NEW
Font size
WorksheetsPenilaian Tengah Semester (PTS) Ganjil Kelas XII
Total questions: 40
Worksheet time: 4hrs 33mins
Méméh bulan puasa, geus ilaharna sok papada ménta hampura. Kitu deui sabadana. Ti bihari nepi ka kiwari, éta kabiasaan téh teruus dipiara. Ngan carana waé anu béda téh. Ayeuna mah ménta dihampura téh cukup ku ngirim SMS baé. Ari baréto mah méméh usum hapé, deukeut ka bulan Puasa téh balawiri nu ngajingjing rantang, nepungan baraya jeung tatangga, silih hampura sakalian barangkirim. Eta kabiasaan barangkirim dina bulan Puasa téh bisa jadi ayeuna gé masih dipaké kénéh di sawatara lembur mah. Di lembur kuring mah mawakeun disebutna téh. Sapuluh taun katukang nu ngajaringjing rantang buan puasa téh balawiri kénéh, ieu téh kawas geus jadi kawajiban saban bulan Puasa.
(sempalan teks dicutat tina “Mawakeun Bulan Puasa, Rancagé Diajar Basa Sunda Kls XII, 2017:16).
Kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna….
etika
tradisi
folklor
tatakrama
budaya
Cara nuliskeun tulisan bahasan téh rupa-rupa wangunna diantarana aya wangun narasi, nyaéta....
Tulisan anu ngagambarkeun sifat, karakter atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarken dina wacana.
Tulisan anu ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
Tulisan anu ngagambarkeun tujuan, tempat atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarken dina wacana.
Tulisan anu ngagambarkeun objék, tempat atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarken dina wacana.
Tulisan anu ngajéntrékeun jeung nerangkeun kaayaan nyata hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
Wacana anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana disebut wacana....
Eksposisi
Argumentasi
Narasi
Déskripsi
Persuasi
...Najan kasebutna kampung adat, sabéngbatan mah Kampung Mahmud téh taya bédana jeung kampung séjénna. Lebah kamekaranana gé sarua baé. Televisi, radio, hapé, jeung barang éléktonik séjénna geus lain barang anéh. Ngan tina wangunan nu katangén masih basajan. Di kampung Mahmud mah dipahing pisan nyieun wangunan tina témbok jeung kaca, lian ti éta teu meunang nyieun sumur, teu meunang ngingu soang jeung embé, sarta teu meunang nakol goong jeung bedug.
(dicutat tina sempalan wacana Kampung Mahmud, dina Rancagé Diajar Basa Sunda, 2018 :11-12).
Niténan sempalan wacana di luhur, éta conto wacana téh kaasup eusina campuran antara wangun tulisan...jeung...
Deskripsi jeung argumentasi
Déskripsi jeung eksposisi
Eksposisi jeung persuasi
Déskripsi jeung narasi
Eksposisi jeung arguméntasi
Biasana dina bahasan lain waépamanggih-pamanggih hiji tokoh, tapi dumasar kana pangalaman pribadi. Pamanggihna bisa disebut penting da teu sagawayah, bisa dibuktikeun bebeneranana.
Karangan bahasan anu eusina ngajéntrékeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana laesan anu kuat, nepika percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan kaasup karangan bahasan...
Argumentasi
Persuasi
Déskripsi
Narasi
Eksposisi
Salah sahiji wangun karangan téh aya nu disebut karangan persuasi, karangan persuasi nyaéta ..
Tulisan anu hartina ngajakan, dimimitian ku dadaran tina gagasan jeung alesan (argumentasi) tuluy diwuwuhnan ku pangajak.
Tulisan anu hartina ngajéntrékeun, dimimitian ku dadaran tina gagasan jeung alesan (argumentasi) tuluy diwuwuhnan ku pangajak.
Tulisan anu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsakalawan ngaruntuy tur runut.
Tulisan anu ngajéntrékeun jeung nerangkeun kaayaan nyata hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
Tulisan anu ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
Léngkah-léngkah dina nulis bahasan dumasar kana unsur-unsurna, di antarana :
(1) Néangan ide (gagasan)
(2) Nangtukeun jejer (téma)
(3) Nyieun judul
(4) Nyusun rarancang tulisan
(5) Nyusun kalimah tulisan
(6) Basa nu digunakeun
(7) Nangtukeun jududl
Mana léngkah-léngkah nulis bahasan dumasar nsur-unsurna anu bener?
