wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis LAPORAN KAGIATAN

Total questions: 10

Worksheet time: 6mins

Name
Class
Date
1.

unsur-unsur anu kudu aya dina laporan kagiatan teh nyaeta 5 W + 1 H.

How dina basa Sunda hartina...

a)

Naon

b)

Saha

c)

Iraha

d)

Kumaha

e)

Naha

2.

Ditilik tina eusina, laporan téh aya tilu rupa nyaéta....

a)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan eusi

b)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan pamilon kagiatan

c)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan jurnalistik

d)

laporan keuangan, laporan jurnalistik, laporan lalampahan

e)

laporan jurnalistik, laporan keuangan, laporan lisan

3.

Anu dimaksud laporan kagiatan nyaéta....

a)

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, atawa hal naon waé nu geus kaalaman atawa kalaksanakeun

b)

ringkesan ngeunaan hiji matéri anu geus diajarkeun

c)

ringkesan ngeunaan anggaran salah sahiji kagiatn anu geus dilaksanakeun

d)

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan anu rék dilaksanakeun

e)

laporan lalampahan

4.

Salah sahiji mangpaat laporan kagiatan téh nya éta pikeun pertanggungawaban ka pihak nu patali jeung kagiatan atawa biasa disebut minangka ….

a)

bukti

b)

arsip

c)

rarancang gawé nu bakal datang

d)

pamilon kagiatan

e)

bahan evaluasi

5.

Ieu Wisata Budaya diayakeun sangkan para siswa wanoh kana adat kabiasaan di Kampung Naga sarta para siswa bisa ngajénan kana budaya nu hirup di eta wewengkon.

a)

tujuan

b)

pamilon

c)

waragad

d)

waktu kagiatan

e)

panutup

6.

Laporan jurnalistik mah ilaharna ditulis ku ...

a)

panalungtik

b)

siswa

c)

guru

d)

wartawan

e)

penyiar

7.

Conto laporan kagiatan anu nuduhkeun waktu lumangsungna kagiatan nyaeta....

a)

Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 31 Mei 2017, jam 08.00-11.00 wib.

b)

Ieu kagiatan dilaksanakeun di Bale Pamidangan SMK Sundalana Jalan Garut No. 2 Kota Bandung.

c)

Nu ngiringan ieu kagiatan julmahna aya kana 60 urang.

d)

Jumlah waragad anu dipake pikeun ieu kagiatan nyaeta Rp. 2.500.000,-.

e)

Nu jadi pinunjul dina ieu kagiatan nyaeta kelas X-1.

8.

(1) Kacindekan

(2) Kasang tukang kagiatan

(3) Tujuan kagiatan

(4) Jumlah waragad

(5) Saran

Bagian laporan kagiatan anu aya dina panutup dituduhkeun ku nomer....

a)

(1) jeung (2)

b)

(1) jeung (5)

c)

(2) jeung (3)

d)

(2) jeung (4)

e)

(3) jeung (5)

9.

Dina raraga milangkala SMK Sundalana anu ka-20, OSIS SMK Sundalana ngayakeun kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan sakola. Ieu kagiatan teh minangka pangreuah-reuah, sarta salah sahiji kasempetan pikeun nembongkeun kaparigelan jeung karancagean siswa. Iwal ti eta, ieu acara teh ngarojong program Rebo Nyunda anu ditepikeun ku pamarentah daerah. Ku kituna dipiharep bisa numuwuhkeun kareueus jeung sumangrt siswa sangkan ngamumule seni tradisi Sunda.

Kasang tukang tina bubuka di luhur nyaeta....

a)

milangkala SMK Sundalana anu ka-20

b)

kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan sakola

c)

kasempetan pikeun nembongkeun kaparigelan jeung karancagean siswa

d)

ngarojong program Rebo Nyunda

e)

ngamumule seni tradisi Sunda

10.

Kelompok anu kapilih pikeun unggal kategori nyaeta:

(1) Kelompok 3 ti kelas X anu midangkeun layeutan kawih dileler “Pamidang Favorit.”

(2) Kelompok 4 ti kelas XI anu midangkeun angkung dileler “Pamidang Motekar.”

(3) Kelompok 1 ti kelas XII anu midangkeun drama Lutung Kasarung dileler “Pamidang Mencrang.”

Bagian laporan kagiatan di luhur kaasup kana bagian....

a)

Bubuka Kagiatan

b)

Waragad Kagiatan

c)

Pamilon Kagiatan

d)

Hasil Kagiatan

e)

Panutup Kagiatan