wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN 2 ( MATERI CARITA WAYANG )

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Dina pagelaran wayang lian ti dalang anu ngawayang, aya tukang nabeuh gamelan anu disebut ....

a)

Sindén

b)

Nayaga

c)

Dalang

d)

Juru alok

e)

Gugunungan

2.

Babon (induk/sumber) carita wayang golek asalna ti India tina carita ....

a)

Rama jeung Sinta

b)

Rama jeung Yana

c)

Pandawa jeung Kurawa

d)

Pandawa jeung Ramayana

e)

Mahabarata jeung Ramayana

3.

Di handap ieu kaasup wayang Pandawa Lima iwal....

a)

Yudistira

b)

Bima

c)

Gatotgaca

d)

Arjuna

e)

Nakula

4.

Carita Mahabarata mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku ....

a)

Wiyasa

b)

Wirasa

c)

Mpu Walmiki

d)

Mpu Tantular

e)

Rahwana

5.

Carita Ramayana mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku ....

a)

Wiyasa

b)

Wirasa

c)

Rahwana

d)

Mpu Walmiki

e)

Mpu Tantular

6.

Tempat nancebkeun wayang dina pagelaran carita wayang, nyaeta....

a)

nayaga

b)

jantur

c)

gugunungan

d)

tarawangsa

e)

alok

7.
Dina carita wayang di urang, utamana anu dipagelarkeun dina wayang golék, sok kapanggih tokoh Semar, Cepot, Dawala, jeung Garéng, anu sok disebut ogé tokoh...
a)
dagelan
b)
punakawan
c)
pangiring
d)
bodoran
e)
setiakawan
8.

Asupna épik Ramayana jeung mahabrata ka urang téh bareng jeung . . .

a)

Nyebarna agama islam di Nusantara

b)

Nyebarna agama budha di Nusantara

c)

Nyebarna agama Hindu di Nusantara

d)

Para wali nu nyebarkeun di Nusantara

e)

Pagelaran wayang di Nusantara

9.

Waditra anu henteu kaasup nu dipake pikeun mirig dalang teh nyaeta . . .

a)

bonang rincik

b)

goong

c)

kenong

d)

rebab

e)

suling

10.

Dina carita Mahabarata nu nyekel kaadilan jeung nu murka teh nyaeta....

a)

Pandawa jeung Rahwana

b)

Pandawa jeung Kurawa

c)

Pandawa jeung Batara Wisnu

d)

Batara Rama jeung Dasamuka

e)

Rahwana jeung Dasamuka

11.
Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pegelaran wayang. Ari wayang téh robahan tina kecap ….
a)
Bayang
b)
Sayang
c)
Mayang
d)
Langlayangan
e)
Mayang
12.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana warnaning wayang, nyaeta wayang....

a)

golek

b)

kulit

c)

purwa

d)

potehi

e)

prabu

13.

Saawatara nu kaasup kana unsur-unsur sastra carita wayang dihandap ieu diantana nyaeta, iwal ti...

a)

latar

b)

jejer

c)

palaku

d)

Galur

e)

wirahma

14.

Jaman kiwari pagelaran wayang téh kawilang langka ditanggap. Boh di nu hajat atawa kariaan langka pisan manggihan nu boga hajat nanggap wayang téh. Saupama dipaluruh kapanggih dina siaran TV lokal atawa dina media youtube sok aya éta tokoh si Cépot téh kulantaran lucu jeung pikaseurieun matak pikaresepeun.


Saupama nilik kana hal tadi di luhur. Atuh pagelaran carita wayang téh miboga fungsi salaku….

a)

Média pikeun nyebarkeun agama Islam

b)

Média fungsi ritual

c)

Média hiburan

d)

Média nambahan élmu

e)

Média panambah pangaweruh

15.

Dina pagelaran wayang, papakas di luhur teh jadi salah sahiji alat anu di pake dina pagelaran wayang, disebut naon eta alat teh di luhur teh?

a)

Gugunungan

b)

Saron

c)

Degung

d)

Golek

16.

Karangan carita wayang nu panjangna 200.000 jajar atawa 100.000 sloka téh nya éta carita wayang ....

a)

Mahabarata

b)

Ramayana

c)

Jabang Tutuka

d)

Pergiwa pergiwati

e)

Brajamusti

17.

Wayang anu lalakonna digambar dina lawon disebut wayang...

a)

Purwa

b)

Beber

c)

Lilinggong

d)

Wong

18.

Di handap ieu ditataan sawatara hal anu sarua antara dongéng jeung carita wayang, iwal ....

a)

Sok kapanggih hal-hal nu pamohalan

b)

Ngandung naséhat atawa pieunteungeun pikeun nu maca

c)

Awal sumebarna sacara lisan

d)

Disusun mangrupa carita

e)

Palakuna bisa jalma, sato jeung buta, atawa mahluk séjénna

19.

Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !


Dipati Karna, Raja Awangga, kasaktianana henteu éléh ku Arjuna. Lian ti ahli mentang jamparing, pinter maén gada jeung tumbak. Anjeunna putra Batara Surya. Ibuna Déwi Kunti, sami sareng Yudhistira, Bima, katut Arjuna.


Dumasar kutipan téks di luhur, saha tokoh nu keur dicaritakeun ?

a)

Arjuna

b)

Gatotkaca

c)

Dipati karna

d)

Yudistira

e)

Bima

20.

Nami ibuna Nakula sareng Sadewa dina babon carita wayang Mahabarata, nyaeta....

a)

Dewi Kunti

b)

Dewi Madrim

c)

Dewi Ambika

d)

Dewi Ambalika

e)

Dewi Gandari