Nomer (2), (4), (5), (6), jeung (7)
Nomer (2), (3), (4), (5), jeung (6)
Nomer (3), (4), (5), (6), jeung (7)
Nomer (1), (2), (3), (4), jeung (5)
Nomer (1), (2), (4), (6), jeung (7)
Salah sahiji cara ngamumule tradisi nyaeta
diwariskeun ti pamarentah ka rahayatna
diwariskeun ti kolot ka anakna
pabeja-beja jeung babaturan
ditepikeun ku guru ka siswa
siswa neangan sorangan
Eta gambar teh nuduhkeun tradisi....
syukuran panganten
siraman panganten
nyalametkeun panganten
saweran panganten
ngareuah-reuah panganten
Jalma anu sok mantuan lamun aya awewe rek ngalahirkeun disebutna.....
bidan
suster
dokter
paraji
bengkong
Tradisi silih huapan dahareun saperti salah sahijina bakakak. Eta tradisi téh kaasup prak-prakan tradisi dina....
nyunatan
nujuh bulanan
nyalametkeun orok
nikahan
hajatan
Kasenian ieu biasana diayakeun dina acara naon, tujuanana naon?
acara nikahan tujuanana nyambut panganten nu kakara jol
acara nyalametkeun orok tujuanana ngawanohkeun alam dunya
acara nujuh bulanan, tujuanana sangkan orok nu dikandung lahirna lungsur langsar
acara salametan bumi, tujuanana sangkan makmur jadi leuwih loba rejeki
acara nyunatan, tujuanana ngarah ngabangbalerkeun budak sunat sangkan teu karasa nyeri laranganana
..Ari teu meunang nyieun sumur mah, lantaran harita Citarum téh canémbrang hérang kénéh, bisa dijadikeun kabutuh hirup. Ngan ti taun 1980-an jlug-jleg pabrik. Ari miceun limbahna ka mana deui iwal ti Ka Citarum. Nepi ka kiwari kapan boro-boro dipaké kukumbah, dalah diancruban gé matak ateul. Nya ku ayana gempungan antara kokolot kampung jeung masarakatna, diwenangkeun nyarieun sumur.
(dicutat tina sempalan Kampung Mahmud dina Rancagé diajar Basa Sunda kls XII, 2018 : 12)
Dina sempalan wacana di luhur, aya sabaraha hiji kecap rakékan anu kapaluruh ku hidep?
lima
opat
tilu
dua
hiji
Kampung nu masarakatna réa kasab kana tani, mébel, jeung nyieun barang-barang rumah tangga tina kai téh, cenah kungsi ngalaman kahuruan dina jaman Jepang.
Kecap barang-barang dina kalimah di luhur kaasup kana kecap rajékan....
dwimadya
trilingga
dwimurni
dwiréka
dwipurwa
Conto kecap rajékan dwipurwa di handap ieu nyaéta.....
Sasapu, sasajén, kokolot, jeung raray
Sesentak, tatajong, raray, sasapu
Papatong, sésépak, dudupak jeung tatajong
Dudupak, sasapu, kokolot jeung sésépak
Dudupak, tatajong, sesentak, jeung papatong
Mana di handap ieu nu ngandung kecap rajékan dwiréka?
Ari nyarita téh ulah bari sesentak, atuh!
Kuring teu bisa saré sapeupeuting lantaran loba teuing nginum cai kopi.
Manéhna puputeran waé, kawas aya anu dipikiran.
Di Jakarta loba gedong-gedong anu laluhur.
Dina bulak-balik waé ka dapur kabeneran keur masak bawaeun bekel digawé.
Kecap téh rupa-rupa diantarana aya kecap rajékan dwilingga, kecap rajékan dwilingga nyaéta.....
Kecap rajékan sagemblengna nu diwangun ku cara nyebut dua kali kecap dasarna.
Kecap rajékan sagemblengna nu diwangun ku cara nyebut dua kali kecap dasarna sarta dirobah.
Kecap rajékan sabagéan nu diwangun ku cara nyebut dua kali kecap dasarna.
Kecap rajékan sabagéan nu diwangun ku cara nyebut dua kali engang kecap dasarna
Kecap rajékan sagemblengna nu diwangun ku cara nyebut dua kali engang kecap dasarna.
Kecap rajékan sabagian dibagi dua bagian nyaéta...
Dwimurni jeung dwimadya
Dwilingga jeung dwimurni
Dwilingga jeung dwiréka
Dwipurwa jeung dwimadya
Dwipurwa jeung dwimurni
Laksamana ngiring nelek-nelek kidang anéh, Enya aya sato alus-alus teuing. Pangalaman ngasrak alas, moro di sababaraha leuweung, kakara ayeuna manggihan kidang bulu emas. Hanjakal ayeuna mah asrak-asrakan di leuweung téh, lain seja sukan-sukan.
