wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

22 TARJAMAHAN

Total questions: 20

Worksheet time: 22mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan mindahkeun hiji basa kana basa lainna disebut....

a)

transkripsi

b)

narjamahkeun

c)

transliterasi

d)

nyalin basa

e)

saduran

2.

Kamampun dina ngama’naan atawa ngahartikeun maksud omongan dina narjamahkeun disebut kamampuh....

a)

soiolinguistik

b)

semantik

c)

gramatikal

d)

leksikal

e)

linguistik

3.

tarjamahan biasa anu mindahkeun basa naskah tina basa sumber bari teu merhatikeun kahususan basa sasaran disebut ....

a)

interlinéar

b)

otomatis

c)

saduran

d)

formal

e)

budaya

4.

Tarjamahan interlinear nyaeta....

a)

prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung runtuyan kecap dina basa aslina

b)

prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, ukur ngudag maksud nu dikandungna baé

c)

prosés narjamahkeun nu lain bébas deui, tapi mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina disaluyukeun kana alam, rasa, jeung suasana nu nyampak dina kahirupan sabudeureun nu narjamahkeunana

d)

prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah asli kana basa sasaran

e)

kagiatan narjamahkeun ma’na ku cara nyaluyukeun jeung budaya sasaran

5.

Prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun narjamahkeunana, disebut ....

a)

interlinéar

b)

otomatis

c)

saduran

d)

adaptasi

e)

bébas

6.

Tarjamahan saduran nyaeta ….

a)

prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung runtuyan kecap dina basa aslina

b)

prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, ukur ngudag maksud nu dikandungna baé

c)

prosés narjamahkeun nu lain bébas deui, tapi mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina disaluyukeun kana alam, rasa, jeung suasana nu nyampak dina kahirupan sabudeureun nu narjamahkeunana

d)

prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah asli kana basa sasaran

e)

kagiatan narjamahkeun ma’na ku cara nyaluyukeun jeung budaya sasaran

7.

(1) Kudu satia kana teks aslina.

(2) Tangtukeun jeung identifikasi kasang tukang ngalaksanakeun kagiatan.

(3) Perhatikeun kalawan daria, sumanget, jeung suasana dina karangan aslina.

(4) Hasil tarjamahan teh ulah katembong minangka karya tarjamahan.

(5) Susun rupa-rupa informasi jadi hiji laporan anu sistematis tur gumulung.

Nu kaasup kana prak-prakan narjamahkeun dituduhkeun ku nomer....

a)

(1), (2), jeung (3)

b)

(1), (3), jeung (4)

c)

(2), (3), jeung (5)

d)

(2), (4), jeung (5)

e)

(3), (4), jeung (5)

8.

Prosés narjamakeun téh dimimitian ku ....

a)

mariksa téks asli, narjamahkeun, ngawangun deui hasil tarjamahan

b)

mariksa téks asli, narjamahkeun, narjamahkeun deui make kamus

c)

mariksa téks asli, mariksa hasil tarjamahan, narjamahkeun

d)

mariksa téks asli, teu narjamahkeun, teu mariksa deui

e)

mariksa téks asli, mindahkeun hasil narjamahkeun, mariksa teks asli tarjamahan

9.

Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab nyaéta....

a)

abdi

b)

iman

c)

ahlak

d)

agama

e)

taqwa

10.

Kecap kenyang dina basa Sunda upama di tarjamahkeun kana basa Indonesia sarua  hartina jeung kecap....

a)

betot

b)

wareg

c)

tarik

d)

eungap

e)

dudut

11.

Kakaknya sedang mengadakan acara tujuh bulanan di rumah mertuanya.

Tarjamahan tina kecap acara tujuh bulanan saupama dipatalikeun jeung konteks kabudayaan Sunda nyaeta....

a)

seren tampi

b)

ngeuyeuk seureuh

c)

jatukrami

d)

tingkeban

e)

seserahan

12.

Bugang pating golepak di sisi walungan lantaran kabawa caah.

Kecap caah sarua hartina jeung kecap ... dina basa Indonesia.

a)

gempa

b)

banjir

c)

kemarau

d)

air

e)

hujan

13.

Tarjamahan basa Sunda anu paling bener pikeun ayat di luhur nyaeta....

a)

Kalayan nyebat jenengan Allah anu Maha Welas tur Maha Asih.

b)

Paparin pituduh ka abdi sadaya ka jalan anu lempeng.

c)

Sagala puji kagungan Allah anu ngawasa sadaya alam.

d)

Mung ka Allah abdi ibadah sareng mung ka Allah abdi neda pitulung.

e)

Anu ngawasa dinten wawales.

14.

