Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan basa Sunda Tradisi dan Wayang Kelas XII

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Rupa-rupa tradisi anu aya dipakumbuhan masarakat Sunda. Salah sahijina tradisi kadaharan. Nilik kana gambar, kadaharan has urang Sunda ilaharna sok dituang dina waktu isuk-isuk, nyaeta...

a)

kueh moho

b)

kueh lumpur

c)

comro

d)

ali agrem

e)

surabi

2.

Nilik kana gambar mangrupa tradisi....

a)

pakean anu sok dipake ku kaom rahayat

b)

Anggoan nu sok dianggo ku jalmi nu gaduh pangkat

c)

ngawangkong

d)

lengser

e)

drama

3.

Kulawarga Bapa Mustono waktos sasih Agustus, nyumpingan kulawarga Bapa Dani, maksadna badé nyuhunkeun putrana anu istri supados ditikahkeun ka putrana Bapa Mustono anu pameget.

Nilik kana kalimah di luhur, nya éta....

a)

neundeun omong

b)

nanyaan

c)

seserahan

d)

ngeuyeuk seureuh

e)

midadaren

4.

Murid-murid SMA Negeri 1 Ngamprah pernah kapeto juara maénkeun alat musik anu diendag-endagkeun, nya éta...

a)

calung

b)

suling

c)

angklung

d)

arumba

e)

gambang

5.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, nya éta....

a)

folklor

b)

budaya

c)

etika

d)

tradisi

e)

tatakrama

6.

Eta gambar nuduhkeun adat kabiasaan anu ilaharna dilakukeun dina acara....

a)

kawinan

b)

nyepitan

c)

opat bulanan

d)

mere ngaran orok

e)

tujuh bulanan

7.

Sisingaan mangrupakeun seni pintonan rahayat khas Sunda. Teu aya asal pasti, iraha kasenian ieu mimiti di paénkeuna. Ceunah mah ngaran Sisingaan téh geus dipikawanoh ku masarakat Sunda di Jawa barat ti jaman baheula.Ari saurna mah mimitina kasenian ieu ngan ukur dipaénkeun di wéwéngkon kabupatén Subang, Jawa barat. Tapi kiwari pintonan Sisingaan ogé geus ngembang di wewengkon séjéna, kawas Kabupatén Bandung, Purwakarta jeung Sumedang.

Di kabupatén Subang, Sisingaan remen ogé dipaénkeun lamun aya acara husus, kawas khitanan masal sarta ngabagéakeun sémah ageung atawa kanagaraan. Saban bulan Agustus, kasenian ieu ogé dipaénkeun dina poé kamerdékaan Republik Indonésia. Saban warsih, kasenian ieu ogé digelar di masarakat Subang dina ngarayakeun Poé Jadi Kabupatén Subang.

............................

Wacana di luhur kaasup karangan pedaran ngagunakeun teknik....

a)

identifikasi

b)

klasifikasi

c)

definisi

d)

ilustrasi

e)

proses

8.

Karangan pedaran anu ngajentrekeun hiji perkara kucara neangan jeung medar ciri-cirina eta perkara atawa barang, nya eta teknik....

a)

klasifikasi

b)

identifikasi

c)

definisi

d)

ilustrasi

e)

proses

9.

Rupa-rupa beulitan iket anu sok biasa dipake ku kaom lalaki urang Sunda, nuduhkeun golongan nu tangtu. Ari iket barangbang semplak sok dipake ku....

a)

budak leutik

b)

budak ngora

c)

menak

d)

masarakat nu sapopoe rek gawe

e)

jawara

10.

Ari diajar kudu .......ulah cééhan ambeh kalaksanakeun nu dicita-citakeun. Pieusieun....., nya éta...

a)

leukeun

b)

imeut

c)

emet

d)

gapitan

e)

langsitan

11.

Si Ibro lamun dititah ku indungna ngala cai ka sumur sok....., di hareupeun siga nu enya di tukangeun ngarasula, da ngarasa kaganggu keur maen game.

a)

jamedud

b)

kukulutus

c)

ngabalieur

d)

norowéco

e)

api-api teu ngadéngé

12.

Sérén taun diayakeun pikeun ngébréhkeun rasa syukur ka nu Maha Kawasa anu maparin kasalametan tur kabagyaan ka masarakatna dina sataun katukang utamana dina hasil panén.

Ungkara di luhur mangrupa adat kabiasaan anu...

a)

aya patalina jeung daur hirup

b)

husus

c)

ngabudaya

d)

etika

e)

estetis

13.

