NEW
Font size
WorksheetsPenilaian Harian 1 (Teks Bahasan Tradisi Sunda) Kls XII
Total questions: 20
Worksheet time: 14mins
Méméh bulan puasa, geus ilaharna sok papada ménta hampura. Kitu deui sabadana. Ti bihari nepi ka kiwari, éta kabiasaan téh teruus dipiara. Ngan carana waé anu béda téh. Ayeuna mah ménta dihampura téh cukup ku ngirim SMS baé. Ari baréto mah méméh usum hapé, deukeut ka bulan Puasa téh balawiri nu ngajingjing rantang, nepungan baraya jeung tatangga, silih hampura sakalian barangkirim. Eta kabiasaan barangkirim dina bulan Puasa téh bisa jadi ayeuna gé masih dipaké kénéh di sawatara lembur mah. Di lembur kuring mah mawakeun disebutna téh. Sapuluh taun katukang nu ngajaringjing rantang buan puasa téh balawiri kénéh, ieu téh kawas geus jadi kawajiban saban bulan Puasa.
(sempalan teks dicutat tina “Mawakeun Bulan Puasa, Rancagé Diajar Basa Sunda Kls XII, 2017:16).
Kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna….
folklor
etika
budaya
tradisi
tatakrama
Cara nuliskeun tulisan bahasan téh rupa-rupa wangunna diantarana aya wangun narasi, nyaéta....
Tulisan anu ngagambarkeun tujuan, tempat atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarken dina wacana.
Tulisan anu ngagambarkeun objék, tempat atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarken dina wacana.
Tulisan anu ngagambarkeun sifat, karakter atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarken dina wacana.
Tulisan anu ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
Tulisan anu ngajéntrékeun jeung nerangkeun kaayaan nyata hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
Wacana anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana disebut wacana....
Déskripsi
Narasi
Eksposisi
Argumentasi
Persuasi
...Najan kasebutna kampung adat, sabéngbatan mah Kampung Mahmud téh taya bédana jeung kampung séjénna. Lebah kamekaranana gé sarua baé. Televisi, radio, hapé, jeung barang éléktonik séjénna geus lain barang anéh. Ngan tina wangunan nu katangén masih basajan. Di kampung Mahmud mah dipahing pisan nyieun wangunan tina témbok jeung kaca, lian ti éta teu meunang nyieun sumur, teu meunang ngingu soang jeung embé, sarta teu meunang nakol goong jeung bedug.
(dicutat tina sempalan wacana Kampung Mahmud, dina Rancagé Diajar Basa Sunda, 2018 :11-12).
Niténan sempalan wacana di luhur, éta conto wacana téh kaasup eusina campuran antara wangun tulisan...jeung...
Déskripsi jeung eksposisi
Deskripsi jeung argumentasi
Déskripsi jeung narasi
Eksposisi jeung arguméntasi
Eksposisi jeung persuasi
Biasana dina bahasan lain waépamanggih-pamanggih hiji tokoh, tapi dumasar kana pangalaman pribadi. Pamanggihna bisa disebut penting da teu sagawayah, bisa dibuktikeun bebeneranana.
Karangan bahasan anu eusina ngajéntrékeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana laesan anu kuat, nepika percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan kaasup karangan bahasan...
Déskripsi
Narasi
Eksposisi
Argumentasi
Persuasi
Salah sahiji wangun karangan téh aya nu disebut karangan persuasi, karangan persuasi nyaéta ..
Tulisan anu ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
Tulisan anu ngajéntrékeun jeung nerangkeun kaayaan nyata hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
Tulisan anu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsakalawan ngaruntuy tur runut.
Tulisan anu hartina ngajéntrékeun, dimimitian ku dadaran tina gagasan jeung alesan (argumentasi) tuluy diwuwuhnan ku pangajak.
Tulisan anu hartina ngajakan, dimimitian ku dadaran tina gagasan jeung alesan (argumentasi) tuluy diwuwuhnan ku pangajak.
Léngkah-léngkah dina nulis bahasan dumasar kana unsur-unsurna, di antarana :
(1) Néangan ide (gagasan)
(2) Nangtukeun jejer (téma)
(3) Nyieun judul
(4) Nyusun rarancang tulisan
(5) Nyusun kalimah tulisan
(6) Basa nu digunakeun
(7) Nangtukeun jududl
Mana léngkah-léngkah nulis bahasan dumasar nsur-unsurna anu bener?