Salaku siswa urang kudu boga pangaweruh jeung kaparigelan anu punjul.

Kecap kaparigelan dina basa Sunda sarua hartina jeung kecap ... dina basa Indonesia.

a)

keunggulan

b)

keterampilan

c)

pengetahuan

d)

kepintaran

e)

kecerdasan

15.

Urang kudu reueus kana basa jeung budaya Sunda.

Tarjamahan dina basa Indonesia anu paling bener nyaeta...

a)

Kami harus memiliki rasa cinta terhadap bahasa dan budaya Sunda.

b)

Kita harus cinta terhadap bahasa dan budaya Sunda.

c)

Kita harus bangga terhadap bahasa dan budaya sunda.

d)

Kita semua harus mencintai bahasa dan budaya Sunda.

e)

Kami harus sayang terhadap bahasa dan budaya Sunda.

16.

Kalimah “saya pergi ke pasar”, upama ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi ....

a)

Abdi indit ka pasar

b)

Abdi mios ka pasar

c)

Abdi angkat ka pasar

d)

Kuring mios ka pasar

e)

Kuring angkat ka pasar

17.

Yang duduk mengerubung di (1) sisi kanan-kiriku, tak bisa berbuat (2) apa-apa. Tak ada yang mampu membantu. Menolongku dari keadaan ini. Membiarkanku (3) terombang-ambing antara alam nyata dan alam gaib. Mereka (4) membisu. Komat-kamit mulut, tapi tak terdengar suara apa pun.

Kecap anu digurat handap dina bacaan di luhur saupama ditarjamahkeun kana basa Sunda nyaeta....

a)

(1) gigireun, (2) nanaon, (3) kaditu-kadieu, jeung (4) cicing

b)

(1) gigireun, (2) nanaon, (3) diayun-ambing, jeung (4) ngabetem

c)

(1) gigireun, (2) nanaon, (3) kakalayangan, jeung (4) jempling

d)

(1) sisi, (2) nanaon, (3) diayun-ambing, jeung (4) cicing

e)

(1) sisi, (2) nanaon, (3) kakalayangan, jeung (4) ngabetem

18.

Babasan “amis daging” saupama ditarjamahkeun kana basa Indonesia nu paling bener nyaeta....

a)

daging yang manis

b)

manis daging

c)

memiliki daging yang manis

d)

mudah terkena penyakit kulit

e)

daging yang berbau amis

19.

Don't walk in front of me, I may not follow. Dont Walk behind me, I may not lead. Walk beside me, be my friend!"

Eta kalimah di luhur ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi....

a)

Ulah leumpang hareupeun, bisi kuring teu bisa nuturkeun. Ulah leumpang tukangeun, bisi kuring teu bisa dituturkeun. Pék leumpang gigireun, jadi sobat kuring!

b)

Ulah leumpang tukangeun, bisi kuring teu bisa nuturkeun. Ulah leumpang hareupeun, bisi kuring teu bisa dituturkeun. Pék leumpang gigireun, jadi sobat kuring!

c)

Ulah leumpang hareupeun, bisi kuring kudu nuturkeun. Ulah leumpang tukangeun, bisi kuring bisa dituturkeun. Pék leumpang gigireun, jadi sobat kuring!

d)

Ulah leumpang hareupeun, pasti kuring bisa nuturkeun. Ulah leumpang tukangeun, bisi kuring bisa dituturkeun. Pék leumpang gigireun, jadi sobat kuring!

e)

Ulah leumpang tukangeun, pasti kuring teu bisa nuturkeun. Ulah leumpang hareupeun, pasti kuring embung dituturkeun. Pék leumpang gigireun, jadi sobat kuring!

20.

“Mari kita panjatkan puji dan syukur kepada Alloh swt, sholawat dan salam semoga selamanya tercurah limpah pada junjunan kita Nabi Muhammad swa.”

Kalimah di luhur saupama ditarjamahkeun kana basa Sunda nu bener tur merenah nyaeta…

a)

Hayu urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Alloh swt, sholawat sareng salam mugi tetep tercurahlimpahkeun ka  jungjunan urang, Nabi Muhammad saw.

b)

Langkung ti payun urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Alloh swt, sholawat sareng salam mugi tetep tercurahlimpahkeun ka  Nabi Muhammad saw.

c)

Urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Alloh swt, sholawat miwah salam mugi tetep ngagolontor ka Nabi Muhammad saw.

d)

Hayu urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Alloh swt, sholawat miwah salam mugi tetep ngocor ngagolontor ka  jungjunan urang, Nabi Muhammad saw.

e)

Hayu urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Alloh swt, sholawat beserta salam mugi tetep ngocor ngagolontor ka  jungjunan urang, Nabi Muhammad saw.