wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT Bhs Sunda 8

Total questions: 40

Worksheet time: 1hrs 20mins

Name
Class
Date
1.

Sacara jembar, budaya téh aya .... unsur.

a)

5

b)

6

c)

7

d)

8

2.

Tujuan artikel pikeun ....

a)

Méré élmu anyar anu kudu ditalungtik heula ku nu maca

b)

Méré informasi nu tétéla ngeunaan hiji perkara ka nu maca

c)

Méré pertanyaan-pertanyaan anu kudu dijawab ku nu maca

d)

Méré hiburan anu pikaseurieun ka nu maca

3.

Di handap ieu rupa-rupa kasenian budaya ti daérah Jawa Barat, iwal ....

a)

Sisingaan

b)

Kuda Rénggong

c)

Barongsai

d)

Réak

4.

Kasenian budaya ti Kabupatén Sumedang nya éta ....

a)

Bebegig Sukamantri

b)

Kuda Rénggong

c)

Sisingaan

d)

Badéng

5.

Gamelan, pupuh, jaipongan, ka asup kana unsur budaya ....

a)

Kasenian

b)

Téhnologi jeung pakakas

c)

Élmu pangaweruh

d)

Basa

6.

Dina prakna, panata acara sorana kudu ....

a)

Laun jeung béntés

b)

Tarik jeung béntés

c)

Bedas jeung béntés

d)

Ngagorowok jeung béntés

7.

Maos ayat suci Alqur'an biasana aya dina .... acara

a)

Bubuka

b)

Tengah-tengah

c)

Ahir

d)

Panutup

8.

Pancén panata acara téh di antarana ....

a)

Maoskeun ayat suci Alqur'an sareng saritilawahna

b)

Nepikeun laporan ngawakilan panata calagara

c)

Ngatur jalanna acara ti mimiti nepi ka réngsé

d)

Nangtukeun saha waé nu kudu ngeusi acara

9.

Panata acara sok disebut ogé ....

a)

Narasumber

b)

Moderator

c)

Penyiar

d)

Protokol

10.

Runtuyan acara dibuka ku ....

a)

Biantara

b)

Salam bubuka

c)

Hiburan

d)

Salam panutup

11.

Bédana carpon jeung dongéng nya éta ....

a)

Carpon mah caritana leuwih panjang ti dongéng

b)

Carpon mah eusina henteu ngandung unsur pamohalan kawas dongéng

c)

Carpon mah caritana leuwih pondok ti dongéng

d)

Carpon mah nyaritakeun manusa, dongéng mah nyaritakeun sasatoan

12.

Di handap ieu unsur-unsur carpon, iwal ....

a)

Palaku

b)

Latar

c)

Alur

d)

Judul

13.

Latar téh aya dua rupa, nya éta ....

a)

Latar palaku jeung latar tempat

b)

Latar tempat jeung latar waktu

c)

Latar palaku jeung latar waktu

d)

Latar tempat jeung latar alur

14.

Umumna palaku dina carpon leuwih ..... tibatan palaku dina novel.

a)

Loba

b)

Saeutik

c)

Alus

d)

Butut

15.

Pikeun nyaho amanat dina hiji carita, urang kudu ....

a)

Bisa nyieun carita heula sorangan

b)

Bisa nyieun carita anu panjang heula

c)

Maca éta carita tilu kali balikan

d)

Maca éta carita nepi ka réngse

16.

Lamun bisa .... inditna ulah sosorangan, méh aya batur ngobrol!


Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ....

a)

Téh

b)

Mah

c)

Téa

d)

Waé

17.

Kecap 'téh, mah, baé, ogé, deuih, kénéh, téa' ka asup kecap ....

a)

Pangantep

b)

Panganteur

c)

Panganteb

d)

Pangantetep

18.

Dina nyaritakeun laporan kajadian umumna maké ragam basa hormat.

Ragam basa hormat maksudna ....

a)

Basa anu kasar

b)

Basa anu gaul

c)

Basa anu lemes

d)

Basa anu akrab

19.

Dina nulis laporan kajadian téh urang nyaritakeun ....

a)

Hiji kajadian ti mimiti nepi ka ahir

b)

Hiji kajadian anu pikagumbiraeun wungkul

c)

Kajadian anu ngandung unsur pamohalan

d)

Kajadian anu can pernah kaalaman sama sakali

20.

Kadaharan has wewengkon Garut nya éta ....

a)

Manisan

b)

Peuyeum

c)

Moci

d)

Dodol

21.