Nu kaasup kecap rajékan dina sempalan kalimah di luhur nyaéta....
alus-alus, sababarha, kakara, asrak-asrakan, jeung sukan-sukan
alus-alus, sababaraha, asrak-asrakan,nelek-nelek, jeung sukan-sukan
alus-alus, sababaraha, kakara, nelek-nelek, jeung sukan-sukan
Nelek-nelek, alus-alus, asrak-asrakan, kakara, jeung sukan-sukan
Nelek-nelek, alus-alus, sababarha, kakara, jeung sukan-sukan
Conto larapna kecap jajekan trilingga dina kalimah nyaeta....
Dodi mah dahar teh meni hah-heh-hoh
Mira lamun dangdan meni trang-treng-trong
Barang kuring panggih jeung manéhna ieu haté karasa dak-dik-duk.
Buah maruragan disada meuni dag-dig-dug.
Jantungna karasa dag-dig-dug basa dipariksa dokter teh.
Pandawa Lima teh inohong anu henteu bisa dipisahkan jeung carita Mahabarata, alatan Pandawa Lima mangrupa inohong sentralna babarengan jeung Kurawa. Perang antara Pandawa Lima jeung Kurawa anu masih miboga hubungan baraya, alatan Pandawa Lima merjuangkeun hak tahta luluhur.
Carita di luhur mangrupa eusi salah sahiji carita wayang, ari wayang teh carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang asalna ti India sumberna tina....
Mahabarata karya Walmiki jeung Ramayana karya Wiyasa
Mahabarata karya Walmaka jeung Ramayana karya Wayasa
Mahabararata karya Wiyasa Ramayana karya Walmiki
Ramayana karya Vyasa jeung Mahabarata karya Wiyasa
Ramayana karya Vyasa Mahabarata karya Walmaka
Perang Bharatayudha tambah ragot. Korban ti dua pihakanana, boh ti pihak Kurawa, boh ti pihak Pandawa pirang-pirang. Beuki dieu, beuki katara, pihak Pandawa rada unggul. Utamana sabada Arjuna mingpin langsung peperangan. Ahirna Suyudana, Raja Astina, miwarang Dipati Karna majeng ka médan laga. “Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana,”cenah.
”éta nu diantos-antos” témbal Dipati Karna bangun bungah. ”éta nu diantos-antos” témbal Dipati Karna bangun bungah. “Ti kapungkur Akang panasaran, hoyong ngajajal kasaktén Putra Panengah Pandawa,”
Dina sempalan carita wayang di luhur ngagambarkeun ayana dialog antara...jeung.....
Pandawa jeung Kurawa
Pandawa jeung Raja Astina
Raja Astina jeung Arjuna
Raja Astina jeung Dipati Karna
Arjuna jeung Prajurit Astina
Ahirna Suyudana, Raja Astina, miwarang Dipati Karna majeng ka médan laga. “Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana,”cenah.
Dumasar sempalan carita wayang di luhur, kumaha pasipatan Suyudana téh?
Gedé kawani/berani
Borangan/takut
Daékan/rajin
Calakan/pintar
Tandes/Tegas
Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana,”cenah.
”éta nu diantos-antos” témbal Dipati Karna bangun bungah. ”éta nu diantos-antos” témbal Dipati Karna bangun bungah. “Ti kapungkur Akang panasaran, hoyong ngajajal kasaktén Putra Panengah Pandawa,”
Ari pasipatan Dipati Karna anu kagambar dina sempalan carita wayang di luhur nyaéta,...
Taat
Hianat
Tandes
Borangan
Bungah
Ahirna Suyudana, Raja Astina, miwarang Dipati Karna majeng ka médan laga. “Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana,”cenah.
Dumasar sempalan carita wayang di luhur, naon anu diparéntahkeun Raja Asina?
Miwarang Suyudana mayunan peperangan ngalawan Dipati Karna
Miwarang Dipati Karna mayunan peperangan ngalawan Arjuna
Miwarang Arjuna majeng ka peperangan ngalawan para prajurit.
Miwarang Dipati Karna majeng ka peperangan ngalawan Suyudana
Miwarang para Prajurit majeng ka peperangan ngalawan
Di handap ieu aya bebedaan carita wayang di India jeung di urang.
1. Teu aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Garéng)
2. Aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Gareng)
3. Dorna kacaritakeun jadi guru Pandawa jeung Kurawa
4. Jadi tokoh penting jeung réa dicaritakeun.
5. Srikandi téh awéwé geulis anu jadi pamajikan kadua Arjuna
6. Drupadi téh poliandri, nyaéta jadi pamajikan pandawa lima.
7. Drupadi ukur jadi pamajikan (praméswari) Yudistira.
Mana nu kaasup ciri carita wayang di urang?
Nomer 1, 2,3, jeung 4
Nomer 2, 4, 5, jeung 7
Nomer 3, 4, 5 ,jeung 6
Nomer 4, 5, 6, jeung 7
Nomer 5, 6, 7, jeung 1
Di handap ieu aya bebedaan carita wayang di India jeung di urang.
