wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN SUNDA PAT

Total questions: 35

Worksheet time: 18mins

Name
Class
Date
1.

Anu jadi matak reueus jadi anak Indonesia di antara nyaeta, iwal ti?

a)

a. Ngagaduhan sumber daya alam anu seueur

b)

b. Beunghar ku budaya, etnis, basa, agama jeung suku bangsana

c)

c. Ngagaduhan rebuan pulo

d)

d. Ngagaduhan pelajar nu garetol diajar

2.

Indonesia kasebutna nagara maritim pangageungna di dunya lantaran?

a)

a. Ngagaduhan rebuan pulo

b)

b. Ngagaduhan rebuah suku bangsa, basa katut budaya

c)

c. Lega keneh lautan daripada daratana

d)

d. Ngagaduhan Pulo Sabang sareng Merauke

3.

Upaya urang salaku pelajar sangkan jadi sumber daya manusia anu pinunujul, nyaeta kudu?

a)

a. Getol diajar

b)

b. Lahir jeung cicing di Indonesia

c)

c. Aya di nagara maritim

d)

d. Ngagaduhan rebuan budaya sareng adat istiadat

4.

Pulo di Indonesia teh sumebar ti?

a)

a. Jawa dugi ka Sumatera

b)

b. Sabang dugi ka Merauke

c)

c. Sabang dugi ka Papua

d)

d. Sabang dugi ka Maluku

5.

Sawatara Kabhinekaan anu aya di Indonesia, kudu?

a)

a. Dimumule

b)

b. Dijauhan

c)

c. Diantepkeun

d)

d. Dimusuhan

6.

Salah sahiji cara nunjukkeun rasa reueus ka bangsa sorangan teh nyaeta?

a)

a. Mikacinta barang buatan nagara batur

b)

b. Ngagunakeun produk buatan lokal

c)

c. Diajar basa nagara batur

d)

d. Ngamekarkeun budaya deungeun

7.

Kecap panakon anu digunakeun pikeun nanyakeun waktu kajadian, nyaeta?

a)

a. Saha

b)

b. Dimana

c)

c. Iraha

d)

d. Kumaha

8.

Kakawihan mah dihaleuangkeunana teh dina kaulinan barudak, ku kituna kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak. Contona?

a)

a. Oray-orayan

b)

b. Sabilulungan

c)

c. Tanah Sunda

d)

d. Karatagan Pahlwan

9.

Mang Ujang rek indit ka sawah. Kecap panambah dina kalimah eta nyaeta?

a)

a. Ka

b)

b. Indit

c)

c. Sawah

d)

d. Rek

10.

Dewi teh (geulis) di sakolana. Kecap geulis lamun dilarapkeun jeung rarangken nu hartina paling geulis nyaeta?

a)

a. Geugeulisna

b)

b. Gumeulis

c)

c. Panggeulisna

d)

d. Geugeulisan

11.

Baju keur diseuseuhan ku Sinta. Kalimah aktifna nyaeta?

a)

a. Baju keur nyeseuhan Sinta

b)

b. Diseuseuhan baju ku SInta

c)

c. Sinta nyeuseuhan ku baju

d)

d. Sinta keur nyeuseuhan baju

12.

Baju nu dipake Sinta teh meni Hejo!

a)

a. Ngagenclang

b)

b. Ngagedod

c)

c. Nyacas

d)

d. Ngempray

13.

Pek titenan sajak tina gamar!
Jejer dina sajak di luhur nyaeta ngeunaan?

a)

a. Kaayaan alam

b)

b. Tatangkalan

c)

c. Hawa angin

d)

d. Pilemburan

14.

Alam endah anu merenah ulah nepi ka punah! Kecap punah mibanda hartina?

a)

a. Tumpur

b)

b. Merenah

c)

c. Lestari

d)

d. Dijaga

15.

Anu nambahan kaendahan alam teh nyaeta?

a)

a. Cahaya Panon Poe

b)

b. Tatangkalan Tinggarupay

c)

c. Hiliwir Angin

d)

d. Lemah Cai

16.

Amanat anu ditepikeun dina sajak pikeun urang sangkan alam merenah, nyaeta iwal ti?

a)

a. Ulah nepi ka punah alam nu endah

b)

b. Kudu dipupusti

c)

c. Kudu diruksak digunasika

d)

d. Supaya tetep lestari

17.

Pagawean anu kaasup tarekah ngajaga lingkungan nyaeta? Iwal ti?

a)

a. Miceun runtah ka walungan

b)

b. Melakan tangkal di lahan anu kosong

c)

c. Nyieun pangserepan cai

d)

d. Ngaberesihan susukan

18.

