wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN B. SUNDA PUPUH

Total questions: 20

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Pupuh teh jumlahna aya sabaraha ....

a)

3

b)

6

c)

15

d)

17

2.

Nu ka asup pupuh sekar ageung aya 4, nyaeta ....

a)

kinanti, sinom, Asmarandana jeung wirangrong

b)

kinanti, sinom, Asmarandana jeung dangdanggula

c)

Maskumambang, sinom, Asmarandana jeung wirangrong

d)

kinanti, sinom, Asmarandana jeung mijil

3.

Pupuh sekar alit aya sabaraha pupuh ....

a)

4

b)

7

c)

13

d)

17

4.

Kumaha watekna pupuh kinanti ....

a)

Pangharepan, kahayang jeung kasedih

b)

rasa gumbira

c)

silih asih jeung nasihat

d)

rasa ngambeuk jeung pasea

5.

karya sastra sunda dina wangun puisi atawa ugeran disebutna ....

a)

Puisi

b)

Sajak

c)

Pupuh

d)

Tembang

6.

kauger hartina ....

a)

jumlah engang dina unggal padalisan

b)

katangtuan ngenaan jumlah padalisan

c)

Kabeungkeut ku guru puisi jeung guru wilangan

d)

Kabeungkeut ku guru lagu jeung guru wilangan

7.

guru wilangan nyaeta ....

a)

jumlah engang dina unggal padalisan

b)

Kabeungkeut ku guru lagu jeung guru wilangan

c)

sora engang panungtung dina unggal padalisan

d)

katangtuan ngenaan jumlah padalisan

8.

Biasana pupuh teh sok dilagukeun atawa dihariringkeun.

ngahariringkeun pupuh teh disebutna ....

a)

puisi

b)

nembang

c)

ngadongeng

d)

biantara

9.

kumaha watekna pupuh mijil ....

a)

Rasa gumbira

b)

ngambeuk jeung pasea

c)

kabingung, kacilakaan jeung kamusibahan

d)

silih asih jeung nasihat

10.

"Hirup Sauyunan" ka asup kana pupuh ....

a)

Mijil

b)

Maskumambang

c)

Kinanti

d)

Balakbak

11.

Pupuh anu judulna "Sabar kana Cocoba"ka asup kana pupuh naon ....

a)

Mijil

b)

Kinanti

c)

Wirangrong

d)

Sinom

12.

lengkepan kalimah dihandap ....

Barudak keur .... pupuh di kelas.

a)

nembang

b)

narembang

c)

arulin

d)

balageur

13.

lengkepan kalimah dihandap.

Barudak kelas 5 mah .... pisan

a)

indit

b)

arasak

c)

bageur

d)

balageur

14.

Barudak teh balangor pisan teu beunang dicaram.

dicaram hartina ....

a)

dicarek

b)

dipikanyaah

c)

diteunggeulan

d)

dianteup

15.

lengkepan kalimah dihandap.

Buruan teh kudu disapukeun mani .... kieu.

a)

bararesih

b)

barala

c)

bala

d)

garetol

16.

Lamun hayang rea batur

kudu sopan hade budi

saluhureun dihargaan

sahandapeun dipiasih

Ka kolot kudu ngajenan

ka guru kudu miharti.

numutkeun pupuh diluhur, kudu kumaha mun hayang rea batur ....

a)

kudu sopan hade budi

b)

kudu ngahargaan

c)

kudu mikaasih

d)

kudu miharti

17.

Lamun hayang rea batur

kudu sopan hade budi

saluhureun dihargaan

sahandapeun dipiasih

Ka kolot kudu ngajenan

ka guru kudu miharti.

numutkeun pupuh diluhur, kudu kumaha sikep ka guru ....

a)

kudu sopan hade budi

b)

kudu miharti

c)

kudu ngajenan

d)

kudu ngahargaan

18.

kecap "kaprihatinan" sarua jeung ....

a)

gumbira

b)

sederhana

c)

kasedih

d)

kahayang

19.

Padalisan nyaeta ....

a)

jajaran

b)

gunduk

c)

wilangan

d)

guru lagu

20.

deudeuh teuing awak kuru

gering parna ku ....

eta ge sami cocoba

urang kudu sadar diri

lengkepan pupuh diluhur

a)

mujarab

b)

tarapti

c)

kasakit

d)

pikir