wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Kelas XI Materi Biantara

Total questions: 20

Worksheet time: 14mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi, disebutna...

a)

Ceramah

b)

Hutbah

c)

Biantara

d)

Kampanye

e)

Sawala

2.

Wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa disebut...

a)

Sisindiran

b)

Pakeman basa

c)

Undak-usuk basa

d)

Sajak

e)

Tatarucingan

3.

Jalma anu ahli dina biantara disebutna...

a)

Kurator

b)

Moderator

c)

Kolektor

d)

Koruptor

e)

Orator

4.

"Ceu Esih mah laer gado, teu kaop nempo nu barangdahar."

Kecap laer gado dina kalimah di luhur maksudna nyaeta...

a)

Gadona panjang

b)

Resep barangdahar

c)

Kabitaan

d)

Cilimit

e)

Hayang dijajanan

5.

Lagam biantara anu ditepikeun kalawan agresif jeung politis, nyaeta...

a)

Lagam religius

b)

Lagam agiator

c)

Lagam konversasi

d)

Lagam didaktik

e)

Lagan teater

6.

Ieu di handap anu teu kaasup kana lagam biantara, nyaeta..

a)

Religius

b)

Agiator

c)

Konversasi

d)

Didaktik

e)

Akurasi

7.

Ieu di handap anu teu kaasup kana bagean bubuka dina biantara, nyaeta...

a)

Muji sukur ka Gusti Nu Maha Suci

b)

Ucapan menta dihampura

c)

Pangbagea ka nu Hadir

d)

Salam pangwilujeng

e)

Nepikeun jejer biantara

8.

Pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, katiten dina ngaran...

a)

Patempatan

b)

Jalma

c)

Kadaharan

d)

Inuman

e)

Kaulinan

9.

Pek titenan sempalan biantara dina gambar!

Nu teu kaasup kana maksud tina eta biantara nyaeta...

a)

Nyaritakeun riwayat mimiti ngadegna bale pustaka

b)

Daeng Kanduruan Ardiwinata kapeto jadi pupuhu munggaran paguyuban pasundan

c)

Paguyuban pasundan diadegkeun di Jakarta tanggal 22 September 1914

d)

Harita teh Pa Daeng nuju nyangking kalungguhan pupuhu redaktur bale pustaka

e)

Nyaritakeun yen anu ngadegkeun paguyuban pasundan teh nyaeta Junjunan Satia Kusumah jeung Asikin Kusuma Sudjana

10.

"Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sanggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat miwah salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad SAW."

Sempalan biantara di luhur mangrupa bagean...

a)

Salam bubuka

b)

Mukadimah

c)

Ngahaturkeun pangwilujeng

d)

Du'a

e)

Ngahaturkeun nuhun

11.

Dina nepikeun biantara aya opat tehnik anu bisa dipake. Tehnik nu ngan saukur nuliskeun gurat badagna wungkul tina biantara nu rek ditepikeun, disebut...

a)

Memoriter

b)

Manuscript

c)

Impromptu

d)

Ekstemporan

e)

Orator

12.

"Sim kuring miharep, ku dilaksanakeunana kongres ieu bakal numuwuhkeun rasa cinta kana kabudayaan Sunda anu salajengna bakal maparin pangaruh kanggo mageuhan kabudayaan nasional. Ulah tepi ka jati kasilih ku junti, ieu hal tumali sareng tema kongres ayeuna nyaeta Ngamumule Basa Mageuhan Jati Diri Bangsa."

Dina cutatan di luhur, nyangkaruk paribasa jati kasilih ku junti. Hartina nyaeta...

a)

Poho kana asal muasalna

b)

Pribumi kaelehkeun ku semah

c)

Ngagulkeun kaayaan diri sorangan

d)

Babarengan bari akur sauyunan

e)

Goreng hate ka batur

13.

Tehnik nepikeun biantara ku cara ngadadak taya persiapan heula, disebut...

a)

Memoriter

b)

Manuscript

c)

Impromptu

d)

Ekstemporan

e)

Orator

14.

Gaya biantara anu eusina meunteun kana kaunggulan atawa kahengkeran hiji hal, sakapeung eusina ngeunaan kabungah atawa kasedih, disebut...

a)

Lagam religius

b)

Lagam agiator

c)

Lagam konversasi

d)

Lagam didaktik

e)

Lagam sentimentil

15.

Ku lantaran biantara ditempo jeung diregepkeun ku batur, tangtu we aya padika-padikana (aturanna). Ku kituna, dina prakna nepikeun biantara kudu nitenan sawatara hal, iwal...

a)

Parigel dina nepikeun biantara kalawan lentong anu hade

b)

Eces nepikeun biantarana

c)

Make papakean anu anyar tur seungit

d)

Gaya basa kudu pikatajieun

e)

Eusi biantara ulah pikaboseneun

16.

Hadirin anu sami rawuh,

Lain wae tina ngaran tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi dina perkara ngatur cai keur tatanen atawa ngebon. Di pilemburan, jalma nu gawena ngatur cai teh disebutna ulu-ulu. Matak di lembur nu masih keneh make tradisi ulu-ulu, tara kacatur aya jalma parebut cai. Da cai teh diatur sakumaha mistina.

Jejer anu luyu pikeun sempalan biantara du luhur nyaeta...

a)

Miara lingkungan

b)

Ngawewegan karakter nonoman Sunda

c)

Pentingna cai pikeun urang Sunda

d)

Urang Sunda resep kana cai

e)

Lingkungan anu hade nyaeta loba cai

17.

1. Mere pemahaman ka hadirin

2. Nepikeun informasi ngeunaan hiji perkara

3. Ngahibur anu hadir

4. Hayang mangaruhan anu lian

5. Ngajak hadirin milampah hiji perkara

Tujuan biantara dituduhkeun ku nomer...

a)

1,2,3,4

b)

1,2,4,5

c)

2,3,4,5

d)

1,3,4,5

e)

2,3,4

18.

Tehnik manuscript dina nepikeun biantara teh maksudna...

a)

Nepikeun pidato kalawan persiapan anu asak

b)

Nepikeun pidato tanpa aya persiapan heula

c)

Nepikeun pidato ku cara maca naskah

d)

Nepikeun pidato ku cara ngapalkeun heula naskah

e)

Nepikeun pidato ku cara nyiapkeun gurat badag masalah

19.

"Kasebut wargi ge da atah anjang sareng Kang Mus mah, margi bumina tebih di Bali"

Dina kalimah di luhur nyangkaruk babasan atah anjang, anu hartina...

a)

Dulur jauh

b)

Jarang nganjang

c)

Teu bisa papanggih

d)

Imahna jauh

e)

Dulur batur

20.

"Meni resep ningali Neng Imas teh, amis budi."

Kecap amis budi hartina...

a)

Babari borok

b)

Babari kaserang panyakit

c)

Someah ka batur

d)

Judes ka batur

e)

Rupana geulis