Rengse dirapalan panganten dicandak ka tepas. Dicalikeun dina korsi, dipayungan. Sateuacan sepuh paganten ngawur-ngawur artos, beas, koneng, sareng peremen, panganten sok diwejangan heula ku juru mamaos. eta tradisi sok disebat....

a)

sungkem

b)

sawér

c)

nincak endog

d)

meuleum harupat

e)

buka pintu

14.

Sipat lalaki anu getas harupateun kudu dipiceun, dina upacara adat kawin sok disebut...

a)

sungkem

b)

sawér

c)

nincak endog

d)

meuleum harupat

e)

buka pintu

15.

Putra pameget ibu Nunik anu nembe dibabarkeun parantos puput seueur. Eyang teras ngayakeun sukuran ngadamel.... kanggo nganamian putuna. Pieusieunana .... nyaeta...

a)

sangu koneng

b)

tumpeng

c)

kueh bolu

d)

kupat

e)

bubur beureum bubur bodas

16.

Salametan dara anu nuju kakandungan, carogena ngagambar wayang Srikandi sareng Arjuna dina duwegan. Eta salametan diayakeun dina acara...

a)

tujuh bulanan

b)

opat bulanan

c)

opat puluh poéan

d)

natus

e)

mendak taun

17.

Bobonékaan/ jejelemaan anu dijieunna tina kai atawa kulit, nya éta…

a)

ngawayang

b)

wawayangan

c)

wayang

d)

carita wayang

e)

kasenian wayang

18.

Ngalalakonkeun carita wayang kucara dipagelarkeun sarta dipirig ku gamelan, nyaeta...

a)

ngawayang

b)

diwayangan

c)

wayang

d)

wawayangan

e)

carita wayang

19.

Babon carita wayang Ramayana jeung Mahabarata asalna ti…

a)

Jawa

b)

Arab

c)

Walanda

d)

India

e)

Portugis

20.

Nilik kana wangunna eta wayang kaasup wayang....

a)

wayang golek

b)

wayang kulit

c)

wayang wong

d)

wayang orang

e)

bayangan

21.

Nu kaasup tokoh wayang Semar nyaeta...

a)

nu pakeanana kotak-kotak jeung dikeket

b)

nu pakeanana hideung jeung samping kotak-kotak

c)

nu pakeanana hideung jeung diiket

d)

nu pakeanana beureum jeung diiket

e)

anu irungna panjang

22.

Nilik kana bentukna wayang golek jeun wayang kulit raket hubunganana jeung seni...

a)

ukir

b)

tari

c)

sastra

d)

teater/ drama

e)

sora

23.

Ari anu jadi lulugu, nu kacida bungah galihna Aria Widura, lantaran anjeunna yakin, yén Pandawa teu perlaya, malah sedeng sugih muikti.

       Widura ti bumi lungsur, rék ngadeuheus ka Sang Aji, Maha Prabu Déstarata. Kasondong Sri Narpati, eukeur pada ngadeuheusan, ku sakabéh kadang wargi.

       Bisma jeung Sang Dorna Wiku, harita sami keur linggih, sarawuh para Kurawa, nu kakara pisan sumping, mulih tina sayémbara, Karna Sangkuning ngabanding.

……………………………..

Nilik wacana di luhur, ka asup carita…

a)

dongeng

b)

carpon

c)

wayang

d)

novel

e)

carita pantun

24.

Pangarang carita wayang Mahabarata, nya éta…

a)

Mpu Tantular

b)

Mpu Prapanca

c)

Vyasa

d)

Valmiki

e)

Punjabi

25.

Lamun dalang keur ngawayang sok dibarengan ku nu nembang. Nu nembang biasa disebut…

a)

sinden

b)

nayaga

c)

dalang

d)

wayang

e)

seniman

26.

Permaisuri Batara Rama, nya éta…

a)

Dewi Kunti

b)

Dewi Madrim

c)

Dewi Gandari

d)

Dewi Setiawati

e)

Dewi Sinta

27.

Ditilik tina caritana, carita wayang Ramayana, nyaritakeun…

a)

kaadilan

b)

kasatiaan

c)

peperangan

d)

lalampahan

e)

pasea

28.

Hiji mangsa sabada ngudag-ngudag uncal di leuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa, bawaning ku halabhab, ngarinum di situ. Geus ngarinum patinggolépak maraot. Singhoréng cai talaga téh ngandung racun.

