NEW
Font size
WorksheetsU.H Dongeng
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
(1) Sumebar sacara tinulis
(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(3) diwangun ku basa lancaran
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7) Ngandung unsur seni
(8) Sumebar sacara lisan
(9) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan
Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng diantarana ...
1, 2, 3, 4
1, 6, 8, 9
2, 3, 5, 8
1, 2, 4, 8
5, 7, 8, 9
Jaman baheula aya adi lanceuk ngaranna Ki Sabar jeung Ki Subur. Ari Ki Subur lanceukna Ki Sabar téh kaasup jelema beunghar. Ngan Ki Subur téh kacida korétna. Ki Subur tara méré jariah. Lamun nginjeumkeun duit, mulangkeunana kudu leuwih loba. Béda pisan jeung adina, ngaranna téh ki Sabar. Ki Sabar mah hirupna pas-pasan alias miskin; tapi masih sok tutulung ka batur. Lamun ningali batur keur susah pasti wé ditulungan sabisana ku ki Sabar
Sempalan dongeng di luhur téh nepiakeun ngéunaan ....
Taneuh subur
Dulurna Ki Sabar
Ki Sabar jeung Ki Subur
Ki Sabar lanceukna ki Subur
Adina Ki Sabar anu bageur pisan
Nyi Putri ngadeg bari nulak cangkéng ngagorowok “Kami kudu kawin ka anak pulung cacah, hideng deuih? Ké lanan, kami éling kénéh,” tuluy nunjuk ka luar mani bentik bentik curukna, omongna “ka ditu geura balik, manéh ulah ka dieu-dieu deui!” Watek nyi putri tina sempalán dongéng di luhur téh nyaéta ....
bageur
adigung
soméah
welas asih
sadrah tumarima
Dalem Boncél kacida kaduhunggeunana, lantaran geus wani wani ngusir kolotna. Ayeuna ku dirina karasa kumaha balukarna doraka ka nu jadi kolot. Manéhna nyergruk kanyenyeri bari nangkeup tetengger kuburan indung bapana. Amanat anu ditepikeun tina sempalan dongéng di luhur téh nyaéta ....
kudu indit ka kuburan indung bapa
ulah doraka ka nu jadi kolot
kudu wani ngusir kolot
ulah sok kaduhung
ulah sok nyegruk
Baca sempalan dongéng dihandap!
Kecepruk kecepruk munding meuntas. Ditumpakan ku budak awéwé, diukna ngémpol. Wanci tunggang gunung nu lumaku nepi ka tutugan pasir, eureun handapeun kiara. Kabeneran lebah dinya aya pancuran, caina ngagolontor hérang. Budak awéwé ka cai, ngumbah suku, subeungeut, tuluy nginum, da hanaang. Ari nginumna di totor, teu inget kana weweling indung. Leguk nginum, geblus pancuran awi saruas. Asup kana tikoro budak, kaserot bareng jeung cai. Budak téh eeueleugeungan. Reng sisitan, gebay jadi oray totog.
Kalimah nu nuduhkeun unsur pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah ....
Kabeneran manggih pancuran
Munding ditumpakan ku budak awéwé
Wanci tunggang gunung nepi ka tutugan pasir
Budak awéwé sisitan tuluy robah jadi oray totog
Budak awéwé nginum cai bari ditotor, teu inget weweling indung
Ieu di handap sempalan dongéng nu kaasup kana dongeng sasakala nyaéta ....
Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau. Sakadang kuya melak anak cau, ari sakadang monyét melak jantungna
Si oray kuda anu salawasna jal sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis ka si Aki ménta ditulungan, sien génghék kaduruk.
Jaman baheula aya Raja Sepuh nu kacida welas asihna ka bala putrana. Ari putrana aya tilu, kabéhanana ogé awéwé. Hiji mangsa, Raja ngageoran putra-putrana sina ngariung, masamoan di karaton jeung kulawadetna. Ku Raja éta anak-anakna téh rék ditanya soal kanyahoana ka manéhna.
Jol sakadang maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak sakadang kuya. Gur baé suluh téh diseungeut
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan léb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
Bacalah dongéng 'Paménta Tilu Rupa" dihandap ieu.
Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carék dahar isuk henteu soré lain bobohongan. Pagawéanana sok buburuh ngangon domba. Ari buruhna dina sataun ngan saukur meunang paré 50 geugeus ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.
Demi dununganana jalma beunghar tapi korét kacida sarta licik. Ka pangangon téh ngan saukur minteran waé. Sakali mangsa éta tukang ngangon téh gering nepika teu bisa ngangon. Tapi ku dununganana téh henteu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, kadununganana ménta kadaharan. Ngan batan méré mah dununganana kalah nyarékan.
Antukna tukang ngangon téh musapir, manéhna prihatin liwat saking sarta ngenes dina jero haté. Beurang peuting neneda ka Gusti hayang cara deungeun-deungeun teu kakurangan nanaon, tuluy wéh miceun manéh kaleuweung. Nalika keur réhat handapeun tangkal, manéhna manggih batu tilu siki. Anu kacaritakeun bisa ngabulkeun 3 paménta.
Tuluy wéh manéhna ménta hayang loba duit, naha ari pok téh kalah nyebut loba ceuli. Atuh kabéh saawak-awak rebeng ku ceuli, paménta kadua antukna manéhna ménta éta kabéh ceuli dileungitkeun tina awakna tapi poho kana ceuli anu dua. Ahirna kabéh ceulina leungit euweuh nu nyésa. Paménta nu katilu manéhna ménta ceuli anu dua diayakeun deui. Tidinya manéhna sadar yén jalma anu beunghar téh nya éta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna.
(Pamekar Diajar Basa Sunda, kaca 59)
Amanat anu nyangkaruk dina éta dongéng nya éta .....
Manusa teu daya upaya dina nyorang kahirupan
Kudu sukur kana naon anu geus ditarima
Hirup téh teu salawasna dina kabagjaan
Yén hirup téh kudu silih tulungan
Ulah jadi jalma korét
Dongéng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa disebut...
Fabél
Mite
Sasakala
Babad
Parabel
Dongéng anu eusina aya patalina jeung sajarah disebut...
Sagé
Parabel
Sasakala
Fabél
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiyangan...
Sempalan carita di luhur mangrupa gambaran ....... Prabu Niskala Wastu Kancana
Pasipatan
kaayaan
jejer
puseursawangan/sudut pandang
amanat
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiangan...
Naon sababna Prabu Niskala Wastu Kancana dianggap leuwih unggul ti mamangna ogé ramana?
Leuwih ngora umurna
Leuwih pinter cara mikirna
Ngawasa élmu lahiriah boh batiniah
Aya buktina dina Prasasti
Aya buktina dina Naskah Carita Parahiangan
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiangan...
Saha nu jadi palaku utama tina sempalan babad di luhur
Rama na
Mamang na
Prabu Niskala Wastu Kancana
prabu wangi
Buni sora
Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé nyata
Sangkuriang kahampangan
Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang
Sangkuriang nyieun parahu
Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang
Sangkuriang saenyana anak raja
Di Garut katelah pisan hiji carita anu dijudulan (1) Sasakala Situ Bagendit. Ceunah mah luyu jeung ngaran tokohna Nyi Endit anu miboga watek medit. Lamun di Sukabumi katelah pisan ku dongéng (2) Nyi Roro Kidul anu dibarengan ku carita (3) Sasakala Palabuanratu. Sabenerna, lian ti éta dongéng masih kénéh réa dongéng ti Sukabumi téh salasahijina aya dongéng (4) Sasakala Situsukaramé ti Parakansalak. Tapi anu kawéntar di tanah Sunda dugi ka ayeuna mah dongéng (5) Si Kabayan, lian ti caritana ramé, ogé matak pikaseurieun. Anu mantak pikasediheun naha aya dongéngna? Aya! Masih inget dongeng (6) Budak Pahatu? Mani waas nalika lanceuk jeung adi hirup paduduaan dina ringkang kasusah. Beunghar pisan Sunda téh ku carita dongéngna, ti sabangsaning (7) Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet anu silih gitik hayang ngala cabé, aya ogé caritaan bangsa (8)Sireum anu meunang ngala Gajah.
Ku réana dongéng Sunda anu sumeber mana waé anu kaasup Parabel....
