wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT BASA SUNDA KELAS 5 2021-2022

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

CINTA NUSA

Indonesia gemah ripah loh jinawi

Alam endah hejo ngemblok sugih mukti

                Subur tutuwuhan

Beunghar pepelakan

Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai

Kakayon tumuwuh Subur pajangkung-jangkung

Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung

                Piraku rek rela

                Piraku rek tega

Alam anu ngemploh hejo pinareng

Ngarangrangan teu kariksa

Tutuwuhan nutup alas bandawasa

Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma

                Peryoga dijaga

                Diraksa diriksa

Kakayon mangfaat sumber kahirupan bangsa

Mamala tangah ngeblak nuntun gimir ketir

Bahaya gunung urug padataran banjir

                Rampah pada dokoh

                Samakta sosoroh

Ngagarap tanah ngeblak dipelakan

Tatangkalan hejo ngemploh

Keur Soal nomor 1 nepika 3 baca kawih di Luhur!

Eusi paragraf kahiji kawih cinta nusa nyaeta…

a)

Endah jeung subur kaayaan alam indonesia 

b)

Kaayaan alam indonesia anu kudu dijaga jeung diriksa 

c)

Alam nu ngemploh hejo Pinareng 

d)

Gotong royong ngahejokeun tanah ngabelak

2.

 istilah Di handap anu henteu kaasup kana istilah geografi nyaeta?

a)

Lamping

b)

 leuwi

c)

 langit

d)

Pasir

3.

Guru lagu jeung guru wilangan kalimah dina tatangkalan hejo ngemploh nyaeta …

a)

8a

b)

8O

c)

8I

d)

8e

4.

Sebutkeun harti tina paribasa ieu “adat kakurung ku iga!” nyaeta…

a)

Babarian ceurik

b)

 adat nu babari Di robah 

c)

Ginding ku pakean batur

d)

 Adat nu hese dirubah

5.

Naon harti kecap “lebak”?

a)

Tempat anu jauh

b)

 Tempat nu leuwih luhur

c)

 tempat nu leuwih handap

d)

 Lapangan olahraga 

6.

Alam Padésaan

(Astri Martiani Irawan)

Éndah alam padésaan

Éstu lain pupulasan

Diriung ku gunung – gunung

Dikuriling pasir – pasir

Kidul, Kulon, Kalér, Wétan

Plung – plong, matak waas téténjoan

 

Éndah alam padésaan

Uplak – aplak pasawahan

Leweng héjo kutatangkalan

Arula – arileu wahangan

Ngocorkeun cai canembrang hérang

 

Éndah alam padésaan

Taneuhna subur tatanén ma’mur

Rohmat ti Gusti nu Maha Gofur

Sangkan mahluk-Na daék tafakur

 

Éndah alam padésaan

Wajib diraksa jeung diriksa

Ulah diruksak digunasika

Keur sampeureun anak incu jaga

Eusi sajak di luhur nyaeta…

a)

 diriung ku gunung gunung 

b)

Endah alam padesaan

c)

Taneuhna subur Tatanen makmur

d)

Wajib diraksa jeung Diriksa 

7.

Éndah alam padésaan

Éstu lain pupulasan

Diriung ku gunung – gunung

Dikuriling pasir – pasir

Kidul, Kulon, Kalér, Wétan

Plung – plong, matak waas téténjoan

Dina potongan sajak di luhur mana nu kaasup kan makna konotatif nyaeta…

a)

pupulasan

b)

padesaan

c)

tetenjoan

d)

diriung

8.

mana kaliman nu ngandung makna denotatif nyaeta…

a)

Neng sari katelah kembang desa 

b)

Tiis ceuli herang panon

c)

Sawah teh jadi garing lantaran geus lila teu kacaian

d)

Caang haté Ari persib juara teh

9.

Kusabab…,  lalangit gé bisa katoél

Kalimah nu tepat keur ngeusian titik-titik diluhur nyaéta…

a)

pondok

b)

pendek

c)

gede

d)

jangkung

10.

“Soal matematika pikeun Jang amir  mah hipu atuh”

 harti hipu dina kalimah di luhur nyaeta…

a)

Teuas

b)

babari

c)

 lieur

d)

hese

11.

Indonesia gemah ripah loh jinawi

Alam endah hejo ngemblok sugih mukti

                Subur tutuwuhan

Beunghar pepelakan

Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai

Kakayon tumuwuh Subur pajangkung-jangkung

Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung

Eusi kawih di luhur nyaéta Kaayaan alam indonesia anu kudu dijaga jeung diriksa.

Pilih bener atawa salah dina pernyataan di luhur… 

a)

Pernyataan Bener

b)

Pernyataan Salah

12.

Éndah alam padésaan

Taneuhna subur tatanén ma’mur

Rohmat ti Gusti nu Maha Gofur

Sangkan mahluk-Na daék tafakur

Eusi sajak di luhur nyaeta tanahna gersang.

Pilih bener atawa salah dina pernyataan di luhur… 

a)

Pernyataan Bener

b)

Pernyataan Salah

13.

Babasan “hejo lembok” hartina gomplok tur seger

Pilih bener atawa salah dina pernyataan di luhur…

a)

Pernyataan Bener

b)

Pernyataan Salah

14.

Babakan teh hartina lembur nu geus lila aya.

Pilih bener atawa salah dina pernyataan di luhur…

a)

Pernyataan Bener

b)

Pernyataan Salah

15.

