NEW
Font size
WorksheetsQUIZ SISINDIRAN
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Buah sisitan ngagonyok,
ulah sok galak tiburu
Wangsalna nyaéta…
anggur
salak
kawéni
cengkir
sirsak
Ti Bandung ka Batujajar,
tas angkot sado gantina,
kaduhung ngedul diajar,
geus kolot bodo jadina.
Sisindiran di luhur kaasup kana wanda…
wawangsalan
tatarucingan
teteguhan
paparikan
rarakitan
Anu kaasup kana rarakitan piwuruk nyaéta…
Daék sotéh ka Cinangka,
ka Cisitu mah teu purun,
daék sotéh ka manéhna,
ka nu itu mah teu purun
Peupeujeuh ari ka Bandung, ulah meuli hayam katé, peupeujeuh ari ka indung, ulah ngayerikeun haté.
Cau naon cau naon,
cau kulutuk di juru, bau naon bau naon, bau nu hitut di juru.
Aya meri dina rakit,
boboko wadah bakatul,
lain nyeri ku panyakit, kabogoh direbut batur.
Ngala dukuh maké wadah,
tamiang jeung awi surat. Sing teguh nyepeng akidah, Sangkan caang di ahérat.
Pikasureun dijarumat,
jarumna harga sasénan,
saluhureun kudu hormat,
........................................
Ungkara anu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur nyaéta...
sasama kudu silih hargaan
hubungan dihargaan
sahandapeun diajénan
kulawarga kudu ajénan
dulur baraya agéhan
Mawa peti dina sundung,
dibawa ka Nusa Jawa,
pangarti teu beurat nanggung,
kabisa teu beurat mawa.
Sisindiran di luhur, kaasup kana sisindiran wangun...
rarakitan piwuruk
paparikan piwuruk
rarakitan sésébréd
paparikan sésébréd
rarakitan silih asih
Wangsalna “ucing”, ari cangkangna nyaéta…
Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang.
Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran.
Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing.
Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut.
Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun.
saé nu jadi kapala.
..................................
diasupkeun ka sakola,
anda nu leuwih ti harta.
Ungkara anu merenah keur ngeusian jajaran kadua nyaéta...
urang nu jadi siswa
ménak nu ka Purwakarta
Banda Acéh di Sumatra
Selat Jawa-Sumatra
wakilna mah saha waé
Ramo deukeut indung leungeun, sing tumut kana piwuruk.
Wangsalna nya éta…
jempol
cingir
jajangkung
curuk
jariji
Lamun jadi saliara,
meureun kaala buahna,
lamun jadi ka salira,
meureun kacida bungahna.
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun …
paparika sésébréd
paparikan silih asih
rarakitan piwuruk
rarakitan silih asih
paparikan piwuruk
Paburisat eusi leuweung,
macan tutul ngudag badak,
aduh tobat alah ieung,
bisul aya nu ngadupak.
Nurutkeun eusina, sisindiran di luhur kagolong kana…
piwuruk
siliasih
sésébréd
siliasah
wawangsalan
