wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

REMIDI BAHASA SUNDA KELAS XI

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandaangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut…

a)

Dongéng

b)

Biantara

c)

Pupuh

d)

Pantun

e)

Carita wayang

2.

Di handap ieu mangrupa sawatara tujuan biantara, iwal…

a)

Instruktif

b)

Informatif

c)

Intensif

d)

Simpatif

e)

Rekreatif

3.

Fungsi biantara nu tujuanna pikeun maréntah disebut, fungsi…

a)

Instruktif

b)

Informatif

c)

Intensif

d)

  Simpatif

e)

  Rekreatif

4.

Fungsi biantara nu tujuanna pikeun mangaruhan nu ngadangu, disebut fungsi…

a)

Instruktif   

b)

informatif

c)

Intensif

d)

Simpatif

e)

Persuasif

5.

Métode ngabiantara kalawan nyiapkeun gurat badag hungkul ideu poko biantara, disebut…

a)

Presentasi

b)

Impromptu

c)

Talaran

d)

Manuskrip

e)

Ekstemporan

6.

Pamungkas biantara anu eusina kacindekan jeung saran-saran disebut…

a)

salam bubuka

b)

Bubuka

c)

eusi

d)

panutup

e)

salam panutup

7.

Pamingpin ieu dihandap anu handal dina biantara atawa disebut orator nyaéta…

a)

Soeharto

b)

BJ.Habibie

c)

Soekarno

d)

Jokowi

e)

Susilo Bambang Yudhoyono

8.

Biantara anu eusina téh ngeunaan maksud atawa informasi anu rék ditepikeun nyaéta…

a)

Salam bubuka

b)

Bubuka

c)

  Eusi

d)

Panutup

e)

Salam panutup

9.

Puji sinareng sukur salawasna mung kagungan Gusti Allah SWT, kalayan rahmat sareng inayahna urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok.

Biantara diluhur kaasup kana bagian biantara…

a)

Salam bubuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

panutup

e)

salam panutup

10.

  Sim kuring ngawilujengkeun ka sakumna para wargi,mudah mudahan kagiatan ieu aya mangpaatna, sangkan basa Sunda tetep nanjeur.

Biantara di luhur kaasup kana bagian biantara…

a)

salam bubuka

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

e)

salam panutup

11.

Aya manuk dina pager

Nu sukuna aya bola

Lamun urang hayang pinter

Kudu getol ka sakola

Eusi paparikan diluhur nyaéta…

a)

piwuruk

b)

silih asih

c)

sesebred

d)

bayol

e)

ambek

12.

Katumbiri di Cigeulis

Ti Citeureup ka Ciamis

Kaciri seuri nu geulis

Mun di teuteup beuki manis

Eusi paparikan diluhur nyaéta…

a)

piwuruk

b)

silih asih

c)

sesebred

d)

banyol

e)

ambek

13.

Ieu dihandap aya wawangsalan:

Jago tinju légéndaris

Dilali-lali teu lali

Wangsalna, nyaéta…

a)

Muhammad Alif

b)

Muhammad Ali

c)

Muhammad Alika

d)

Muhammad Alina

e)

Muhammad Alisya

14.

Ka mana jalan ka Yogya

Ka ditu ka pangrumasan

Ka mana jalan ka Surga

Ka ditu ka pangaosan

Eusi rarakitan diluhur nyaéta…

a)

piwuruk

b)

silih asih

c)

sesebred

d)

banyol

e)

ambek

15.

    Aya sabaraha jumlah engang dina satiap padalisan sisindiran…

a)

5 engang

b)

6 engang

c)

7 engang

d)

8 engang

e)

9 engang

16.

Hayang teuing buah hiris

Teu bisa ngasakanana

Hayang teuing ka nu geulis

Teu bisa ngakalananan   

Sisindiran diluhur kaasup kana wanda…

a)

wawangsalan

b)

tatarucingan

c)

teteguhan

d)

paparikan

e)

rarakitan

17.

Mun urang ngéndong di Bandung

………………………………….

Mun urang goréng ka indung

Geus tangtu kana dora

Ungkara anu merenah keur ngaeusian jajaran kadua,nyaéta…

a)

Geus tangtu kana mahalna

b)

Urang nu jadi siswa

c)

Ménak nu di Purwakarta 

d)

Banda Acéh di Sumatra

e)

Selat Sunda Jawa-Sumatra

18.

Ieu dihandap aya wawangsalan:

Mesin ketik éléktronik,

Dipakéna ku nu pinter.

Wangsalna, nyaéta…

a)

kangkung

b)

komputer

c)

tipung

d)

roti

e)

kaharti

19.

Pikasureun dijarumat

Jarumna harga sasénan

Saluhureun kudu hormat

…………………………

Ungkara anu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur,nyaéta…

a)

Sasama kudu ajénan

b)

Hubungan dihargaan

c)

    Sahandapeun diajénan

d)

Kulawargi kudu ajénan

e)

Dulur baraya agéhan.       

20.

  Rarakitan mibanda salahsahiji ciri ieu dihandap, nyaéta kecap mimiti dina jajaran…

a)

Ka-1 jeung jajaran ka -2 cangkang sarua

b)

Ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi

c)

Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi

d)

Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua

e)

Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi