wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS SUNDA KELAS XI

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Dina nepikeun biantara aya opat tehnik anu bisa dipake. Tehnik nu ngan saukur nuliskeun gurat badagna wungkul tina biantara nu rek ditepikeun, disebut...

a)

Memoriter

b)

Manuscript

c)

Impromptu

d)

Ekstemporan

e)

Orator

2.

Presiden Joko Widodo biantara di Istana Nagara, nalika poé kamerdékaan Indonésia. Anjeunna biantara ku cara maca tulisan nu diketik ku Jubirna. Présidén Jokowi ngagunakeun salah sahiji téknik biantara, nya éta…

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Ékstemporan

d)

Bener kabeh

e)

Naskah

3.

Rupina cekap sakitu cariosan ti simkuring, nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. Hatur nuhun.

Eta kekecapan teh mangrupa bagean tina biantara anu disebat ....

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Kacindekan

d)

Panutup

e)

sanduk-sanduk

4.

dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung biantara teu resmi, ieu dihandap mana nu kaasup kana biantara teu resmi...

a)

biantara ngaresmikeun sakola anyar

b)

biantara dina rapat DPR

c)

biantara sukuran boga imah anyar

d)

biantara kapala sakola jeung kolot siswa

e)

biantara dina upacara

5.

Hadirin anu sami rawuh,

Lain wae tina ngaran tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi dina perkara ngatur cai keur tatanen atawa ngebon. Di pilemburan, jalma nu gawena ngatur cai teh disebutna ulu-ulu. Matak di lembur nu masih keneh make tradisi ulu-ulu, tara kacatur aya jalma parebut cai. Da cai teh diatur sakumaha mistina.

Jejer anu luyu pikeun sempalan biantara du luhur nyaeta...

a)

Miara lingkungan

b)

Ngawewegan karakter nonoman Sunda

c)

Pentingna cai pikeun urang Sunda

d)

Urang Sunda resep kana cai

e)

Lingkungan anu hade nyaeta loba cai

6.

(1) Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun awak.

Sing getol neangan elmu,

nu guna dunya aherat.

(2) Daun kelor daun ganas,

kuciat jeung pacar keling.

Hutang motor tacan lunas,

sakilat aya nu maling.

(3)Los ka kulah los ka talun,

rek neangan bongborosan.

Insya Allah taun payun,

nepangan bade narosan.

(4) Aya lumat dina batu,

aya kuya di muara.

Sing tumut kana waktu,

di dunya ukur ngumbara.

Sisindiran anu ngandung piwuruk aya dina nomer...

a)

(1) jeung (2)

b)

(1) jeung(3)

c)

(2) jeung (3)

d)

(2) jeung (4)

e)

(1) jeung (4)

7.

Nu kaasup kana wangun rarakitan nyaeta...

a)

cau naon cau naon

cau kulutuk dihiru

bau naon bau naon

bau hitut nu di juru

b)

Sing getol nginum jajamu

nu guna nguatkeun anak

sing getol neangan elmu

nu guna dunya aherat

c)

Ti Soreang ka Garunggang

meser bensin satalenan

sanaos arang patepang

batin tetep sasarengan

d)

aya lumut dina batu

aya kuya di muara

kedah tumut kana waktu

di dunya urang ngumbara

e)

peupeujeuh ari ka dayeuh

meuli kupat jeung gorengan

peupeujeuh lamun geus euweuh

ulah ngupat kagorengan

8.

Alat ngitung dipencétan,

Imah gedé tapi kotor.

Naon wangsalna?

a)

keyboad

b)

kalkulator

c)

hape

d)

komputer

e)

sempoa

9.

Pek baca sisindiran dihandap!

Batur mah make calana

Kuring mah kabaya wae

Batur mah jalama kaya

Kuring mah sangsara wae

Nurutkeun pasing-pasing sisindiran , sisindiran diluhur kaasup kana ….

a)

paparikan silih asih

b)

rarakitan piwuruk

c)

rarakitan sesebred

d)

paparikan piwruk

e)

wawangsalan

10.

naon wangsalna ieu wawangsalan.

teu puguh monyet hideungna

asa teu puguh tungtungna.

a)

lutung

b)

oa

c)

monyet

d)

gorila