NEW
Font size
WorksheetsUH Carita Babad
Total questions: 15
Worksheet time: 15mins
Titenan sempan caria babad di handap!
Harita Sumedang rék dirurug ku wadyabala Cirebon. Ari sababna, Pangéran Geusan Ulun dianggap ngiwat Ratu Harisbaya, istri Pangéran Harisbaya.
Kecap ngiwat asal kecap tina iwat anu hartina ...
Mawa kabur
Mawa ulin
Meungkeut
Maéhan
Nyilakakeun
Nu kaasup kana opat kandaga lanté di Karajaan Sumedang nyaéta ...
Ki Sayang Hawu, Ki Nangganan, Pangéran Geusan Ulun, Ki Térong Peot
Ki Sayang Hawu, Ki Nangganan, Ki Kondang Hapa, Ki Térong Peot
Pangéran Girilaya, Ki Nangganan, Pangéran Geusan Ulun, Ki Térong Peot
Ki Sayang Hawu, Ki Nangganan, Ki Kondang Hapa, Pangéran Kornél
Ki Sayang Hawu, Pangéran Geusan Ulun, Pangéran Girilaya, Pangéran Kornel
Titénan sempalan carita babad di handap!
(1) Opatanana pada ngawatek aji weduk banyu kabedasan halimunan. (2) Mun dikadék lir cai, liput sapada harita. (3) Tumbak ditadah ku awak, taya nu teurak. (4) Nènjo jajatén nu opatan, Wadyabala Cirebon mariris. (5) Nungtutan lalumpatan kalabur.
Nu ngabédakeun carita babad jeung sajarah téh nyaéta dina carita babad mah ngandung unsur pamohalan (mustahil). Kalimah nu ngandung unsur pamohalan aya dina nomer ...
(1) jeung (2)
(2) jeung (3)
(3) jeung (4)
(4) jeung (5)
(1) jeung (5)
Titénan sempalan carita babad di handap!
Ceuk Ki Sayang Hawu, "Mangga, nanging abdi gaduh paneja. Badè melak hanjuang, jadi pertawis abdi gumelar. Upami éta hanjuang alum daunna, atanapi paéh pisan, éta téh jadi pertawis abdi kaaoran perang, musuh nu unggul jurit. Tapi upami hanjuang téh beleger, teu kedah melang hariwang, abdi masih kénéh gumelar.
Nu jadi sabab tangkal hanjuang dipelak ku Ki Sayang Hawu nyaéta ...
Sabab tangkal hanjuang téh babari dipelakna
Sabab tangkal hanjuang teu hésé néanganana
Sabab tangkal hanjuang téh alus rupana
Sabab tangkal hanjuang téh simbol sangkan perangna meunang
Sabab tangkal hanjuang téh simbol pikeun kasalametan atawa tolak bala
Titénan sempalan carita babad di handap!
Aki Sayang Hawu téh salasaurang kapetengan Geusan Ulun, Raja Sumedang. Ngaran saéstuna mah Jaya Perkosa, tapi leuwih kamashur Sayang Hawu.
Kecap kamashur sarua hartina jeung kecap ...
Kaalem
Kabagéakeun
Kasohor
Kauninga
Dipikawanoh
Carita baheula anu ngandung unsur sajarah disebut ...
Dongéng
Carita pantun
Carita pondok
Carita babad
Carita rakyat
Titénan sempalan teks carita babad di handap!
Jaman baheula aya raja jenenganana Prabu Borosngora, anjeunna téh raja di Panjalu. Kagungan putra dua nyaéta Radén Aria Kuning jeung Radén Aria Kancana. Ieu rayi-raka téh silih pikanyaah, silih tuljngan jeung silih élédan.
Sempalan carita babad di luhur téh medar ngeunaan ...
Latar tempat
Tokoh jeung watek
Galur
Sudut pandang
Amanat
Titènan sempalan teks carita babad di handap!
Sanggeus asak tinimbangan, nya milih putra cikalna, Aria Kuning. Alesanna, anak cikal anu paling utama kudu neruskeun karajaan jeung dianggap leuwih dèwasa. Angkeuhanana, tangtu leuwih bisa mingpin karajaan.
