Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PRA-PAS X-12

Total questions: 30

Worksheet time: 2hrs 30mins

Name
Class
Date
1.

Bakatku horéam nyokot, Dayang Sumbi humandeuar, pokna téh, “Mun aya nu mangnyokotkeun, mun awéwé rék diaku dulur, mun lalaki rék diaku salaki…” cenah. Tapi euweuh sasaha iwal ti si Tumang nu keur héés. Si Tumang ngoréjat ngadéngé kitu téh. Tuluy ku manéhna éta kentreung téh dicokot, dibikeun ka Nyi Dayang Sumbi.

 

Si Tumang nagih jangji hayang diaku salaki. Reuwas Dayang Sumbi téh, tapi lantaran rumasa geus kaleupasan omong, kapaksa inyana daék dikawin ku si Tumang. Kersaning Hyang Widi, Dayang Sumbi ngandeg kakandungan. Sarta geus cunduk kana waktuna brol ngalahirkeun budak lalaki dibéré ngaran Sangkuriang.

 

Dina hiji mangsa, sanggeus Sangkuriang rada gedé, Dayang Sumbi nitah moro hayang dipangmawakeun ati mencek. Sangkuriang da puguh sapopoé di leuweung dititah kitu téh teu baha. Nya caritana inyana miang jeung si Tumang rék moro mencek.

 

Watek palaku nu aya dina sempalan dongéng di luhur anu merenah nyaéta …

a)

Dayang Sumbi nu resep ka saban lalaki

b)

Si Tumang anu kedul

c)

Sangkuriang budak baha

d)

Dayang Sumbi teu jalir janji

e)

Sangkuriang piindung

2.

Gunung Tampomas

 

Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?

Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.

…

 

Dongéng di luhur kaasup kana dongéng…

a)

Sagé

b)

Fabél

c)

Parabél

d)

Sasakala

e)

Mite

3.

Dina dongéng Sangkuriang aya unsur pamohalan, diantarana waé nyaéta…

a)

Raja kahampangan dina balokéng

b)

Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang

c)

Sangkuriang nyieun parahu

d)

Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang

e)

Sangkuriang anak raja

4.

Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta…

a)

Téma

b)

Purwakanti

c)

Palaku

d)

Galur

e)

Latar

5.

Salah sahiji ciri dongéng téh nyaéta anonim, maksudna…

a)

Sumebarna sacara lisan

b)

Sumebarna sacara tinulis

c)

Kanyahoan nu ngarangna

d)

Teu kanyahoan saha nu ngarangna

e)

Ngabogaan amanat

6.

Ieu di handap nu kaasup kana kalimah pangharepan, nyaéta…

a)

Muga-muga waé rencana urang bisa laksana!

b)

Jung baé tiheula, kuring mah aya perlu heula!

c)

Geus ti iraha atuh gering téh?

d)

Tiasa nyuhunkeun cai?

e)

Maca sing bener!

7.

Rupaning hal atawa perkara anu rék ditepikeun ku pangarang dina karyana disebut...

a)

Amanat

b)

Galur

c)

Latar

d)

Palaku

e)

Téma

8.

Najan éta paréntah téh teu asup akal, tapi lantaran paréntah raja, Prabu Borosngora ngagugu ogé. Satengahing lalampahan, di hiji tempat anu mayakpak lir sagara keusik, Prabu Borosngora tepung jeung hiji jalma nu ngaranna Sayidina Ali. Ka Sayidina Ali, Prabu Borosngora bébéja seja néangan guru anu mibanda élmu luhung. Ngadéngé omongan Prabu Borosngora, harita kénéh Prabu Borosngora diajak leuleumpangan ku Sayidina Ali.

Dumasar sempalan dongéng di luhur, harti kecap luhung nyaéta...

a)

Hadé

b)

Sakti

c)

Lengkep

d)

Sagala bisa

e)

Mangpaat

9.

Dongéng téh asalna sumebar sacara lisan, ngan ayeuna geus aya sawatara dongéng anu geus dibukukeun, umpamana waé …

a)

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét

b)

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

c)

Sasakala Uncal Tandukan

d)

Gagak Hayang Jadi Merak

e)

Sunan Permana Dipuntang

10.

Pupuh mangrupa karya sastra buhun nu dipaké dina nulis wawacan. Ciri utama dina pupuh téh nyaéta ayana guru lagu jeung guru wilangan. Guru lagu jeung guru  wilangan dihasilkeun tina prosés...

a)

Ngitung kecap dina unggal padalisan

b)

Ngitung engang dina unggal pada

c)

Ngitung engang dina unggal padalisan

d)

Ngitung kecap dina unggal pada

e)

Ngitung baris

11.

1. Runtah

2. Mojang Priangan

3. Jurudemung

4. Badminton

5. Magatru

6. Pager Baya

Dumasar data di luhur, anu kaasup kana kawih nyaeta...

a)

1-2-4-6

b)

1-2-3-5

c)

2-3-5-6

d)

2-4-5-6

e)

1-3-4-5

12.

