WorksheetsPAS BAHASA SUNDA XI
Total questions: 40
Worksheet time: 20mins
Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting, disebutna . . . .
Wawaran
Biantara
Déklamasi
Dramatisasi
kawih
Perkara anu teu kaasup kana bubuka biantara ...?
ucapan salam
sholawat kanjeng nabi
puji syukur ka gusti allah
ménta hampura
Teu aya jawaban
Rupina cekap sakitu cariosan ti simkuring, nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. Hatur nuhun. Eta kekecapan teh mangrupa.....tina biantara
Bubuka
Eusi
Kacindekan
Panutup
Teu aya jawaban
Di handap ieu nyaéta anu kudu dilakukeun dina nganepikeun biantara...?
Tatag dina nyaritana
Loba seuri waktu nyarita
Roman anu baeud
Bubuka mah teu pati perlu
Teu aya jawaban
Di handap ieu nyaeta anu lain mangrupa unsur TAMAN dina biantara...?
Tatag dina nyarita
Aktual témana
Munel eusina
Ngandung kalimah pangajak
Teu aya jawaban
Di handap ieu lain mangrupa ciri-ciri anu aya dina biantara resmi...
Biantara direspon ku unggeuk
Biantara direspon ku ngajukeun pananya
Biantara direspon ku ngagodeg
Biantara direspon ku keprok
Teu Aya jawaban
Dina biantara perlu dilarapkan Tatakrama Basa Sunda. Umpama nyarita di hareupeun anu saluhureun saperti dihreupeun Ibu / Bapa Guru perlu ngagunakeun...?
Ragam Basa Loma
Ragam Basa Hormat / Lemes
Basa anu kasar
Basa anu bebas, boh kasar boh lemes
Teu aya jawaban
Nyarita dina biantara di hareupeun jalma anu geus akrab atawa sahandapeun...?
Bisa ngagunakeun Ragam Basa Loma
Bisa ngomong sangeunahna
Teu perlu ngahargaan ka anu ngaregepkeun
Teu meunang ngagunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes
Teu Aya jawaban
Dihandap ieu anu henteu saluyu jeung naon hartina biantara...
Naskah biantara kudu disusun sacara merenah jeung rapih
Biantara nyaeta nyarita dihareupeun saurang jalma
Biantara biasana direspon ku ngan saukur unggeuk, ngagodeg jeung keprok
Dina biantara, utamana biantara resmi, biasana komunikasina ngan saukur saarah atawa monologis
Teu aya jawaban
Dihandap ieu anu henteu saluyu jeung anu disebut biantara anu merenah...!
Eusi biantara kudu dieusi ku eusi jeung kacindekan, sedengkeun bubuka jeung panutup mah teu pati perlu
Eusi biantara kudu dieusi ku topik anu urang apal
Eusi biantara kudu dieusi ku topik anu matak kataji ka anu ngaregepkeun
Eusi biantara kudu dieusi ku topik anu dipikaresep ku urang
Teu Aya jawaban
Di handap ieu nyaeta hal anu salah anu aya patalina jeung biantara...!
Dina nepikeun biantara, nyarita kudu tatag
Dina nepikeun biantara, naskhana bisa dibaca atawa bisa oge teu dibaca
Dina biantara teu resmi naskah biantara teu meunang dibaca
Dina biantara teu resmi kadang aya oge komunikasi dua arah, gumantung kana suasanana
Teu aya jawaban
Wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa disebut...
Sisindiran
Pakeman basa
Undak-usuk basa
Sajak
Tatarucingan
Salahsahiji pancen panumbu catur, nyaeta....
Nepikeun masalah
Ngajawab pananya ti pamilon
Mantuan nulis
Ngawanohkeun dirina
Ngawanohkeun pangjejer
Unsur-unsur nu biasa aya dina sawala teh, nyaeta....
Pupuhu, panumbu catur, girang serat, jeung pamilon
Panumbu catur, girang serta, jeung pamilon
Pupuhu, girang serat, jeung lalakon
Pupuhu, girang serat, jeung pamilon
Pupuhu, panumbu catur, jeung pamilon
Nu teu kaasup kana struktur teks panumbu catur nyaeta....
Ngadeuheuskeun puji sukur
Medarkeun nu rek disawalakeun
Ngawanohkeun ka pangjejer
Ngahaturanan pangjejer medarkeun materi
Ngawanohkeun MC
Sakitu panginten sawala anu parantos dipidangkeun. Hatur nuhun ka pangersa Bapa Drs. Anwar Munawar, M.Hum anu tos kersa janten pangjejer dina acara sawala ieu. Kitu deui hatur nuhun sadaya hadirin anu parantos partisipasi dina ieu acara, sahingga lancar acarana.
ungkara diluhur teh ditepikeun ku panumbu catur dina waktu....