 

Nilik kana sempelan carita wayang di luhur aya dina babon carita…

a)

Ramayana

b)

Arjuna Wiwaha

c)

Mahabarata

d)

Kumbakarna

e)

Kida Emas

29.

Di tengah leuweung Sri Rama moro kidang  emas lantaran Déwi Sinta ngaraos kataji ku éta kidang.

            Ti katebihan hawar-hawar kadangu sora nu ngajerit. Dewi Sinta miwarang Lasmana supados milari éta sora bilih Sri Rama kénging bancang pakewuh.

 

Nilik kana sempelan carita wayang di luhur aya dina babon carita…

a)

Ramayana

b)

Arjuna Wiwaha

c)

Mahabarata

d)

Kumbakarna

e)

Kidang Emas

30.

Santanu palay migarwa Dewi.... . Namung sateuacan nyatujuan kapalay Santanu, Eta Dewi masihan tanjakan pami engke tos rarabi, naon anu dipidamel ku anjeuna ulah ditalek ku Santanu. Santanu nyatujuan.

Tina wacana di luhur, pieusieun ...., nyaeta:

a)

Kunti

b)

Madrim

c)

Gangga

d)

Gandari

e)

Sinta

31.

Setiawati nikah sareng Parasara gaduh putra....

a)

Pandu

b)

Destarasta

c)

Citragada

d)

Wicitrawirya

e)

Abiyasa

32.

Pienjingeunana ijab qobul, kulawarga Bapa Erus sareng pipanganteneun pameget tos katembong ngabring ka bumina kulawarga Bapa Aswatama bari nyandak barang-barang anu diperyogikeun kanggo rumahtangga putrana.

Ungkara di luhur, upacara adat kawin disebutna:

a)

neundeun omong

b)

nanyaan

c)

seserahan

d)

midadaren

e)

siraman

33.

Kadaharan poko masarakat Kampung Reundeu nyaeta…

a)

sangu

b)

sagu

c)

hui

d)

sampeu

e)

jagong

34.

(1) Yudistira

(2) Suyudana

(3) Karna

(4) Bima

(5) Arjuna

Putrana Raja Pandu sareng Dewi Kunti...

a)

(1), (3), (5)

b)

(1), (4), (5)

c)

(1), (2), (3)

d)

(2), (4), (5)

e)

(1), (3), (4)

35.

Pa Asjam nuju kuriak bumi. Satosna ngadegkeun anjeunna ngayakeun sukuran bari nanggap wayang.

Istilah tradisi nanggap wayang ilaharna disebut...

a)

ngaruat

b)

helaran

c)

bubur beureum bubur bodas

d)

tebus weteng

e)

rujak tujuh bulan

36.

Kasaktian Gatotgaca teu aya nu bisa ngelehkeun. Waktu perang BarataYuda, Gatotgaca dipiwirang majeng jurit kanggo ngalawanan pihak Kurawa. Pihak Kurawa teu aya nu kiateun ngalawanan Gatogaca.

       Margi teu aya balad Kurawa anu tiasa nandingan, ahirna Karna nu ngalawanan Gatotgaca. Karna teu acan ngaluarkeun pakarang andelanana, Gatotgaca tiasa suat-sieut di awang-awang, malah nyumput dina mega sagala. Gatotgaca teu katingal ku Karna. Karna ngaraos dicoo gado ku Gatongaca. Bakating ku amarah nu tos ngabebela, ahirna Karna ngaluarkeun pakarang kontana. Dipaparah palebah mana ayana Gatotgaca. Barang konta dialungkeun ka luhur mega, koceak Gatotgaca ngoceak maratan langit, anjeunna keuna ku konta atuh antukna Gatotgaca tiwas tur ngagubrag ka handap.

Saha bapana Gatotgaca:

a)

Yudistira

b)

Bima

c)

Arjuna

d)

Parikesit

e)

Nakula

37.

Destarasta nikah sareng Gandari gaduh putra....

a)

Citragada

b)

Pandawa

c)

Kurawa

d)

Abimanyu

e)

Parikesit

38.

Di tengah leuweung Dewi Sinta diiwat ku....

a)

Jatayu

b)

Hanoman

c)

Indrajit

d)

Rahwana

e)

Kumbakarna

39.

Carita wayang kaasup karya...

a)

basa

b)

babasan

c)

paribasa

d)

sastra

e)

kasusastraan

40.

Ditilik tina caritana, carita Mahabarata nyaritakeun....

a)

kaadilan

b)

kasatiaan

c)

peperangan

d)

lalampahan

e)

papaseaan