Dumasar kana teks di luhur, yén watek nu digambarkeun ngeunaan Prabu Borosngora téh nyaéta ...
Adil jeung wijaksana
Pilih kasih
Dermawan
Sombong
Béréhan
Titénan sempalan teks carita babad di luhur!
Kacaritakeun rombongan Aria Kancana geus nepi ka tapel wates dayeuh, anjeunna tuluy nungguan dipapagkeun ku rakana. Tapi, Aria Kuning kalah sukan-sukan ngala lauk. Bangun anu poho yén rayina bakal datanga. Ningali polah rakana, Aria Kancana kacida ambekna. Tuluy baé ngaburak-barik dayeuh, nepi ka antukna patelak pisan jeung rakana.
Watek Aria Kancana nu digambatkeun dina teks di luhur nyaèta ...
Gedé kawani
Wijaksana
Gedé ambek
Pohoan
Teu sabaran
Titénan sempalan carita babad di handap!
Hiji waktu, Aria Kuning aya karep rék ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora tos kacida sepuhna, teu bisa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna.
Nu jadi puseur sawangan atawa sudut pandang dina èta carita babad téh nyaéta ...
Jalma kahiji palaku pendukung
Jalma kadua palaku pendukung
Jalma kahiji palaku pendukung
Jalma katilu palaku utama
Jalama kahiji palaku utama
Titénan sempalan teks carita babad di handap!
Éta rayi-raka téh ijén patutunggalan ragot pisan. Taya nu wani misah saurang ogé, kawantu ieu kasaktian ieu dua putra Prabu Borosngora tèh taya tandingna. Atuh duanana ogé paa-pada teu daék ngéléhan. Adu jajatén, adu wawanén.
Suasana nu kagambar dina sempalan téks carita babad di luhur téh nyaéta ...
Riweuh
Sieun
Tegang
Ramé
Ambek
Titénan sempalan teks carita babad di handap!
Éta rayi-raka téh ijén patutunggalan ragot pisan. Taya nu wani misah saurang ogé, kawantu ieu kasaktian ieu dua putra Prabu Borosngora tèh taya tandingna. Atuh duanana ogé paa-pada teu daék ngéléhan. Adu jajatén, adu wawanén. Kacaturkeun patelakna téh nepi ka tujuh poé tujuh peuting. Beuki lila kalah beuki rongkah.
Latar waktu nu kagambar dina sempalan téks carita babad di luhur téh nyaéta ...
Beurang jeung peuting
Tujuh poé
Tujuh peuting
Tujuh poé tujuh peuting
Peuting ka tujuh
Titénan sempalan téks carita babad di handap!
(1) Jog Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. (2) Ti dinya katempo ku manéhna aya cahaya nu moncorong ti sisi walungan Cipancar. (3) Puguh baè anjeunna hémengeun. (4) Barang disampeurkeun, singhoréng éta cahaya téh kaluar ti awak hiji putri nu keur mandi. (5) Barang ditanya, éta putri ngaku anakna Sunan Rumenggong, nu ngawasa wewengkon Limbangan.
Kalimah anu dianggap pamohalan dina carita babad di luhur téh nyaéta nomer ...
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
Titénan sempalan téks carita babad di handap!
Jog Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. Ti dinya katempo ku manéhna aya cahaya nu moncorong ti sisi walungan Cipancar. Puguh baè anjeunna hémengeun. Barang disampeurkeun, singhoréng éta cahaya téh kaluar ti awak hiji putri nu keur mandi. Barang ditanya, éta putri ngaku anakna Sunan Rumenggong, nu ngawasa wewengkon Limbangan.
Sempalan carita di luhur téh bagian tina carita babad ...
Babad Panjalu
Babad Cirebon
Babad Gunungjati
Babad Sumedang
Babad Limbangan
Titénan sempalan carita babad di handap!
Hiji poé, Aki Hariman indit ka wétankeun pikeun moro. Tapi nei ka panonpoé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baè, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Di luhur aya kecap manceran. Kira-kira waktu manceran teh perkiraan jam ...
10 beurang
11 beurang
12 beurang
12 peuting
11 peuting
