Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH Biantara kelas XI Basa Sunda

Total questions: 25

Worksheet time: 9mins

Name
Class
Date
1.

Ngandung wirahma dina biantara hartina ....

a)

siap jeung yakin

b)

padet jeung  jelas

c)

karasa lentongna

d)

make basa nu sopan

e)

tema biantarana kaayeunakeun

2.

Istilah biantara dina basa sejen mah disebutna ....

a)

Orasi

b)

Transisi

c)

Promosi

d)

Persuasi

e)

Edukasi

3.

Memoriter disebut oge tehnik biantara ku cara ....

a)

Ditulis

b)

maca teks

c)

ngapalkeun

d)

ngadadak/ spontan

e)

mawa catetan leutik

4.

Biantara teh mangrupa hiji kagiatan nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun ....

a)

Bubuka

b)

Jejer

c)

Caritaan

d)

Informasi

e)

Amanat

5.

Bagian dina biantara anu eusina muji-muji ka Pangeran oge ngahaturkeun ka nu sumping disebut ....

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

salam bubuka

e)

salam panutup

6.

Bagian atawa struktur biantara kabagi jadi ....

a)

4

b)

5

c)

6

d)

7

e)

8

7.

Nepikeun hiji hal ka jalma rea kalawan maksud anu tangtu boh dina acara resmi atawa teu resmi disebut ....

a)

Warta

b)

Bewara

c)

Laporan

d)

Biantara

e)

Wawancara

8.

Salam bubuka, bubuka, eusi, panutup, jeung salam panutup kaasup kana ....

a)

cara biantara

b)

harti biantara

c)

sarat biantara

d)

tehnik biantara

e)

babagian biantara

9.

Hal nu kudu diperhatikeun dina biantara nyaeta ....

a)

alus basana

b)

kudu loba duit

c)

mawa dahareun

d)

bari nyepeng HP

e)

make baju anyar

10.

Impromptu disebut oge tehnik biantara ku cara ....

a)

Ditalar

b)

maca teks

c)

ngapalkeun

d)

ngadadak/ spontan atawa langsung

e)

mawa catetan leutik

11.

"Bapa miwah Ibu girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat, hadirin anu sami linggih di ieu patempatan anu ku sim kuring dipihormat, katut rerencangan nu sami janten patandang nu ku sim kuring pikanyaah tur pikacinta. Sateuacanna, hayu urang sasarengan sanggakeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Agung anu parantos masihan kasehatan rehna dina dinten ieu urang tiasa kempel riung mungpulung paamprok jonghok di ieu patempatan dina kaayaan sehat wal afiat.

Sempalan biantara di luhur mangrupa bagian tina ....

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

salam bubuka

e)

salam panutup

12.

Tehnik biantara manuskrip biasana dilakukeun nalika ....

a)

biantara Presiden

b)

biantara ulang taun

c)

biantara paturay tineung

d)

biantara por kamerdekaan

e)

biantara pamapag dina upacara

13.

Biantara ku cara maca kana teks sagemblengna nyaeta ....

a)

Ditalar

b)

Memoriter

c)

Manuskrip

d)

Impromptu

e)

ekstemporan

14.

Hadirin hormateun sim kuring,

Basa Sund oge kedah janten emutan urang sadaya, rehna kiwari aya nu disebut "hari berbahasa ibu". Di sababaraha sakola tos diwajibkeun nyarios nganggo basa Sunda unggal dinten Kemis. Tapi angger keneh wae teu digugu. Pajar teh gengsi, jeung teu "gaul". Sim kuring ngaraos prihatin, asa karunya ningal kasenian, budaya, sareng basa urang ayeuna siga nu henteu diaku deui  ku nonomanana. Haget urang teh diajar kana budaya deungeun. Bade iraha atuh nanjeurkeun budaya sorangan?

Tema atawa jejer anu merenah pikeun sempalan eusi biantara di luhur nyaeta ....

a)

Mieling HUT Kota Sukabumi

b)

Mieling Poe Kamerdekaan

c)

Mieling Poe Basa Indung

d)

Mieling Poe Pahlawan

e)

Mieling Poe Kartini

15.

Biantara biasana disebut oge ....

a)

Iklan

b)

Debat

c)

Pidato

d)

Laporan

e)

Pengumuman

16.

Bagian dina biantara anu mangrupa inti tina naon nu rek ditepikeun nyaeta ....

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

salam bubuka

e)

salam panutup

17.

Di handap ieu mangrupakeun hal-hal anu kudu diperhatikeun dina biantara, iwal ....

a)

raksukan (pakean) nu dipake kudu rapih

b)

eces nepikeun biantara

c)

rengkak, pasemon, jeung lentong nyarita

d)

sorot panon kudu sumebar

e)

gaya basa pikatajieun (menarik)

18.

Dina panutup biantara nu ditepikeun biasana ....

a)

ngahina pamiarsa

b)

nepikeun inti pasualan

c)

salam jeung ngawilujengkeun

d)

muji-muji ka Gusti jeung ngahaturkeun

e)

ngahaturkeun nuhun, menta hampura

19.

Supaya biantara urang pikatajieun ku batur, hal nu kudu diperhatikeun salah sahijina nyaeta ....

a)

make baju anu alus

b)

dangdan sing menor

c)

bari ngabagi-bagikeun duit

d)

make minyak seungit anu mahal

e)

nepikeun topik nu kaayeunakeun (aktual)

20.

Biantara kaasup kana kaparigelan .... dina wangun ....

a)

nulis - dialog

b)

maca - dialog

c)

maca - monolog

d)

nyarita - dialog

e)

nyarita - monolog

21.

Salam bubuka dina biantara biasana saperti ....

a)

hey !

b)

nuju naon ?

c)

hurip Sunda !

d)

Sampurasun !

e)

kumaha damang ?

22.

Kagiatan nyarita di hareupeun balarea disebut....

a)

biantara

b)

dongen

c)

nyajak

d)

ngawih

e)

nembang

23.

"Bapa miwah Ibu girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat, hadirin anu sami linggih di ieu patempatan anu ku sim kuring dipihormat, katut rerencangan nu sami janten patandang nu ku sim kuring pikanyaah tur pikacinta. Sateuacanna, hayu urang sasarengan sanggakeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Agung anu parantos masihan kasehatan rehna dina dinten ieu urang tiasa kempel riung mungpulung paamprok jonghok di ieu patempatan dina kaayaan sehat wal afiat.

Sempalan biantara di luhur mangrupa bagian tina ....

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

salam bubuka

e)

salam panutup

24.

Tehnik nepikeun biantara nyaeta...

a)

importmu, ekstemporan, naskah jeung ngapalkeun

b)

importmu, ekstemporan, guluyur, nyarita

c)

importmu, ekstemporan, ngawih, ngahaleuang

d)

importmu, ekstemporan, nyarita, ngalagena

e)

ngawih, nembang, nyarita,

25.

Maksud tina paribasa "lain mamatahan ngojay ka meri" nyaeta...

a)

mamatahan

b)

mamatahan batur

c)

mamatahan sorangan

d)

mamatahan kanu jadi kolot

e)

lain maksud mamatahan kanu leuwih ngarti