NEW
Font size
WorksheetsDongeng Lawungan ka 2
Total questions: 5
Worksheet time: 3mins
Baca sempalan dongéng ieu di handap pikeun ngajawab pertanyaan!
"Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan," ceuk Sakadang Monyét. "Apan ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah teu bisa naek," témbal Sakadang Kuya.”
Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, suasana nu kagambar nyaéta ….
A. Sedih
B. Keuheul
C. Bungah
D. Bingung
Baca sempalan dongéng ieu di handap pikeun ngajawab pertanyaan!
"Ah, isukan mah rék ngala nangka. Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naék. Didahar kabéh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré." Ngadengé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyét.
Ungkara dongéng di luhur, kagambar watek Sakadang Monyét téh nyaéta ....
A. Béréhan
B. Galak
C. Sarakah
D. Bageur
Baca sempalan dongéng ieu di handap pikeun ngajawab pertanyaan!
Keur kitu aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun kawawa ku lapar, ari kitu Nyi Endit bet nyarékan pajarkeun téh tau aya ka éra, tungtungna aki-aki dititah nyingkah. Aki-aki indit jumarigjeug bari ngomong: “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.” Ngomongna kitu téh ka saksian ku sakur anu aya di dinya. Saréngséna dalahar, rug-reg ngarandeg ting garero: “Ca’ah! Ca’ah!” Henteu kanyahoan ti mana datangna cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit ka keueum, Imahna ka keueum laput, sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai.
Pék analisis sempalan dongéng di luhur, nurutkeun hidep amanat anu kagambar tina éta dongéng nya éta ...
A. Kudu patuh kana naséhat kolot
B. Kudu ngajaga harta benda
C. Kasarakahan kana harta benda bakal nyilakakeun diri
D. Kudu ngajaga alam tina bencana
Baca sempalan dongéng ieu di handap!
Peutingna dua sobat anyar téh sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa silih geuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra.
Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, latar tempat nu kagambara nyaéta ....
A. Di tengah leuweung
B. Di sisi jalan
C. Di tengah sawah
D. Di sisi leuwi
Baca sempalan dongéng ieu di handap!
“Henteu talangké deui, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna, "Si Kuya mah rék dibéré anu aratah baé, ari anu arasakna keur uing, rék didahar di luhur ku sorangan." Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku manéhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, "Tah, Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naék ka dieu!" cenah.
Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, nilai moral nu kagambar nyaéta ….
A. Kasarakahan ngabalukarkeun karugian
B. Kanyaah ka sasama manusa
C. Silih tulungan jeung papada jalma
D. Loba pangabisa mawa kabagjaan