Urang nu jadi anak incu wajib miara katut ngamumule taneuh subur rohmat ti Gusti. Kalimah pananya anu merenah pikeun jawaban di luhur, nyaeta?

a)

a. Dimana urang ngamumule taneuh nu subur?

b)

b. Kumaha carana ngamumule jeung miara taneuh nu subur?

c)

c. Saha nu kudu miara katut ngamumule taneuh nu subur ieu?

d)

d. Kasaha urang kudu miara katut ngamumule taneuh nu subur ieu?

19.

Kadaharan has ti wewengkon Cianjur, nyaeta?

a)

a. Tahu

b)

b. Tauco

c)

c. Peuyeum

d)

d. Galendo

20.

Apem teh nyaeta kadaharan anu bahan dasarna tina?

a)

a. Kacang Kadele

b)

b. Sampeu

c)

c. Tipung Ketan

d)

d. Pueyeum Sampeu

21.

.............................. Carana nyieun kiripik sampeu?
Kecap pananya pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaeta?

a)

Kumaha?

b)

Sabarahaan?

22.

Nyi Endit kawentar ku koretna. Kecap koret sarua hartina jeung kecap?

a)

Pedit

b)

Berehan

23.

Dimana anu kabanjiran teh?
Eta kalimah kaasup kana kalimah

a)

Kalimah Pananya

b)

Kalimah Bodor!

24.

Melakan deui leuweung anu gundul teh disebutna?

a)

Reboisasi

b)

Restorasi

25.

Dodol jeung burayot sarupaning kadaharan has tatar sunda ti wewengkon?

a)

Garut

b)

Sukabumi

26.

Ngasakan kadaharan make cai anu ngagolak disebutna?

a)

Ngulub

b)

Ngukus

27.

Nganunakeun basa daerah teh salah sahiji sikep ................................... ka lemah cai

a)

Mikacinta

b)

Logay

28.

Tatangkalan tinggarupay, nambahan endahna alam.

Kalimah di luhur kaasup kana conto gaya basa?

a)

Mijalma (Personifikasi)

b)

Silib sindir

29.

Cincangkeling teh kaasup kawih pikeun?

a)

Kaulinan

b)

POP Sunda

30.

Kadaharan sabangsa amis-amis tina tipung ketan dieusian ku enten, dibungkus ku daun cau sahuapeun-sahuapeun, ngolahna diseupan, ngaranna nyaeta?

a)

Bugis

b)

Winko Babat

31.

Jieun kalimah anu mibanda kecap di handap ieu!
a. Runtah
b. Tatangkalan

a)

a. Walungan saat ku kalakuan manusa
b. Jukut beuki garung wae tara dibabad

b)

a. Runtah ulah dipicen ka walungan bisi loba panyakit
b. Tatangkalan meni lebeut buahna

32.

Pek tataan cara ngajaga tur miara kabersihan di lingkungan imah!

a)

1. Miceun runtah kamana wae
2. Melak pepelakan batur
3. Susukan diantep nikatkeun kamangpet
4. Buruan imah antepkeun sina bala

b)

1. Miceun runtah ulah sakaba-kaba
2. Melak tutuwuhan sangkan asri tur endah
3. Susukan dibersihan ulah nepi kamangpet
4. Buruan imah disapukeun unggal poe

33.

(1) macaan (2) pangmacakeun

Pek larapkeun kecap di luhur kana kalimah di handap ieu!
a. Cing, Uwa ............................. surat Den!
b. Ki Uding keur ................................. surat ti incuna.

a)

a. jeung (2)
b. jeung (1)

b)

a. jeung (1)
b. jeung (2)

34.

Pek tataan 3 (tilu) rupa kadaharan tradisional ti Tatar Sunda jeung wewengkon asalna!

a)

Tauco ti Cianjur
Tahu Sumedang ti Sumedang
Galendo ti Ciamis
Dodol, Burayot ti Garut
dll.

b)

Tauco ti Bandung
Tahu Sumedang ti Garut
Galendo ti Sukabumi
Dodol, Burayot ti Bogor
dll.

35.

Pek jentrekeun kumaha carana hidep nyieun Cilok!

a)

Cilok dijieuna tina tipung ketan digalay make cai sangkan bisa dibentuk baruleud. ulah hilap jeung panambah rasa umuna adonan ditambahan bungbu amis, bawang daun, uyah, jeung pedes. Saenggeus dikotak-kotak tuluy dikulub nepi ka asak! Cilok biasana dibungbuan deui ku sambel beledag.

b)

Cilok dijieuna tina tipung aci atawa dicampur sareng tarigu digalay make cai sangkan bisa dibentuk baruleud. ulah hilap jeung panambah rasa umuna adonan ditambahan bungbu bawang bodas, bawang daun, uyah, jeung pedes. Saenggeus dibuleud-buleud tuluy dikulub nepi ka asak! Cilok biasana dibungbuan deui ku sambel kacang.