wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN BASA SUNDA

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Ngaran kaulinan di handap nyaeta ....

a)

Sapintrong

b)

Pecle

c)

Galah

d)

Oray-orayan

2.

Anu kaasup kana dongeng sasatoan nyaeta....

a)

Ciung Wanara

b)

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

c)

Sasakala Gagak Buluna Hideung

d)

Sasakala Maung Panjalu

3.

Jejer iklan layanan masarakat di luhur nyaeta...

a)

dina buku loba rupa-rupa elmu

b)

gudang elmu nyaeta aya dina buku

c)

ngajak masarakat sangkan resep maca buku

d)

tarekah sangkan manggih kawaluyaan

4.

Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka ...

a)

indung bapa

b)

kaendahan alam

c)

lemah cai

d)

Urang Sunda

5.

Nu ngumbara suka betah di tatar Sunda, lantaran....

a)

tanahna subur

b)

tanahna lega

c)

urang Sunda balageur

d)

pendudukna loba

6.

Kembang bodas buah bunder,

Ngaheruk nya pipikiran.

Rumpaka di luhur teh mangrupa...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Sisiindiran

7.

Panata acara sok disebut oge...

a)

narasumber

b)

panumbu catur

c)

pangjejer

d)

protokol

8.

Uday mah gede hulu. Kecap gede hulu hartina nyaeta...

a)

alus budi

b)

huluna gede

c)

sombong

d)

sopan

9.

"Kade ulah nepi ka jati kasilih ku... "

a)

jengkol

b)

jeungjing

c)

junti

d)

jati

10.

Ceuk kolot mah lamun budak sok pasea jeung dulur teh matak...

a)

pajauh huma

b)

pajauh jeung dulur

c)

pajauh imah

d)

pajauh sawah

11.

Gambar eta wangunan nuduhkeun suhunan imah....

a)

badak heuay

b)

jogo anjing

c)

julang ngapak

d)

parahu kumereb

12.

Wangunan di kampung adat anu sok biasa dipake nyimpen pare nyaeta...

a)

goah

b)

imah panggung

c)

leuit

d)

punden

13.

Anu teu ka asup salah sahiji ciri penting dina artikel nyaeta...

a)

pedaran kudu puguh entep seureuhna (sistematis)

b)

ngagunakeun istilah anu geus maneuh

c)

ngagunakeun wanda basa sahinasa (lugas)

d)

patali jeung perasaan anu nulisna

14.

Anu teu kaasup kana kalimah pananya nyaeta ...

a)

ditungtungan ku tanda tanya

b)

responna mangrupa jawaban

c)

make kecap pananya

d)

responna mangrupa tindakan

15.

Jalma anu ngalakukeun wawancara kudu boga sipat ... ka narasumber

a)

netral

b)

pro

c)

ngera-ngera

d)

kontra

16.

Fungsi kecap mana atawa nu mana nyaeta pikeun nanyakeun ...

a)

pilihan

b)

waktu

c)

tempat

d)

kaayaan

17.

Fungsi kecap sabaraha, sakumaha nyaeta pikeun nanyakeun ...

a)

waktu

b)

barang

c)

tempat

d)

jumlah bilangan

18.

Bagean dina wawancara anu eusina nanyakeun identitas narasumber nyaeta ...

a)

tatakrama

b)

eusi

c)

panutup

d)

bubuka

19.

Kagiatan wawancara di televisi kaasup kana kagiatan wawancara nu sipatna ...

a)

bebas

b)

relatif

c)

aya patokanana

d)

teu kauger

20.

Istilah pikeun jalma nu diwawancara nyaeta ...

a)

reporter

b)

narasumber

c)

wartawan

d)

penyiar

21.

Hampang birit hartina nyaeta...

a)

hese dititah

b)

babari dititah

c)

sombong

d)

koret

22.

Beurat birit hartina nyaeta....

a)

babari dititah

b)

hese dititah

c)

bageur

d)

koret

23.

Buntut kasiran hartina nyaeta...

a)

bageur

b)

sombong

c)

koret

d)

hese dititah

24.

Mana kalimah nu kaasup gaya basa babandingan jaman ayeuna......

a)

gancangna kawas pesawat jet

b)

bulan ngintip disela sela mega

c)

siga ucing garong

d)

pipina kadu sapasi

25.

Gaya basa nu ungkara atawa kalimah na sok sagala digedekeun, disebut gaya basa naon...

a)

personifikasi

b)

litotes

c)

hiperbola

d)

raguman

26.

Gaya basa anu sagalana dileutikkeun, dihandapkeun nyaeta....

a)

litotes

b)

hiperbola

c)

personifikasi

d)

raguman

27.

“Bade ka pengkeur heula, Bu” kaasup kana conto kalimah gaya basa naon....

a)

moyok

b)

hiperbola

c)

litotes

d)

rautan (euphimisme)

28.

Drama dina istilah Sunda sok disebut...

a)

nyanyian

b)

pagelaran

c)

lagu

d)

pintonan

29.

Gambaran ti pangarang naskah ngeunaan kaayaan atawa paripolah palaku disebut..

a)

monolog

b)

prolog

c)

epilog

d)

dialog

30.

Obrolan antara hiji palaku jeung palaku sejenna nyaeta...

a)

prolog

b)

dialog

c)

monolog

d)

epilog

31.

Galur (alur) nyaeta...

a)

katerangan tempat

b)

jalan carita atawa runtuyan carita

c)

watak palaku

d)

pesan

32.

Amanat nyaeta....

a)

sagala katerangan atawa petunjuk anu aya kaitana jeung sagala nu aya dina carita.

b)

runtuyan acara

c)

pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang liwat carita

d)

jalma nu dicaritakeun

33.

Sagala katerangan atawa petunjuk anu aya kaitanana jeung waktu, ruang, suasana jeung situasi kajadian hiji peristiwa dina hiji carita disebut....

a)

amanat

b)

galur

c)

tema

d)

tokoh

34.

Kecap "Sampurasun" mangrupa bagian biantara ...

a)

bubuka

b)

salam bubuka

c)

salam panutup

d)

salam pangwilujeng

35.

Tarjamahan tina kalimah "Saya merasa bangga menjadi orang Sunda." anu bener nyaéta ...

a)

Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda.

b)

Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda.

c)

Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda.

d)

Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda

36.

Ngaran kaulinan nu aya dina gambar nyaeta ... .

a)

oray-orayan

b)

sapintrong

c)

tarik tambang

d)

engklé

37.

Aksara Sunda di luhur kaasup kana jenis aksara ...

a)

aksara swara

b)

aksara vokal

c)

aksara ngalagena

d)

aksara angka

38.

Wangun aksara Sunda di handap anu mangrupa aksara Sunda ngalagena nyaeta ... .

a)
b)
c)
d)
39.

Gambar di luhur mangrupa wangun aksara Sunda tina kecap...

a)

Amir

b)

amik

c)

amit

d)

amis

40.

Marilah kita melestarikan bahasa Sunda, dengan cara mempraktekannya dalam komunikasi sehari-hari!


Kecap “melestarikan” sarua hartina jeung....

a)

ngamalkeun

b)

ngalastarikeun

c)

ngamumulé

d)

ngalarapkeun