Ngawanohkeun MC
Ngahaturanan pangjejer
Ngawanohkeun pangjejer
Nutup Sawala
Narik kacindekan tina sawala
(1) Wanter (percaya diri)
(2) Kudu rea maca tina sawatara sumber
(3) Materi sawala kacangkem
(4) Volume sorana pas, lentongna jelas
(5) Apal kana tatakrama basa
kalimah di luhur mangrupa sababaraha hal lamun urang rek jadi .....
Panata acara
Pangjejer
Pupuhu
Panumbu Catur
Pamilon
Jawaban nu merenah tina pananya "Saha nu janten pangjejer dina acara sawala teh?", nyaeta ....
"Anu janten pangjejerna, nyaeta pangersa Bapa Drs. Anwar Munawar"
"Anu jadi pangjejer, nyaeta Bapa Drs. Anwar Munawar"
"Tah nu jadi pangjejerna, Bapa Drs. Anwar Munawar"
"Muhun nu janten pangjejerna Bapa Drs. Anwar Munawar"
"Eta nu jadi pangejejerna teh Bapa Drs. Anwar Munawar"
Hadirin nu ku simkuring dipikahormat, waktos anu disayogikeun ku panata calagara teh 90 menit. Kanggo medarkeun ieu perkara panginten simkuring masihan ka pangersa Bapa Drs. Anwar Munawar 30 menit. Salangkungna nyaeta 60 menit kangge sawala. Dihaturanan ka pangersa Bapa Drs. Anwar Munawar kanggo medarkeun pamadenganana.
Ungkara di luhur teh ditepikeun ku panumbu catur dina waktu....
Nerangkeun katangtuan dina sesi tanya jawab
Ngahaturkeun ka pangjejer medar materi
Ngawanohkeun pangjejer
Narik kacindekan tina sawala
Nutup sawala
Sisindiran asal kecapna tina . . .
Sindir
Sindiran
Kasindiran
Pasindir-sindir
nyindir
Cangkang dina paparikan ayana dina padalisan ka . . .
1 jeung 3
1 jeung 2
2 jeung 3
3 jeung 4
1 jeung 4
Dina sapada paparikan diwangun ku . . . padalisan
Hiji
Dua
Tilu
Opat
lima
Sapanjang jalan soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan...................,
moal weléh diakalan.
kecap nu cocok pikeun titik-titik diluhur nyaeta......
kahontal
kasorang
katéang
katajong
kabawa
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
wangsalna.......
Simeut
Oray
Hayam
Kuda
Belut
Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna....
sisindiran
rarakitan
paparikan
wawangsalan
tatarucingan
Ka Bandung ge meni ulah
Balik-balik rek ka mana
Ka Bandung arek kuliah
Balik-balik jadi Sarjana
Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...
paparikan
rarakitan
sisindiran
wawangsalan
biantara
Wangsalna "salak", ari cangkangna nya eta....
Buah sisitan ngagonyok, ulah sok galak timburu
Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun
Teu beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikahayang
Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran
Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing
Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukurana pondok, disebutna...
Fikmin
Carnyam
Novelét
Novelét
Carpon
Carpon sumebar sacara...
Lisan
Tulisan
Ti hiji jelema ka jelema nu laina
Jaman baheula
Jaman modern
Anu teu kaasup ciri-ciri carpon, nya éta...
Wangun karangana pondok
Sifat caritana naratif jeung fiktif
Palaku caritana kaitung réa
Eusina kaharti ku akal atawa réalistis
Biasana nyaritakeun hiji kajadiaN
Anu teu kaasup kanu unsur-unsur intrinsik dina carpon, nya éta...
Téma
Rasa
Palaku
Latar
Galur
Inti dadasar carita dina carpon, disebutna…
Téma
Latar/Setting
Palaku
Amanat
Galur
Runtuyan Kajadian dina carpon, disebutna…
Téma
Latar/Setting
Palaku
Amanat
Galur
Kasang tukang kajadian dina carpon, disebutna…
Téma
Latar/setting
Palaku
Amanat
Galur
Pesen atawa talatah anu ditepikeun ku pangarang ngaliwatan eusi dina carpon, disebut...
Téma
Palaku
Galur
Latar/setting
Amanat
Karya Sastra anu lobana 4 jajar,diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna
Paparikan
Sisindiran
Tatarucingan
Rarakitan
Wawangsulan
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel nyaeta
Karangan non fiksi
Tokohna loba
Alurna panjang
Latarna laluasa
Eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe
Dumasar kana sifatna, sisindiran teh bisa dibedakeun jadi 3 rupa nyaeta
Cangkang, eusi, wangsal
Paparikan, rarakitan, wawangsalan
Wawangsalan, tatarucingan, paparikan
Piwuruk, sesebred, silihasih
Tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
Teks: Mawa peti dina sundung, di bawa ka nusa Jawa.Pangarti teu berat nanggung, kabisa teu beurat mawa.
Sisindiran di luhur kaasup kana wanda
Teteguhan
Tatarucingan
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan
Ieu di handap henteu kaasup kecap nu dirarangkenan tengah nyaeta
Lalucu
Lalulus
Lalogor
Baleunghar
Balantik
