Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BAHASA SUNDA KELAS XI PTS GANJIL

Total questions: 30

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.
Gaya biantara anu ditepikeun kalayan antaré, écés, jéntré, tur ngéntép seureuh. Biasana dilaksankeun dina kagiatan-kagiatan rapat, seminar, atawa riungan anu jumlahna kawatesanan. Lagam bianatra diluhur disebut....
a)
Lagam réligius
b)
Lagam agiator
c)
Lagam konvérsasi
d)
Lagam séntiméntil
e)
lagam didaktif
2.
Ieu dihandap mangrupa biantara ku cara nempo raraga atawa runtuyan singet eusi biantara, nyaéta....
a)
Biantara dadakan
b)
Biantara catetan ringkes
c)
Réligius
d)
Biantara naskah
e)
Baintara talaran
3.
Ieu di handap eusi bagéan bubuka tina biantara, nyaéta nepikeun....
a)
Salam pangwilujeng
b)
Ucapan hatur nuhun
c)
Ucapan dunga
d)
Muji sukur ka gusti Alloh SWT
e)
Ucapan menta dihapura
4.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana gaya biantara, nyaeta lagam....
a)
Didaktif
b)
Konvérsasi
c)
Akurasi
d)
Agiator
e)
Réligius
5.
Téma dina nepikeun biantara téh kudu anyar atawa up to date lain téma nu geus basi, kalimah diluhur kaasup kana padika biantara....
a)
Munel eusina
b)
Alus basana
c)
Tatag nyarita
d)
Ngandung wirahma
e)
Aktual
6.
Ieu dihandap mangrupakeun hal-hal anu kudu diperhatikeun dina nepikeun biantara, iwal....
a)
Parigel muka baintara
b)
Écés nepikeun biantara
c)
Ngéntép seureuh
d)
Réngkak, pasemon jeung lentong nayrita
e)
Ngayayay sagala dibahas
7.
Ibu sareng bapak hormateun simkuring. Ungkaran éta kaasup....
a)
Sanduk-sanduk ménta hampura
b)
Salam bubuka
c)
Eusi biantara
d)
Mukadimah
e)
Ngahaturkeun pangwilujeng kanu hadir
8.
Teu hilap sim kuring nyuhunkeun dihapunten bilih aya kaluputan, kalepatan sareng basa anu kirang merenah. Sapertos diuninga, sadaya kasavan sumpingna ti Gusti nu Maha Welas Asih, kalepatan ayana di sim kuring salaku manusa.Ungkara di luhur kaasup....
a)
Sanduk-sanduk
b)
Pedaran eusi
c)
kacindekan
d)
Bubuka
e)
Panutup
9.
Ngeunaan ku penting-pentingna cai nepi ka aya kacapangan mun leuweung dibukbak hurup bakal balangsak. Leuweung téh sumberna cai, mun tatangkalan béak dituaran, walungan jadi saat. Ungkaran di luhur kaasup....
a)
Salam bubuka
b)
Pedaran eusi
c)
sanduk-sanduk
d)
Bubuka
e)
Kacindekan
10.
Ungkaran basa dina wangun kecap atawa farasa anu harti jeung maksudna geus matok sarta ngandung harti injeuman disebut....
a)
Babasan
b)
Panyaram
c)
Paribasa
d)
Kekecapan
e)
Rakitan lantip
11.
Ieu di handap mangrupa conto babasan, iwal....
a)
Buntut kasiran
b)
Atah anjang
c)
Kokolot begog
d)
Balabar kawat
e)
Dinangna-néngné
12.
Paribasa halodo sataun lantis ku hujan sapoé ngandung harti....
a)
Boga andelan pedah boga dulur beunghar
b)
Kahadéan mangtaun-taunleungit ku kagoréngan sakali
c)
Lumbang-limbung teu puguh cabak
d)
Jalma lemah ngalawan nu kuat
e)
Ngarep-ngarep rejeki bari teu usaha
13.
Ieu di handap mangrupa paribasa pangjurung laku hadé, nyaéta....
a)
Agul ku payung butut
b)
Leuleus jeujeur liat tali
c)
Cara ka kembang malati kudu cara ka picung
d)
Incah balilihan
e)
Cul dogdog tinggal igel
14.
Ieu dihandap mangrupa paribasa panyaram lampah salah, nyaéta....
a)
Umur gagaduhan, banda sasampiran
b)
Kuméok méméh dipacok
c)
Deukeut-deukeut anak taleus
d)
Landung kandungan laer aisan
e)
Nété tarajé nincak hambalan
15.
Paribasa kudu bisa ngeureut neundeun saeutik mahi loba ngandung harti....
a)
Lamun teu nyaho kudu daék tatanya
b)
Sauyunan silih pihapékeun
c)
Sopan santun hadé tatakrama
d)
Kudu apik dina nyekel harta banda supaya boga bekel
e)
Loba pangalaman jeung pangaweruhna
16.
Babasan héjo tihang ngandung harti....
a)
Daékan kana gawé
b)
Sok pundah-pindah pagawéan
c)
Taya kasabaran
d)
Hutang kaditu kadieu
e)
Béja nu sumebar
17.
Paribasa buruk-buruk papan jati ngandung harti....
a)
Hadé goréng dulur sorangan
b)
Deukeut tapi teu aya nu nyahoeun
c)
Nu gering teu daek cicing
d)
Keur meujeuhna beuki dahar
e)
Nuduhkeun haté bersih
18.
Di handap ieu nu mangrupakeun rakitan lantip nyaeta...
a)
Teu éléh géléng
b)
Nora catur sagara wulan
c)
Nyai, pangngagéankeun kompor
d)
Bandung heurin ku tangtung
e)
Adat kakurung ku iga
19.
Di handap ieu nu mangrupakeun cacandraan nyaéta....
a)
Panca pandawa ngemban bumi
b)
Pang megatkeun sado kosong
c)
Sumedang ngarangrangan
d)
Sumur bandung
e)
Ngeupeul ngahuapan manéh
20.
Ieu dihandap nu teu kaasup kana ciri-ciri babasan....
a)
Ngandung arti injeuman
b)
Teu bisa dilemeskeun
c)
Wangun parasa atawa kecap kantétan
d)
Wangun kalimah
e)
Teu bisa dirobah
21.
Ciri rarakitan, nyaéta ...
a)
laraswekas
b)
mindoan kawit
c)
purwakanti
d)
8 engang
e)
ugeran
22.
Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran bisa dibagi jadi tilu golongan, nyaéta
a)
guguritan, wawangsalan, pupujian
b)
wawangsalan, paparikan, rarakitan
c)
rarakitan, paparikan, guguritan
d)
kakawihan, pupujian, mantra
e)
laraswekas, mindoan kawit, ugeran
23.
Beusi bodas cingcin kecrik, Cumah baé dipicinta. (.....). Wangsal anu merenah tina sisindiran di luhur, nyaéta ..
a)
timah
b)
kuningan
c)
tambaga
d)
pérak
e)
emas
24.
Lengkepan paparikan di handap ku eusi nu merenah! Ka kulah nyiar kapiting, Ngocok lobak bobodasna, ...................................., ....................................
a)
kapikir beuki kapikir, hirup kudu loba élmu
b)
ulah sok liar tipeuting osok loba gogodana
c)
abdi téh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan
d)
abdi mindeng ka nu balik, kumaha nuturkeunana
e)
lamun urang hayang pinter, kudu getol ka sakola
25.
Rarasaan ngala mayang, Teu nyaho cangkeuteuk leuweung, Rarasaan konéng umyang, Teu nyaho cakeutreuk hideung. Sisindiran di luhur kaasup kana papasingan sisindiran....
a)
paparikan piwuruk
b)
paparikan sésébréd
c)
rarakitan silihasih
d)
rarakitan sésébréd
e)
wawangsalan
26.
Anu kaasup kana wangun puisi buhun, nyaéta ....
a)
sisindiran, pupujian, guguritan
b)
sajak, sisindiran, wawaran
c)
carpon, sisindiran, pupujian
d)
novél, guguritan, sisindiran
e)
sajak, wawaran, carpon
27.
Sisindiran nyaéta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun, maksud dibalibirkeun, nyaéta
a)
togmol
b)
teu togmol
c)
nyata
d)
luyu
e)
sapuk
28.
Sasaruaan kecap babasan, nyaéta ...
a)
paribasa
b)
pakeman basa
c)
peperenian
d)
guguritan
e)
wangsal
29.
Jumlah engang dina unggal padalisan disebut .....
a)
guru wilangan
b)
guru lagu
c)
guru laras
d)
watek
e)
padalisan
30.
Daun hiris dibeungkeutan, Dibawa ka juru leuit, Anu geulis ngadeukeutan, Hayangeun dibéré duit. Sisindiran di luhur kaasup kana papasingan sisindiran ....
a)
paparikan piwuruk
b)
paparikan sésébréd
c)
rarakitan silihasih
d)
rarakitan sésébréd
e)
wawangsalan