NEW
Font size
WorksheetsCarita Pangalaman Kelas VII
Total questions: 20
Worksheet time: 14mins
Kajadian anu kungsi karandapan/kaalaman boh ku urang boh ku batur disebut …
Karesep
Pangalaman
Karangan
Paguneman
Karangan anu eusina ngébréhkeun atawa nyaritakeun kajadian anu bener-bener kaalaman ku urang dina kahirupan sapopoé, sok disebut …
Karangan Pedaran
Karangan Déskripsi
Karangan Argumentasi
Karangan Pangalaman
Nyieun karangan mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes, tapi kudu dumasar …
Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
Data anu nyata, data anu kungsi kartempo atawa kaalaman
Naon waé anu dipikaresep ku urang atawa ku batur
Kungsi aya dina implengan (hayalan) urang atawa batur
Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina waktu nyieun carita pangalaman nyaéta …
Nutup carita sakahayang urang
Ngagunakeun basa Sunda nu cohag
Muka carita bisa dumasar kana panutup karangan
Ngagunakeun kalimah anu jéntré tur merenah
Pangalaman anu karandapan ku sorangan disebut …
Pangalaman batur
Pangalaman pribadi
Pangalaman asli
Pangalaman hayalan
Anu teu kaasup bagéan tina rangkay karangan nyaéta …
Nangtukeun téma
Nangtukeun galur carita
Teu kudu aya panutup
Maké basa anu merenah
Anu teu kaasup struktur karangan pangalaman nyaéta …
Pangbagéa
Paragarap bubuka
Paragarap eusi
Paragarap panutup
Conto pangalaman langka tur matak anéh anu bisa dijadikeun karangan pangalaman nyaéta …
Indit sakola babarengan jeung babaturan
Keur mandi caina saat kusabab pareum listrik
Hudang saré kabeurangan jadi elat ka sakola
Jadi pinunjul pasanggiri sajak sa-Jawa Barat
Pangalaman abdi nyaéta waktos pun Nini ngantunkeun di Padalarang. Abdi kacida sedihna, kumargi pun Nini téh kacida nyaaheunana ka abdi. Abdi gé ngaraos kaleungitan ku kanyaah pun Nini anu sakitu ageungna. Lamun abdi mondok di bumi Nini, ku anjeunna sok disadiakeun katuangan anu raraos. Sok diajak balanja ka pasar. Teras dijajanan sawaregna.
Téma tina karangan pangalaman di luhur nyaéta …
Ninina ngantunkeun
Ninina nyaaheun
Ninina sok ngajajanan
Ninina aya di bumi
Pangalaman abdi nyaéta waktos pun Nini ngantunkeun di Padalarang. Abdi kacida sedihna, kumargi pun Nini téh kacida nyaaheunana ka abdi. Abdi gé ngaraos kaleungitan ku kanyaah pun Nini anu sakitu ageungna. Lamun abdi mondok di bumi Nini, ku anjeunna sok disadiakeun katuangan anu raraos. Sok diajak balanja ka pasar. Teras dijajanan sawaregna.
Eusi carita tina pangalaman di luhur nyaéta …
Pikabungaheun
Pikasediheun
Pikalucueun
Pikaéraeun
Ilikan ungkara ieu di handap!
(1) Nini sok nyayogikeun katuangan jeung ngajajanan
(2) Abdi kacida sedihna
(3) Kusabab Nini nyaaheun ka abdi
(4) Nini ngantunkeun
Upama tina pangalaman di luhur dijieun galurna, anu merenah nyaéta …
(2) – (4) – (1) – (3)
(2) – (4) – (3) – (1)
(4) – (2) – (3) – (1)
(4) – (2) – (1)– (3)
Saacan nyieun karangan pangalaman, urang kudu nyieun heula …
Paguneman
Rangkay karangan
Kakawihan
Kajadian
Upami hoyong tepang sareng Aki atanapi Nini téh abdi mah sakulawargi ari dina waktos pakanci.
Harti tina pakanci sarua jeung …
Babawaan
Jempling
Liburan
Heureuy
Tangtos sonona téh da langka atuh tepang sareng Aki téh.
Kecap tepang mangrupa basa lemes tina kecap …
Panggih
Saré
Dahar
Ulin
Kitu deui nu sanésna pating béléngéh, malah téh Ami mah ceuleukeuteuk waé gumujeng, mani tarik pisan.
Kecap gumujeng mangrupa basa lemes tina kecap …
Dahar
Saré
Seuri
Panggih
Éta mah pun adi anu bungsu, ti barang Aki sumping, mani montél pisan alim misah.
Kecap montél hartina …
Hareureuy bari saleuseurian
Pageuh nyekelan anu dituturkeunana, teu daék papisah
Meresihan jukut tina sela-sela paré
Mawa barang loba sarta rupa-rupa
Pun Aki sareng pun Nini upami ka Bandung sok …….. ku cacandakan. Aya buah, nangka, jagong, cau, sangu timbel, sareng pais guramé atanapi lauk nilem karesep abdi.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta …
jempling
tepang
rébo
rangu
Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.
Éta carita pangalaman mangrupa pangalaman anu karandapan nalika …
Ulangan di sakola
Mintonkeun drama
Jurit malam pramuka
Jiarah ka kuburan
Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.
Numutkeun caritana, éta pangalaman téh karandapan …
Ku sorangan
Ku kulawarga
Tina radio
Tina televisi
Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.
Sipat pangalaman tina conto karangan pangalaman di luhur nyaéta …
Pikabungaheun jeung pikaseurieun
Pikaseurieun jeung pikaéraeun
Pikasieuneun jeung pikalucueun
Pikaéraeun jeung pikasediheun