Nomer (1), (2), (3), (4), jeung (5)
Nomer (2), (3), (4), (5), jeung (6)
Nomer (1), (2), (4), (6), jeung (7)
Nomer (2), (4), (5), (6), jeung (7)
Nomer (3), (4), (5), (6), jeung (7)
Salah sahiji cara ngamumule tradisi nyaeta
ditepikeun ku guru ka siswa
siswa neangan sorangan
diwariskeun ti pamarentah ka rahayatna
diwariskeun ti kolot ka anakna
pabeja-beja jeung babaturan
Eta gambar teh nuduhkeun tradisi....
nyalametkeun panganten
nujuh bulanan
meresihan diri
syukuran calon panganten
siraman calon panganten
Jalma anu sok nyunat di Sunda disebutna ?
dokter
mantri
suster
kokolot bengkong
bengkong
Tradisi meuleum harupat nyaéta tradisi anu dilaksanakeun ku cara meuleum harupat (wujudna siga nyére) tuluy diduruk sanggeus kitu diasupkeun kana kendi anu aya eusian cai. Eta tradisi téh kaasup prak-prakan tradisi dina....
nujuh bulanan
nyunatan
nyalametkeun orok
siraman
nikahan
Kasenian ieu biasana diayakeun dina acara naon, tujuanana naon?
acara salametan bumi, tujuanana sangkan makmur jadi leuwih loba rejeki
acara nyunatan, tujuanana ngarah ngabangbalerkeun budak sunat sangkan teu karasa nyeri laranganana
acara nikahan tujuanana nyambut panganten nu kakara jol
acara nyalametkeun orok tujuanana ngawanohkeun alam dunya
acara nujuh bulanan, tujuanana sangkan orok nu dikandung lahirna lungsur langsar
...Ari teu meunang nyieun sumur mah, lantaran harita Citarum téh canémbrang hérang kénéh, bisa dijadikeun kabutuh hirup. Ngan ti taun 1980-an jlug-jleg pabrik. Ari miceun limbahna ka mana deui iwal ti Ka Citarum. Nepi ka kiwari kapan boro-boro dipaké kukumbah, dalah diancruban gé matak ateul. Nya ku ayana gempungan antara kokolot kampung jeung masarakatna, diwenangkeun nyarieun sumur.
(dicutat tina sempalan Kampung Mahmud dina Rancagé diajar Basa Sunda kls XII, 2018 : 12)
Dina sempalan wacana di luhur, aya sabaraha hiji kecap rakékan anu kapaluruh ku hidep?
hiji
dua
tilu
opat
lima
Kampung nu masarakatna réa kasab kana tani, mébel, jeung nyieun barang-barang rumah tangga tina kai téh, cenah kungsi ngalaman kahuruan dina jaman Jepang.
Kecap barang-barang dina kalimah di luhur kaasup kana kecap rajékan....
dwimurni
dwiréka
dwipurwa
dwimadya
trilingga
Conto kecap rajékan dwipurwa di handap ieu nyaéta.....
Dudupak, tatajong, sesentak, jeung papatong
Sasapu, sasajén, kokolot, jeung raray
Sesentak, tatajong, raray, sasapu
Papatong, sésépak, dudupak jeung tatajong
Dudupak, sasapu, kokolot jeung sésépak
Mana di handap ieu nu ngandung kecap rajékan dwiréka?
Di Jakarta loba gedong-gedong anu laluhur.
Dina bulak-balik waé ka dapur kabeneran keur masak bawaeun bekel digawé.
Ari nyarita téh ulah bari sesentak, atuh!
Kuring teu bisa saré sapeupeuting lantaran loba teuing nginum cai kopi.
Manéhna puputeran waé, kawas aya anu dipikiran.
Kecap téh rupa-rupa diantarana aya kecap rajékan dwilingga, kecap rajékan dwilingga nyaéta.....
Kecap rajékan sagemblengna nu diwangun ku cara nyebut dua kali engang kecap dasarna.
Kecap rajékan sagemblengna nu diwangun ku cara nyebut dua kali kecap dasarna.
Kecap rajékan sagemblengna nu diwangun ku cara nyebut dua kali kecap dasarna sarta dirobah.
Kecap rajékan sabagéan nu diwangun ku cara nyebut dua kali kecap dasarna.
Kecap rajékan sabagéan nu diwangun ku cara nyebut dua kali engang kecap dasarna
Kecap rajékan sabagian dibagi dua bagian nyaéta...
Dwilingga jeung dwimurni
Dwilingga jeung dwiréka
Dwipurwa jeung dwimadya
Dwipurwa jeung dwimurni
Dwimurni jeung dwimadya
Laksamana ngiring nelek-nelek kidang anéh, Enya aya sato alus-alus teuing. Pangalaman ngasrak alas, moro di sababaraha leuweung, kakara ayeuna manggihan kidang bulu emas. Hanjakal ayeuna mah asrak-asrakan di leuweung téh, lain seja sukan-sukan.
Nu kaasup kecap rajékan dina sempalan kalimah di luhur nyaéta....
Nelek-nelek, alus-alus, asrak-asrakan, kakara, jeung sukan-sukan
Nelek-nelek, alus-alus, sababarha, kakara, jeung sukan-sukan
alus-alus, sababarha, kakara, asrak-asrakan, jeung sukan-sukan
alus-alus, sababaraha, asrak-asrakan,nelek-nelek, jeung sukan-sukan
alus-alus, sababaraha, kakara, nelek-nelek, jeung sukan-sukan
Conto larapna kecap jajekan trilingga dina kalimah nyaeta....
Barang kuring panggih jeung manéhna ieu haté karasa dak-dik-duk.
Buah maruragan disada meuni dag-dig-dug.
Jantungna karasa dag-dig-dug basa dipariksa dokter teh.
Dodi mah dahar teh meni hah-heh-hoh
Mira lamun dangdan meni trang-treng-trong