Tokoh dina gambar mangrupa maestro musik Sunda nu nyanggi kawih Karatagan Pahlawan, Hariring nu Kungsi Nyanding, Badminton, jsb.

a)

Dian Hendrayana

b)

Sambas Mangundikarta

c)

Mang Koko

d)

Darso

e)

Nano S

13.

Waditra dina gambar biasana sok digunakeun pikeun mirig. Kumaha cara maenkeunna?

a)

Ditakol

b)

Ditiup

c)

Dijentreng

d)

Dipencet

e)

Disimpen

14.

Cingcangkeling

Manuk cingkleung cindeten

Blos ka kolong

Bapasatar buleneng

Dumasar tina rumpakana, teks diluhur kaasup kana...

a)

Kawih

b)

Tembang

c)

Kakawihan

d)

Pupuh

e)

Kontemporer

15.

12i, 6a, 81, 8a mangrupa guru lagu jeung guru wilangan pupuh...

a)

Magatru

b)

Durma

c)

Jurudemung

d)

Balakbak

e)

Maskumambang

16.

Di handap ieu nu kaasup kana kalimah parentah nyaeta...

a)

Isuk keneh meni geus ngagutrut kana hape!

b)

Cik atuh, siga nu teu boga kaera wae!

c)

Unggal poe pagawean teh sare we tuluy!

d)

Cik jang, pangmukakeun panto!

e)

Ari jadi siswa teh jaga sikapna!

17.

Es lilin mah ceuceu, di dorong-dorong

Dibantun mah, dibantun ka sukajadi

Abdi isin ceuceu, samar kahoyong

Sok sieun mah aduh, henteu ngajadi

Dina rumpaka di luhur ngandung unsur ... dina kekecapanna.

a)

Purwakanti

b)

Rarangken

c)

Sajak

d)

Wawacan

e)

Sisindiran

18.

Judul nu merenah pikeun gambar nyaeta...

a)

Nyi Roro Kidul

b)

Sasakala Gunung Tampomas

c)

Gagak Hayang jadi Merak

d)

Si Kabayan Ngala Nangka

e)

Gajah jeung Sireum

19.

Di handap ieu pupuh nu miboga watek pikasediheun nyaeta...

a)

Maskumambang

b)

Durma

c)

Balakbak

d)

Kinanti

e)

Jurudemung

20.

Kakawihan disebut oge...

a)

Tembang

b)

Pupuh

c)

Kawih murangkalih

d)

Pop Sunda

e)

Kawih modern

21.

Dumasar katerangan dina gambar, Dimana alamat imah Sindi?

a)

Léngkong

b)

Batara

c)

Indihiang

d)

Kawalu

e)

Urug

22.

1. Nailah

2. Mahfud

3. Ilka

4. Syifa

5. Dafa

Dumasar ngaran di luhur, nomor sabaraha wae nu ngandung rarangken pangwisad upama ditulis dina aksara Sunda?

a)

4-5

b)

3-4

c)

1-2

d)

2-3

e)

2-4

23.

Taun sabaraha Indonesia merdeka?

a)

b)

c)

d)

e)

24.

Dina gambar, ngandung rarangken naon wae?

a)

Pangwisad jeung Panghulu

b)

Panghulu jeung Panyecek

c)

Panyecek jeung panolong

d)

Pangwisad jeung panyecek

e)

Panyiku jeung Panghulu

25.

Saha nu kiwari ngajabat salaku Gubernur Jawa Barat?

a)

b)

c)

d)

e)

26.

Pungsi rarangken panyecek nyaeta...

a)

Nambahan sora -r di ahir

b)

Nambahan sora -L- di tengah

c)

Ngarobah sora a jadi u

d)

Ngarobah sora a jadi i

e)

Nambahan sora -ng di ahir

27.

Salian ti rarangken panghulu, rarangken naon deui nu ditulisna diluhureun aksara ngalagena/swara?

a)

Pangwisad

b)

Paneuleung

c)

Pamaeh

d)

Pamingkal

e)

Panyiku

28.

Samemeh mikawanoh aksara Sunda, urang Sunda oge kungsi ngagunakeun aksara...

a)

Pallawa

b)

Iban

c)

Kanayatn

d)

Paku

e)

Hieroglif

29.

Sebutkeun rarangken naon wae nu aya dina gambar!

a)

Panyecek jeung Pamaeh

b)

Panghulu jeung pangwisad

c)

Pamaeh jeung panyakra

d)

Panghulu jeung pamaeh

e)

Pamaeh jeung panyiku

30.

Rarangken nu pungsina ngarobah sora a dina aksara ngalagena jadi sora u nyaeta...

a)

Panghulu

b)

Panyiku

c)

Panyuku

d)

Pamepet

e)

Paneuleung