wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS SUNDA KELAS X

Total questions: 20

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Tarjamahan tina kalimah "Saya merasa bangga menjadi orang Sunda." anu merenah, nyaéta...

a)

Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda.

b)

Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda.

c)

Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda.

d)

Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda.

e)

Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda.

2.

“...tidak ada jalan alternatif di sekitar lokasi, sehingga kendaraan terjebak berjam-jam.”                          

Kalimah di luhur mun ditarjamahkeun ka basa Sunda nyaéta …

a)

henteu aya jalan alternatip di sakitar lokasi, sahingga kandaraan kajebak sababaraha jam

b)

henteu aya jalan séjénna di éta tempat sahingga kandaraan téh, janten teu bisaeun kamana-mana kajebak sababaraha jam.

c)

moal aya deui jalan di éta tempat nepi ka mobil moal bisa jalan salilana.

d)

teu aya jalan panalukan di sabudeureun kandaraan éta tempat anu antukna kandaraan kapahung mangjam-jam

e)

hésé pisan jalan di éta tempat mah, mobil moal bisa jalan mangjam-jam.

3.

Tarjamahan anu biasa digunakeun nalika narjamahkeun hiji basa ka basa séjén ngagunakeun aplikasi atawa alat narjamahkeun tur hasil tarjamahanana biasana teu pakpak pisan jeung basa sumberna nyaéta ....

a)

tarjamahan otomatis

b)

tarjamahan budaya

c)

saduran

d)

tarjamahan interlinéar

e)

tarjamahan formal

4.

Cara sangkan urang ahli dina narjamahkeun kana basa Sunda nyaéta...

a)

Kudu loba maca bacaan basa Sunda

b)

Kudu loba nulis tulisan basa Sunda

c)

Kudu loba nyieun karya sastra

d)

Kudu loba nyarita maké basa Sunda

e)

Kudu loba maca bacaan basa Indonesia

5.

Paribasa indonesia "biar lambat asal selamat" hartina mirip jeung paribasa sunda ....

a)

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung

b)

Kajeun kendor asal ngagѐmbol

c)

kaduhung tara ti heula

d)

Jauh-jauh panjang gagang

e)

ulah gancang pincang

6.

Padanan kecap pikeun “berangkat” dina basa Sunda nyaéta …

a)

Indit, wangsul, angkat

b)

Angkat, mios, wangsul

c)

Indit, mios, angkat

d)

Balik, wangsul,mios

e)

Balik, wangsul, angkat

7.

Tarjamahan basa Sunda tina kecap “bertemu” anu leres nyaéta…

a)

Tepang

b)

Katimu

c)

Amprok

d)

Kapendak

e)

Kapanggih

8.

Ibu saya sedang memasak di dapur.

Tarjamahan kana basa sunda nu merenah tina kalimah diluhur nyaéta …

a)

ibu kuring nuju masak di dapur

b)

Pun biang nuju masak di dapur

c)

Ibu abdi nuju masak di dapur

d)

Pun Ibu nuju masak di dapur

e)

Ibu urang keur masak di dapur

9.

Masarakat masih narékahan pikeun meresihan jalan nu katutup taneuh.

Tarjamahan kana basa indonesia nu merenah tina kalimah diluhur nyaéta…

a)

Masyarakat sudah membersihkan jalan yang tertutup sampah

b)

Masyarakat masih membersihkan jalan yang kotor

c)

Masyarakat belum memebersihkan jalan yang tertutup tanah

d)

Masyarakat masih berusaha untuk membersihkan jalan yang tertutup tanah

e)

Masyarakat sudah berusaha untuk membersihkan jalan yang tertutup tanah

10.

Bapa nuju ... di restoran, abdi nuju ... di warung sakola.

Kecap nu leres kangge ngeusi kalihamah diluhur nyaeta ....

a)

tuang, neda

b)

tuang, nyatu

c)

dahar, tuang

d)

neda, tuang

e)

dahar, neda

11.

