NEW
Font size
S
M
L
XL
WorksheetsLatihan Soal PSAJ Bahasa Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
Name
Class
Date
1.
Tarjamahan tina kalimah “Sembilan bulan mengandung” anu merenah, nyaéta ….
a)
Salapan bulan ngandung
b)
Salapan bulan dikandung
c)
Salapan bulan ngakandung
d)
Salapan bulan ngangandung
e)
Salapan bulan ngagandong
2.
Mindahkeun teks tina basa sumber (asal) kana basa sejen (anyar) disebut ….
a)
Dongeng
b)
Biografi
c)
Tarjamahan
d)
Wawancara
e)
Sisindiran
3.
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebut ….
a)
Carpon
b)
Dongeng
c)
Sketsa
d)
Biografi
e)
Fiksimini
4.
Dina dongeng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, diantarana waé nyaéta ….
a)
Raja kahampangan dina balokeng
b)
Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang
c)
Sangkuriang nyieun parahu
d)
Sangkuriang kawin jeung Si Tumang
e)
Sangkuriang anak Raja
5.
Judul rumpaka kawih di luhur nyaéta…
a)
Es lilin
b)
Colenak
c)
Mobil butut
d)
Sakur ngimpi
e)
Bulan batu hiu
6.
Ieu di handap anu lain tujuan (udagan) tina wawancara, nyaéta ….
a)
Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut aktualitas fakta
b)
Nyangking pamadegan resmi ti narasumber
c)
Konfirmasi keur babandingan data
d)
Ngera-ngera jalma nu diwawancara
e)
Ngajaring informasi ti narasumber
7.
Pola sora kecap (murwakanti) dina sempalan sajak di luhur nyaéta ….
a)
a-a-i
b)
u-u-a
c)
i-i-a
d)
a-i-a
e)
a-a-a
8.
Carita atawa dongeng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna …
a)
Mitos
b)
Legenda
c)
Babad
d)
Sage
e)
Parabel
9.
Sabaraha jumlah aksara swara dina aksara Sunda?
a)
5
b)
6
c)
7
d)
8
e)
9
10.
Kalimah miboga harti ….
a)
Pangaruh basa Sunda pikeun kahirupan
b)
Reueus kana aksara Sunda
c)
Diajar maké basa Sunda
d)
Diajar aksara Sunda
e)
Ulah éra maké basa Sunda
11.
Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting disebut ….
a)
Ceramah
b)
Khutbah
c)
Biantara
d)
Kampanye
e)
Sawala
12.
Ditilik kana eusina, boh rarakitan boh paparikan dibédakeun jadi sababaraha wanda, iwal ti ….
a)
Silih asih
b)
Piwuruk
c)
Sesebred
d)
Sisindiran
e)
Banyol
13.
Dumasar kana sipatna, sisindiran teh dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta ….
a)
Paparikan, rarakitan, wawangsalan
b)
Piwuruk, sesebred, silihasih
c)
Cangkang, eusi, wangsal
d)
Wawangsalan, tatarucingan, paparikan
e)
Tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
14.
Kagiatan ngadu pamadegan (adu argumentasi) boh sorangan-sorangan boh grup disebut ….
a)
Debat
b)
Sawala
c)
Rempugan
d)
Rapat
e)
Panel
15.
Aya sawatara pancén poko panumbu catur, iwal ti ….
a)
Ngatur waktu sawala jeung nepikeun perkara nu rék disawalakeun
b)
Ngatur saha-sahana nu rék mairan
c)
Nyusun kacindekan sawala
d)
Nutup acara sawala
e)
Nyatet intisari tina eusi pedaran diskusi
16.
Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan disebutna …
a)
Bewara
b)
Iklan
c)
Medsos
d)
Warta
e)
Amanat
17.
Kalimah di luhur kaasup kana bagéan ….
a)
Judul warta
b)
Waruga warta
c)
Bubuka warta
d)
Pamungkas warta
e)
Salam bubuka
18.
Unsur-unsur pangwangunna warta disebut 5W + 1H, nyaéta …
a)
Naon, ku naon, tina naon, ku saha, tis aha, ka saha
b)
Saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha
c)
Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana
d)
Naon, ku naon, saha, ku saha, mana, di mana
e)
Mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana
19.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel nyaéta ….
a)
Tokohna loba
b)
Alurna panjang
c)
Latarna laluasa
d)
Eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe
e)
Karangan nonfiksi
20.
Novel munggaran dina sastra Sunda, nyaéta …
a)
Gogoda ka nu Ngarora karya M.A. Salmun
b)
Pangeran Kornel karya R. Memed Sastrahadiprawira
c)
Baruang ka Nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata
d)
Pipisahan karya R.A.F
e)
Lain Eta karya Moh. Ambri
21.
Tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma, disebutna …
a)
Geografi
b)
Monografi
c)
Biografi
d)
Leksikografi
e)
Paleografi
22.
Ieu di handap mangrupa unsur-unsur biografi, iwal ….
a)
Kalahiran jeung asal-usul kulawargana
b)
Karya atawa hasil gawéna
c)
Pangalaman goréng kahirupanana
d)
Riwayat atikanana
e)
Préstasi nu kungsi kacangking
23.
Karangan pedaran nu dimuat dina koran atawa majalah disebut ….
a)
Warta
b)
Artikel
c)
Sawala
d)
Biantara
e)
Biografi
24.
Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina nulis karangan pedaran, iwal ti ….
a)
Netepkeun pasualan atawa perkara
b)
Ngumpulkeun bahan atawa data
c)
Neangan materi ngan saukur tina internét
d)
Mekarkeun rangkay karangan
e)
Mikiran judul anu matak ngirut ka nu maca
25.
Jelema anu sok ngigelkeun jeung nyaritakeun wayang nyaéta ….
a)
Sindén
b)
Girang serat
c)
Moderator
d)
Panata acara
e)
Dalang
26.
Tulisan anu eusina tinimbangan atawa pedaran ngeunaan kaayaan hiji karya saperti buku, film disebut ….
a)
Resensi
b)
Pedaran
c)
Drama
d)
Carpon
e)
Warta
27.
Aya sawatara lengkah mun rék nyusun résénsi buku, iwal ti ….
a)
Milih buku anu rék dirésénsi
b)
Maca kalayan daria
c)
Catet hal-hal anu kurang pikatajieun jeung kurang dipikaresep
d)
Tulis hal-hal (pasualan) anu sipatna pribadi
e)
Tulis identitas buku
28.
Anu ngabedakeun pedaran jeung artikel téh, diantarana waé…
a)
Panjang pondokna karangan
b)
Alus goréngna basa anu digunakeun
c)
Eusi jeung dimuat acanna dina Koran/majalah
d)
Aya henteuna daptar rujukan
e)
Wangun huruf atawa font nu digunakeun
29.
Karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika anu tangtu disebut ….
a)
Esey
b)
Artikel
c)
Pedaran
d)
Makalah
e)
Skripsi
30.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaéta ….
a)
Judul
b)
Alinea bubuka
c)
Alinea panandes
d)
Alinea panambah
e)
Alinea pamungkas
31.
Carita rekaan anu ukurana paranjang, gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kacapi disebutna ….
a)
Dongéng
b)
Wawacan
c)
Hikayat
d)
Carita wayang
e)
Carita pantun
32.
Nu teu kaasup kana conto carita pantun nyaéta …
a)
Lutung Kasarung
b)
Mundinglaya Dikusumah
c)
Sulanjana
d)
Baruang Kanu Ngarora
e)
Budak Manjor
33.
Nu kaasup Pandawa Lima téh nyaéta …
a)
Yudistira, Bima, Gatotkaca, Nakula, jeung Sadewa
b)
Yudistira, Batara, Arjuna, Nakula, jeung Sadewa
c)
Yudistira, Gatotkaca, Arjuna, Nakula jeung Sadewa
d)
Yudistira, Gatotkaca, Batara, Nakula jeung Sadewa
e)
Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa
34.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon nyaéta …
a)
Wangun karanganana pondok
b)
Sifat caritana naratif jeung fiktif
c)
Palaku caritana kaitung réa
d)
Eusina kaharti ku akal atawa realistis
e)
Biasana nyaritakeun hiji kajadian
35.
Dongéng Lutung Kasarung kaasup kana wanda dongéng nyaéta ….
a)
Parabel
b)
Babad
c)
Sasakala
d)
Mite
e)
Fabél
36.
Jumlahna aya 100 urang sarta lahir tina saguruntul daging ti Déwi Gandari, nyaéta …
a)
Pandawa
b)
Wayang Buta
c)
Kumbakarna
d)
Kurawa
e)
Amerta
37.
Sempalan téks di luhur, eusina leuwih nyaritakeun ngeunaan…
a)
mangpaat bale saréséhan
b)
legana leuwung tutupan
c)
kapercayaan mayoritas ageman masarakat
d)
kagitan ritual taunan
e)
tilu sesepuh kampung
38.
Sempalan teks di luhur mangrupa biantara bagian ….
a)
Eusi
b)
Panutup
c)
Bubuka
d)
Inti
e)
Salam panutup
39.
Inti tina sempalan téks di handap nyaéta ngeunaan …
a)
Bukti
b)
Conto
c)
Alesan
d)
Ajakan
e)
Harepan
40.
Téks bahasan budaya di luhur téh nyaritakeun …
a)
naskah-naskah nu kapanggih di kabuyutan Ciburuy
b)
fungsi Kabuyutan CIburuy jaman baheula
c)
peran raja dina ngajaga kabuyutan
d)
kagiatan inteléktual di Kabuyutan Ciburuy
e)
kapanggihna naskah Amanat ti Galunggung jeung Séwaka Darma
Reset