Heureut

neukteuk benang teh meni heureut pisan

De’et

Balong diteun babaturam teh de’et pisan

Leuwi

Di curug Cimanganten mah leuwina jalero pisan.

Pilih bener atawa salah dina pernyataan di luhur… 

a)

Pernyataan Bener

b)

Pernyataan Salah

16.

Jodohkeun kalimah ku Jawaban anu bener.

Sate dahareun nu ngeunah tur loba di dina masak sate di…dina areng

a)

(a) kulub

b)

(b) seupan

c)

(C)beuleum

d)

(d) sangray

e)

(e) goreng

17.

Jodohkeun kalimah ku Jawaban anu bener.

bala-bala, gehu, jeung ranginang masakna di…

a)

(a) kulub

b)

(b) seupan

c)

(C)beuleum

d)

(d) sangray

e)

(e) goreng

18.

Jodohkeun kalimah ku Jawaban anu bener.

pucuk sampeu jeung lalab lalaban nu sejenna masakna di..

a)

(a) kulub

b)

(b) seupan

c)

(C)beuleum

d)

(d) sangray

e)

(e) goreng

19.

Jodohkeun kalimah ku Jawaban anu bener.

suuk atawa kopi samemeh di tutu sok di…heula

a)

(a) kulub

b)

(b) seupan

c)

(C)beuleum

d)

(d) sangray

e)

(e) goreng

20.

Jodohkeun kalimah ku Jawaban anu bener.

Jagong jeung hui mah bakal leuwih sehat lamun di…lain di goreng

a)

(a) kulub

b)

(b) seupan

c)

(C)beuleum

d)

(d) sangray

e)

(e) goreng

21.

Bahan utama nyieun dodol nyaéta cai pati kalapa, Tipung ketan,  gula bodas,  gula beureum,  jeung uyah.  Dodol oge bisa dibere Tambahan rasa buah atawa rempah.

Pilih pernyataan di handap nu luyu jeung patanya: Naon wae bahan keur nyieun dodol teh?

(1) Cai pati kalapa,  tipung ketan, beas, gula beureum, gula bodas jeung uyah

(2) gula bodas, gula beureum, sirop, cai pati kalapa, tipung ketan jeung uyah

(3) cai pati kelapa, uyah, gola bodas, gula beureum, jeung tipung ketan

(4) uyah, gula beureum, gula bodas, tipung ketan, jeung cai pati kalapa

a)

1 jeung 2

b)

1 jeung 3

c)

2 jeung 3

d)

3 jeung 4

22.

Jawa barat terkena ku kadaharanana di antarana aya tutug oncom, karedok, tahu sumedang, hui cilembu, sale pisang jeung sajabana. 

Pilih pernyataan di handap nu luyu jeung patanya: Mana nu kaasup kana kadaharan khas jawa barat teh? 

(1) Karedok, kerak telor, sale pisang 

(2) Tutug oncom, sale pisang, tahu sumedang 

(3) Gudeg, hui cilembu, kerak telor 

(4) Sale pisang, hui cilembu, karedok

a)

1 jeung 2

b)

1 jeung 3

c)

2 jeung 4

d)

3 jeung 4

23.

Jakarta ibukota nagara indonesia sok janten Palanggan banjir,  kusabab m Masih seueur Wargi nu miceun sampah ka solokan, janten mepetan solokan ibu kota. Katambih, hujan di bogor nu remeun ngajantenkeun banjir di jakarta, Anu katelah banjir kiriman. Salah sahiji Cara nanggulangan banjir nyaeta, warga jakarta kudu sadar, ting miceun sampah sambarangan deui. Ngayakeun kagiatan bebersih tiap dinten saptu atanapi minggu, sangkan kamalir di lingkungan komplek bersih ku sampah. 

Pilih pernyataan di handap nu luyu jeung patanya: Eusi carita diluhur nyaeta?

(1) Jakarta janten langganan banjir 

(2) Masih seueur warga nu miceun runtah sambarangan 

(3) Warga jakarta kudu sadar ulah miceun runtah sambarangan

(4) Ngayakeun bebersih tiap dinten saptu atawa minggu

a)

1 jeung 2

b)

1 jeung 3

c)

2 jeung 4

d)

3 jeung 4

24.

Gempa bumi, tanah longsor, banjir, tur kahuruan di leuweung mangrupakeun bencana nu mindeng kajadian di indonesia. Pilih pernyataan di handap nu luyu jeung patanya: Jenis bencana yang terjadi secara alami nyaeta…

(1) tanah longsor

(2) gempa bumi

(3) kahuruan leuweung

(4) banjir bandang

a)

1 jeung 2

b)

1 jeung 3

c)

2 jeung 4

d)

3 jeung 4

25.

Bencana alam nu disababkeun ku parilaku manusa atawa aktivitas nu dilakukeun manusa bisa nimbulkeun bencana atawa dampang goreng  keur lingkungan jeung mahluk hirup sejenna. salah sahiji bencana alam nu diakibatkeun ku perilaku manusa bisa terjadi di dataran luhur  atawa dataran handap .

Pilih pernyataan di handap nu luyu jeung patanya: Bencana nu diakibatkeun ku manusa nyaeta…

(1) tanah longsor, banjir, kahuruan leuweung

(2) kahalodoan, banjir, longsor

(3) longsor, banjir, gempa bumi

(4) kahuruan leuweung, gunung meletus, halodo

a)

1 jeung 2

b)

1 jeung 3

c)

2 jeung 4

d)

3 jeung 4