Anu kaasup dongeng fabel nyaéta ....

a)

Talaga warna

b)

Kean Santang

c)

Si kabayan

d)

Sakadang kuya jeung sakadang monyet

e)

Gunung tangkuban parahu

12.

Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta...

a)

Bagian carita anu kaharti ku akal

b)

Bagian carita anu logis

c)

Bagian carita anu teu kaharti ku akal

d)

Bagian carita anu deskripsina jelas

e)

Bagian carita anu deskripsina teu jelas

13.

Samemeh rea dibukukeun, nyebarna dongeng teh ngaliwatan...

a)

Lisan

b)

Naskah

c)

Prasasti

d)

Panggung teater

e)

Tulisan

14.

Pesen nu hayang ditepikeun ti pangarang ka nu maca disebut...

a)

Galur

b)

Palaku

c)

Latar

d)

Amanat

e)

Tema

15.

Anu teu kaasup ciri atawa sipat dongéng nya éta ...

a)

kanyahoan nu ngarangna

b)

teu kanyahoan nu ngarangna

c)

ngandung unsur pamohalan

d)

sumebar sacara lisan

e)

ngandung amanat

16.

Tokoh dongéng asli Sunda nya éta ...

a)

Abu Nawas

b)

Si Pitung

c)

Si Kabayan

d)

Joko Bodo

e)

Malin Kundang

17.

Pasipatan Nyi Endit dina dongeng Situ Bagendit nya éta ...

a)

bageur

b)

korét jeung adigung

c)

soméah

d)

sok nulungan batur

e)

pikasebeleun

18.

Titenan sempalan dongeng di hanadap ieu!

        Ku lantaran ambek jeung apal yén Dayang Sumbi geus ngagagalkeun rencanana, teu antaparah deui parahu anu geus méh réngsé téh ditajong ku Sangkuriang nepi ka nangkubna. éta parahu nangkub téh robah jadi Gunung Tangkuban Parahu. Ari tunggul-tunggul kai anu dituaran ku Sangkuriang keur bahan nyieun parahu téa, ayeuna katelah Bukit Tunggul.

Ku naon sababna eta dongeng asup kana dongeng sasakala?

a)

Sababna dina eta dongeng dicaritakeun ngeunaan sasakala Gunung Tangkuban Parahu.

b)

Sababna Sangkuriang kudu nyieun parahu dina waktu sapeuting

c)

Sababna Dayang Sumbi teu daek narima cintana Sangkuriang nu jadi anakna

d)

Sababna Dayang Sumbi jeung sangkuriang sarua pada mikacinta

e)

Sabab Sangkuriang teu bisa nyieun parahu dina waktu sapeuting

19.

Perhatikeun  sempalan dongéng ieu di handap!

       Sangkuriang kacida ngajenghokna barang nenjo balebat. Manehna ambek sabab moal tulus kawin jeung Dayang Sumbi. Parahu anu rek geus anggeus ditalapung satakerna. Mengpeng ka tempat anu kacida jauhna. Ragragna eta parahu nangkub. Jleg salin jinis jadi gunung anu katelah Gunung Tangkuban Parahu. Talaga anu geus ngemplang dibedahkeun. Brah bedah, caina palid ngocor ka hilir, nepi ka ahirna jadi padataran Bandung kiwari.

Unsur pamohalan dina sempalan dongeng di luhur, nya éta…

a)

Sangkuriang ngajenghok

b)

Sasatoan leuweung kagareuwahkeun, hayam jago kongkorongok

c)

Sangkuriang kacida ngajenghok barang nenjo  balebat

d)

Sangkuriang ambek sabab moal tulus kawin jeung Dayang Sumbi

e)

Ragragna eta parahu nangkub, jleg salin jinis jadi gunung anu katelah Gunung Tangkuban Parahu

20.

Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongeng, iwal...

a)

jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib

b)

sasatoan bisa ngomong

c)

parahu bisa robah jadi gunung

d)

manusa bisa ngapung

e)

nu beunghar sok nyiksa nu sangsara