Baca pupuh ieu dihandap


Utamana jalma kudu rea batur,

Keur silih tulungan ,

Silih titipkeun nya diri,

Budi akal lantaran ti pada jalma

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur, nyaeta...

a)

9a -8i -7a – 2i

b)

12u – 6a – 8i -8u

c)

12 i – 12u – 8a -8i

d)

12 a – 8i – 6a – 12u

22.

Dumasar ( berdasar ) kana pupuh diluhur, kunaon pangna jalma kudu rea batur...

a)

Sangkan bisa silih asih, asuh jeung kulawarga

b)

Sangkan bisa dipinyaah ku kolot

c)

Sangkan bisa silih tulungan jeung kulawarga

d)

Sangkan silih titipkeun diri tur silih tulungan jeung pada jalma

23.

Pupuh pucung diluhur kaasup kana...

a)

Anggana sekar

b)

Rampak sekar

c)

Sekar ageng

d)

Sekar alit

24.

Nu teu kaasup ( tidak termasuk ) pupuh sekar alit, nyaeta....

a)

Ladrang

b)

Durma

c)

Balakbak

d)

Sinom

25.

Puisi nu kauger ( terikat ) ku guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisa dina sapadana ( setiap bait ) disebut...

a)

Sajak

b)

Pupujian

c)

Pupuh

d)

Guguritan

26.

Nu dimaksud guru lagu teh nyaeta...

a)

Jumlah suku kata dina tiap padalisan

b)

Karangan pondok wangun ugeran anu disusun dina wanda pupuh

c)

Sora vokal ahir dina unggal padalisan/ baris

d)

Ngahaleuangkeun ( menyanyikan ) guguritan

27.

Aya sabaraha jumlah pupuh teh?

a)

4

b)

2

c)

13

d)

17

28.

Pupuh dibagi sabaraha bagian...

a)

4

b)

17

c)

2

d)

13

29.

Solawat miwah salam mangga urang haturkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka para sohabatna, ka kulawargina, tur dugi ka urang salaku umatna.

Ungkara diluhur teh di omongkeun ku pangjejer acara dina bagean...

a)

Do'a

b)

Eusi

c)

Bubuka

d)

Panutup

30.

Bilih aya kacaletot basa ( kalau ada salah kata ) abdi salaku pangjejer acara, hapunteun ( maaf ) ka sadayana.

Ungkara diluhur teh biasana diomongkeun ku pangjejer acara dina bagean...

a)

Eusi

b)

Panutup

c)

Do'a

d)

Bubuka

31.

Pancen utama pangjejer acara, nyaeta...

a)

Ngatur anu boga hajat sangkan tartib

b)

Ngatur jalanna acara sangkan tartib tur lancar

c)

Ngatur pamaen nu rek manggung

d)

Ngatur pakean nu rek minton ( main)

32.

Ieu dihandap nu teu kaasup ( yang tidak termasuk ) kana acara resmi diatur ku pangjejer acara, nyaeta...

a)

Upacara adat di nu hajat

b)

Ulang Tahun

c)

Upacara bandera

d)

Upacara adat di nu hajat

33.

Ieu dihandap ditataan runtuyan nu sok aya dina acara resmi, iwal ( kecuali )...

a)

Niup lilin jeung motong kueh

b)

Acara poko

c)

Bubuka

d)

Pangbagea/ sambutan

34.

Tata krama waktu ngajejeran acara, iwal ( kecuali )...

a)

Kudu geulis jeung bisa ngahaleuang ( nyanyi )

b)

Basa nu dipake kudu direka sing merenah

c)

Make pakean nu sopan atawa luyu ( sesuai ) jeung tema acara

d)

Sora kudu jelas atawa bedas

35.

Karya sastra anu direka dina basa lancaran ( prosa ) kalawan ukuranana pondok disebut....

a)

Carpon

b)

Sajak

c)

Novel

d)

Wawaran

36.

Majalah nu pangheulana ngamuat carpon Sunda dina taun 1920 teh...

a)

Parahyangan

b)

Mangle

c)

Giwangkara

d)

Galura

37.

Tokoh anu ngalakonan dina carpon disebutna...

a)

Palaku

b)

Latar

c)

Lalakon

d)

Galur

38.

Anu disebut latar dina carpon teh...

a)

Gagasan nu ditepikeun ku pangarang

b)

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

c)

Jalan carita atawa runtuyan kajadian dina carita

d)

Perkara nu bisa di pahami eusi caritana

39.

Kajadian anu luar biasa tur mikat hate ( istimewa ) teh disebutna...

a)

Informasi

b)

Warta

c)

Fakta

d)

Peristiwa

40.

Laporan peristiwa umumna dilaksanakeun ku...

a)

Konstruktif

b)

Wartawan

c)

Siswa

d)

Panalungtikan (penelitian )