1. Teu aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Garéng)
2. Aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Gareng)
3. Dorna kacaritakeun jadi guru Pandawa jeung Kurawa
4. Jadi tokoh penting jeung réa dicaritakeun.
5. Gatotgaca lain tokoh penting
6. Drupadi téh poliandri, nyaéta jadi pamajikan pandawa lima.
7. Drupadi ukur jadi pamajikan (praméswari) Yudistira.
Mana nu kaasup ciri carita wayang di India?
Nomer 1, 3, 5, jeung 6
Nomer 2, 3, 4, jeung 5
Nomer 3, 4, 5, jeung 7
Nomer 4, 5, 6, jeung 7
Nomer 5, 6, 7, jeung 2
Saha wae nu kaasup Pandawa Lima teh?
Yudistira, Bima, Gatotkaca, Nakula, jeung Sadewa
Yudistira, Batara, Arjuna, Nakula, jeung Sadewa
Yudistira, Gatotkaca, Arjuna, Nakula jeung Sadewa
Yudistira, Gatotkaca, Batara, Nakula jeung Sadewa
Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa
Nakula téh sahana Sadewa?
Adina
lanceukna
Adi téréna
Lanceuk téréna
abapana
Tumbak Konta ngabelesat ka luhur, ngudag Gatotkaca nu keur kakalayangan di awang-awang. Teu kungsi lila kadéngé sora nu ngararasakeun kanyeri. Titis tulis Hyang Widi, Gatotkaca perlaya dadana katiir pakarang Konta.
Saha anu perlaya dina sempalan carita wayang di luhur?
Konta
Gatotkaca
Hyang widi
Arjuna
Bima
Sanajan kacida teu tégana, saréréa ahirna narima usulan Kresna. Kaasup Bima, ramana radén Gatotkaca. Nya kitu deui Gatotkaca, waktu ditunjuk janten pamingpin perang, sarta résikona bakal jadi tumbal Konta, anjeunna langsung nampi. Demi kaunggulan Pandawa, Gatotkaca iklas ngorbankeun jiwa ragana.
Saha anu jadi tumbal pakarang Konta?
Kresna
Bima
Konta
Pandawa
Gatotkaca
Nya kitu deui Gatotkaca, waktu ditunjuk janten pamingpin perang, sarta résikona bakal jadi tumbal Konta, anjeunna langsung nampi.
Kumaha sikep Gatotkaca waktu ditunjuk janten pamingpin perang?
Nolak sabab gede resikona
Nolak sabab hampang resikona
Nampi sanajan beurat resikona
Nampi sanajan hampang resikona
Teu nolak oge teu narima sanajan hampang resikona
Teu kungsi lila kadéngé sora nu ngararasakeun kanyeri. Titis tulis Hyang Widi, Gatotkaca perlaya dadana katiir pakarang Konta.Dinten énjingna, giliran Karna kasambut umur, éléh adu ulin panah ngalawanan Putra Panengah Pandawa Arjuna.
Kumaha ahir kaayaan Gatotkaca dina sempalan carita wayang di luhur?
Ngararasakeun kanyaeri
Dadana katiir
Eleh ku Arjuna
Eleh ku Pandawa
Perlaya dadana katiir
Titis tulis Hyang Widi, Gatotkaca perlaya dadana katiir pakarang Konta. Dinten énjingna, giliran Karna kasambut umur, éléh adu ulin panah ngalawanan Putra Panengah Pandawa Arjuna.
Gatotkaca teh ngalawan saha?
Arjuna
Dipati Karna
Pandawa
Kurawa
Bima
Gatotkaca perlaya.
Harti perlaya nyaeta
maot
hirup
lahir
nyeri
gering
Pandawa Lima
1. Yudistira
2. Bima
3. Arjuna
4. Nakula
5. Sadewa
Ari Yudistira teh sahana Sadewa?
adi
lanceuk
adi tere
lanceuk tere
bapana
Pandawa Lima
1. Yudistira
2. Bima
3. Arjuna
4. Nakula
5. Sadewa
Arjuna pernahna ka Sadewa teh naon?
adi
adi tere
lanceuk
lanceuk tere
kapiadi
Pandawa Lima
1. Yudistira
2. Bima
3. Arjuna
4. Nakula
5. Sadewa
Bima nyebat ka Yudistira naon?
Akang
ayi
bapa
aki
uyut
kolotna indung jeung bapa disebutna
indung bapa
nini aki
buyut
jangawareng
udeg-udeg
Anakna uyut disebutna?
indung bapa
nini aki
kakait siwur
jangawareng
udeg-udeg
