WorksheetsEvaluasi Kawih 2
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Nu ditataan di handap judul-judul kawih , nyaéta….
“Mojang Priangan”, “Eundeuk-eundeukan”
“Dua Lalaki”, “Trang-trang Kolentarang”
“Kosipa”, “Sep Dur”
”Manuk dadali”, “papatong”
Oray-orayan, Hompimpah
Nyiar nombokan kakurangan
Gajih sabulan teu nyukupan
Tungtungna guda gade
Bari jeung cape hate
Barang geus numpuk di pakgade
Geus beak gadekeuneun
Kabutuh heunteu eureun
Keur listrik jeung sakola
Unggal bulan teu boga
.......
Lagu di luhur téh eusina nyaritakeun….
Jalma nu huhutang
Jalma nu beunghar
Jalma nu korét
Jalma nu bodo
Jalma nu daékan
Nyiar nombokan kakurangan
Gajih sabulan teu nyukupan
Tungtungna guda gade
Bari jeung cape hate
Barang geus numpuk di pakgade
Geus beak gadekeuneun
Kabutuh heunteu eureun
Keur listrik jeung sakola
Unggal bulan teu boga
Unsur kawih naon nu paling katitén nyampak dina kawih “Kosipa” diluhur?
Purwakanti
Gaya Basa
Téma
Nada
Rasa
Naon nu ngabédakeun antara kawih klasik jeung kawih modérn?
Dina kawih klasik mah nada nu digunakeunna nada péntatonis
Dina kawih klasik mah nada nu digunakeunna nada diatonis
Dina kawih klasik mah sok ngagunakeun wangun wawangsalan
Dina kawih modérn mah sok ngagunakeun wangun sisindiran
Boh dina kawih klasik atawa modérn, duanana ngagunakeun nada péntatonis.
Dina sempalan kawih “Kosipa” :
Najan mayarna unggal poé
Kubutuh mah kumaha engké di luhur
lamun dititenan kaasup kana purwakanti….
runtuyan
rantayan
larasmadya
laraswekas
laraspurwa
Dina karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung….
tempo
pada
padalisan
jajaran
bait
Santosa samakta
Teuneung ludeung ngajaring kawibawaan
Saihwan sapahan
Nagri nanju berekah sabilulungan
Tina sempalan kawih "Sabilulungan" di luhur, nu nuduhkeun yén kawih téh murwakanti
aya dina kecap ... jeung ...
Teuneung, ludeung
Samakta, kawibawaan
Sapahan, sabilulungan
Santosa, saihwan
Ludeung, nanjung
Cingciripit tulang bajing kajepit
Kajepit ku bulu paré,
Bulu paré méméncosna
Jol pa dalang nyandak wayang jrék jrék nong
Tina sempalan di luhur, éta téks téh kaasup kana jenis lagu Sunda nu disebut ...
Kakawihan
Kawih
Sisindiran
Puisi
Tembang
Gambar di luhur téh salasahiji waditra nu sok dipaké dina mirig kawih jeung tembang.
Kecap waditra, miboga harti ...
Wadah
Wanda
Alat musik
Pakarang
Wangun
Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sifat silih rojong
Sabilulungan genténg ulah potong
Sabilulungan persatuan témbong
Kekecapan anu luyu pikeun ngalengkepan rumpaka kawih di luhur nyaéta ...
Sedih
Nalangsa
Cinta
Gumbira
Sumanget
Dumasar kana waditra di luhur, kawih nu dipirig ku éta waditra jadi kaasup kana wanda
kawih ...
Pop
Modérn
Sisindiran
Klasik
Puisi
Dumasar kawih di luhur, katitén yén kawih pop mah teu kauger ku patokan. Ku kituna
jumlah padalisan unggal padana gé béda-béda gumantung pangarangna séwang-
séwangan. Kecap padalisan jeung pada téh miboga harti ...
Suku kata jeung jajaran
Jajaran jeung bait
Bait jeung pamilihan kecap
Pamilihan kecap jeung gaya basa
Gaya basa jeung bait
Jumlah padalisan dina pada kahiji kawih di luhur nyaéta ...
4 padalisan
5 padalisan
6 padalisan
7 padalisan
8 padalisan
Baca rumpaka ieu kawih!
Es lilin mah, aduh,kalapa muda,
Dibantun mah, geuning, ka Sukajadi,
Abdi isin, geuning, samar kaduga,
Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi
Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaeta...
e-d-a-s
da-di-ga-di
muda-sukajadi-kaduga-ngajadi
a-i-a-i
. m-s-k-ng
Dina kawih manuk dadali aya hiji amanat anu nuduhkeun yén rahayat Indonésia téh kudu silih mikaasih. Hal ieu téh kagambar tina rumpaka….
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Perlambang sakti, Indonesia jaya
Mesat ngapung luhur jauh diawang-awang
Manuk dadali pangkakoncarana
Kawih Sunda miboga rupa-rupa téma. Di handap ieu, rumpaka kawih mana anu nuduhkeun téma kaéndahan alam…
Dumasar kana sempalan rumpaka kawih di luhur, suasana naon anu hayang ditepikeun kunu nyiptakeun lagu….
Pikabungaheun
Pikasediheun
Kuciwa
Baluweung (bingung)
Pikaseurieun
Kawih ieu téh mangrupa kawih anu nyaritakeun pajoangan bangsa Indonesia anu dilambangkeun ku hiji sasatoan anu kacida gagahna jeung gedé kawani. Caritaan ieu téh sarua jeung eusi dina kawih Sunda anu judulna….
Sancang
Manuk Dadali
Mojang Priangan
Karatagan Pahlawan
Bandung
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri haté
Hoream teu sudi teuing
Neangan pipanyakiteun 2x
Ungkara dina lagu di luhur ngébréhkeun rasa ….
Gumbira
Sedih
Hanjelu
Sumanget
kasieun
Jejer dina kawih “Mawar Bodas” nyaéta ....
Kulawarga
kaéndahan alam
kaagamaan
asih nu pegat
cinta ka lemah cai
