WorksheetsDrama - Quiz
Total questions: 10
Worksheet time: 15mins
Nurutkeun Kamus LBSS, drama nyaeta ....
(1) niru atawa niron-niron
(2) carita sandiwara nu matak sedih
(3) karya sastra dina wangun paguneman
(4) carita nu matak kukurayeun jeung matak pikasediheun
(1), (2), jeung (3) bener
(1) jeung (3) bener
(2) jeung (4) bener
ngan (4) nu bener
sakabéhna (1, 2, 3, jeung 4) bener
Wanda drama dina khazanah tradisi urang Sunda nyaeta ....
(1) sandiwara
(2) longsér
(3) gending karesmén
(4) léngsér
(1), (2), jeung (3) bener
(1) jeung (3) bener
(2) jeung (4) bener
ngan (4) nu bener
sakabéhna (1, 2, 3, jeung 4) bener
Drama anu pagunemannana (dialogna) dihaleuangkeun (dinyanyikeun) disebut ....
longsér
léngsér
sandiwara
gending karesmén
drama musikal
Nu kaasup judul gending karesmén nyaeta ....
(1) Nini Anteh (Wahyu Wibisana)
(2) Mundinglaya Dikusumah (MA Salmun)
(3) Masyitoh (Ajip Rosidi)
(4) Lutung Kasarung ( Sayudi)
(1), (2), jeung (3) bener
(1) jeung (3) bener
(2) jeung (4) bener
ngan (4) nu bener
sakabéhna (1, 2, 3, jeung 4) bener
Sacara lahiriah dina wujud karangan drama aya hal-hal anu geus maranti, iwal .....
pértelaan palaku
candraan
prolog jeung epilog
wirahma
babak jeung adegan
Ajén jeung Sanip kaluar ti Imah Pa RT, di luar duanana ngalobrol
Ajén : Sanip, nanaonan manéh tadi molototan kuring di jero imah? Keuheul?
Sanip : éh urang mah kitu sotéh akting wungkul, pan ayeuna urang bisa kabur.
Ajén : éh heueuh nya, alus lah otak manéh!
Dua garong kalabur, di imah Pa RT pada ngadagoan garong nepi ka isuk-isuk, tapi teu datang deui. Maranéhna sadar yén garong téh geus nipu saréréa. Ku sabab tunduh kénéh, nepi ka bisa katipu ku garong...
Dicutat tur diropéa tina
Postingan Septyan Kurniawan
https://cakcakbodaskatapang.blogspot.co.id
Kalimah Dua garong kalabur, ......... nepi ka bisa katipu ku garong dina cutatan naskah drama di luhur kaasup kana bagéan ....
pertelaan palaku
prolog
épilog
babak
adegan
(1) Di Desa Bojongribut yén aya garong nu sok ngararad sakur nu aya dihareupeunana. Hansip béak carita miskin pangakalan sangkan bisa néwak éta garong
(2) Di hiji peuting, hansip keur ngaronda. Manéhna ngomong sorangan “Duh kieu nya jadi hansip désa terpencil mah sugan ngaronda téh disuguhan cikopi jeun roti, ti tatadi kalah nguyup angin bari hayang saré.
(3) Keur kitu torojol Ujang, jelema jangkung badag, titahan RT keur jadi kaamanan ronda peuting ayeuna, sakalian ngabaturan hansip
Ujang : Assalamualaiakum
Hansip : Waalaikumsalam, wah jadi manéh kadieu?
Ujang : éh da amanah Sip. Kuring mah diutus langsung ku pa RT jeung mawa cikopi keur hansip cenah keur ubar tunduh.
Hansip : cing atuh kadieukeun cikopina!
Ujang : Ké heula, diperjalanan téh kuring inget ceuk pa RT, lamun tunduh nginum cikopi, tah kaleresan simkuring téh nuju tunduh nya nu dileguk wé ku simkuring téh.
Hansip : euh.. manéhn mah sarua wé jeung bohong atuh kitu mah.
Cutatan di luhur dina paragraf ka-1 nepi ka paragraf ka-3 dina naskah drama kaasup kana bagéan (a)
Raja Wales
R.H. Hidayat Suryalaga
Di hiji lembur, tiiseun. Teu lila nitir sora kohkol dititirkeun pikaketireun. Burudul saabrulan rahayat, paciweuh.
Saréréa : “Aya naon? Aya naon? Aya naon?”
Rayat I : “Teuing atuh, éta kohkol mani nitir kitu!”
Rayat II : “Kahuruan meureun! Tuh geuning haseup mani ngelun!”
Saréréa : “Mana? Mana? Mana?”
Rayat II : “Ituh … Beulah kulon tuh!”
Rayat III : “Hayu … (beretek lumpat) (sora ti jero) bedus téh! Sugan téh enya kahuruan, nu keur
meuleum jarami geuning”
Rayat IV : “Nu lulungu téa, haseup durukan disangka nu kahuruan!
Saréréa : “Teuing atuh!”
Rayat IV : “Asa galeumpeur! Moal kitu aya rajapati mah?”
Ungkara “Di hiji lembur, tiiseun. Teu lila nitir sora kohkol dititirkeun pikaketireun. Burudul saabrulan rahayat, paciweuh” di luhur dina naskah drama kaasup ….
candraan
pertelaan palaku
paguneman
prolog
épilog
Omongan diucapkeun dina pintonan drama dina wangun ngomong sorangan disebutna ….
(a)
Dina saadegan aya sababaraha babak
Bener
Salah