1 jeung 3
3 jeung 4
5 jeung 6
7 jeung 8
1 jeung 2
Unggal soré Abdul mindeng ngupingkeun dongéng dina radio. Lian ti jadi hiburan, tina dongéng ogé sok meunangkeun hiji pangajaran pikeun Abdul. Unsur pangajaran anu aya dina dongéng disebut
Témaa
Watek
Jejer
Amanat
Palaku
Dina hiji dinten, Déwi Sinta hoyong unjukan ka carogéna yén palay nyaba ka bangawan suci Gangga, nepangan para patapa anu kapungkur kantos némbongkeun kasatiaana nalika Rama sareng Sinta ditundung ti nagara.
Unsur dominan nu aya dina sempalan dongéng di luhur, nyaéta …
A. Penokohan
B. Témaa
C. Latar
D. Amanat
E. Alur
Pék baca ieu téks sempalan dongéng ieu di handap!
Ti dinya tukang angon tuluy balik ka lemburna. Sajajalan teu weléh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk gerentes haténa, “Kahiji aing rék ménta beunghar. Kadua rék ménta jadi raja. Lantaran beunghar ogé ari teu agung mah tara dihargaan. Katiluna aing rék ménta loba anak, sangkan bisa nulyukeun raja jeung kabeungharana.”
Dumasar sempalan dongéng di luhur dongéng éta kaasup kana dongéng…
fabel
mite
sasakala
babad
parabel
Salasahiji ciri-ciri dongeng dihandap ieu, iwal....
Anonim
Tradisional
Pamohalan
Kapaluruh nu ngarangna
Sumberarna ngalwatab lisan
Baca sempalan téks dongéng ieu di handap!
Aki-aki indit bari jumarigjeug. Mémeh indit manéhna ngomong kieu, “Masing inget, sakabéh kalakuan téh boh nu hadé boh nu goréng, bakal aya wawalésna!” Saterusna nu dalahar amitan rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rugreg ngararande, sabab aya nu tingjorowok, “Caah! Caah!” cenah. Henteu kanyahoan ti mana datangna cai, ngan léb baé ngeueum pakarangan imah Nyi Endit. Jalma-jalma bubar katawarun teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkahan cai, tapi barang ka luar pisan ti imahna, cai téh lir ombak laut ngagulung awakna. Imahna ogé kakeunum méh laput.
Tina sempalan dongéng di luhur, anu kaasup kana hal nu pamohalan nyaéta…
saterusna nu dalahar amitan rék baralik. kakara gé patinglaléos, rugreg ngarandeg, sabab aya nu tingjorowok, "caah! caah!"
aki-aki indit bari jumarijeg
saterusna nu dalahar amitan rek baralik
méméh indit manéhna ngomong kieu, "masing inget, sakabéh kalakuan téh boh nu hadé boh nu goréng, bakal aya wawalesna"
imahna ogé kakeueum méh laput
Baca sempalan téks dongéng ieu di handap!
Aki-aki indit bari jumarigjeug. Mémeh indit manéhna ngomong kieu, “Masing inget, sakabéh kalakuan téh boh nu hadé boh nu goréng, bakal aya wawalésna!” Saterusna nu dalahar amitan rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rugreg ngararande, sabab aya nu tingjorowok, “Caah! Caah!” cenah. Henteu kanyahoan ti mana datangna cai, ngan léb baé ngeueum pakarangan imah Nyi Endit. Jalma-jalma bubar katawarun teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkahan cai, tapi barang ka luar pisan ti imahna, cai téh lir ombak laut ngagulung awakna. Imahna ogé kakeunum méh laput.
Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, bisa dicindekkeun yén anu disebut dongéng téh nya éta …
Carita anu di rekayasa manusa, nu puguh pangarangna
Carita nu umumna parondok tur ngandung unsur pamohalan (hal-hal di luar nalar manusa, hartina teu asup akal), teu puguh saha nu ngarangna (anonim), nyebarna tatalépa sacara lisan, jeung basa digunakeun dina dongéng umumna basa sapopoé atawa basa lancaran.
Carita anu aya dina daya nalar manusa jeung sumebarna sacara tinulis.
Hal-hal anu aya di luar carita dongéng bari asup akal.
Hal-hal anu teu aya di jero dongéng bari teu asup akal.
