, maenya indungna sapantaran jeung manehna. Kulantaran keukeuh manehna hayang kawin tungtungna indungna mere sarat ka eta jajaka sangkan ngabendung hiji situ nu kudu anggeus sapeuting.
Dina carita diluhur nuduhkeun yen eta kajadian teh aya di...
jakarta
jawa barat
jawa timur
jawa tengah
Kulantaran keukeuh anakna hayang ngawin tungtungna indungna mere sarat ka eta jajaka sangkan ngabendung hiji situ nu kudu anggeus sapeuting. Kecap sapeuting nuduhkeun...
8 jam
9 jam
10 jam
12 jam
Jalan-jalan ka Majalaya
Oleh-olehna borondong
Sanajan jadi jalma kaya
Tapi manehna teu sombong
Nu kaasup cangkangna dina sisindiran di luhur nyaeta...
Jalan-jalan ka Majalaya
Oleh-olehna borondong
Jalan-jalan ka Majalaya
Sanajan jadi jalma kaya
Sanajan jadi jalma kaya
Tapi manehna teu sombong
Oleh-olehna borondong
Tapi manehna teu sombong
