wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS BASA SUNDA TP 2022/2023

Total questions: 15

Worksheet time: 1hrs 15mins

Name
Class
Date
1.

[Milih 3 jawaban]

Pupuh KSAD (Kinanati, Sinom, Asmarandana, Dangdagula) disebut sekar ageung, ari pupuh sejena disebut sekar alit. Tah anu kaasup kana pupuh sekar ageung téh nyaéta ....

a)

Kinanti

b)

Sinom

c)

Asmarandana jeung Dangdagula

d)

Balakbak

2.

[Milih 3 jawaban]

Dijalma mah ilaharna resep ngukut sasatoan jeung miara tatangkalan. Tujuanana rupa-rupa. Aya anu diarah hasilna, aya anu pikeun karesep. Barudak ogé sok aya anu ngukut sasatoan, upamana lauk cupang. Sasatoan sejena anu sok dikukut upamana waé hayam jeung meri. Ieu mah pikeun diarah hasilna, boh endogna, boh dagingna. Ari sato galéde nu sok dikukut upamana waé ….

a)

sapi

b)

munding

c)

kuda

d)

ucing

3.

[Milih 3 jawaban]

Pék ku hidep baca heula!

Taman Harepeun Imah

….......

Sajabi ti nyébor tatangkalan, Halimah kabagéan sasapu di buruan. Diluareun pageur teh aya tangkal flamboyan jeung mahoni pikeun iuh-iuh jalan, lamun keur muguran bari gedé angin, sok ngabalaan buruan. Kalakay anu marurag ku Halimah gancang disapukeun, terus diasupkeun kana lombang, sina buruk, engkéna bisa dijieun kompos, alus pisan keur ngagemuk pepelakan.

Pek geura titenan kecap dihandap ieu, ku hidep anu kaasup kana kecap tilu engang nyaeta ....

a)

sajaba

b)

pepelakan

c)

marurag

d)

ngagemuk

4.

[Milih 3 jawaban]

Tatangkalan jeung sasatoan téh sarua jeung papada mahluk Alloh. Lamun ku urang dipikanyaah, tangtu bakal ngadatangkeun hasil pikeun dimanfaatkeun ku urang.    

Diantarana baé sasatoan jeung tatangkalan. Anu kaasup tatangkalan téh nyaéta ....

a)

kekembangan 

b)

ingon-ingon

c)

paré

d)

kebon kalapa

5.

[Milih 3 jawaban]

Sasatoan aya loba jenisna, aya nu kadaharanna tutuwuhan, aya oge nu kadaharanna dadagingan. Sasatoan nu kadaharanna jukut nyaeta ….

a)

gajah

b)

sapi

c)

manuk

d)

kelenci

6.

[Milih 3 jawaban]

Di poe minggu nu kalangkung, abdi sareng babaturan saurna kedah nyieun kueh kanggo pancen kerja lelompok ti sakolaan. Abdi, Susi, sareng Rani sasarengan minangka hiji kelompok.

Kecap-kecap anu digurat lemesna nyaéta ….

a)

ngadamel

b)

ngabuat

c)

dinten

d)

rerencangan

7.

[Milih 3 jawaban]

dodi jeung ahmad sasarengan angkat ka bumi asep dinten minggu kanggo ngadamel endog gulung. tiluannana tos ningali tutorialna di youtube. artos kanggo bahan-bahan rek ditalangan heula ku dodi. asep tos nyiapkeun parabotan masakna dibantosan ku bu yani, indungna asep.

Paragraf di luhur mun ngalarapkeun aksara gedena anu bener nyaéta ….

a.     

a)

Abdi jeung Ahmad sasarengan angkat ka bumi Asep dinten Minggu kanggo ngadamel endog gulung.

b)

Tiluannana tos ningali tutorialna di youtube.

c)

Artos kanggo bahan-bahan rek ditalangan heula ku Dodi.

d)

asep tos nyiapkeun parabotan masakna dibantosan ku Bu yani, indungna Asep.

8.

[Milih 3 jawaban]

Maca bedas pupuh anu di gambar ieu!

Pupuh Pucung boga guru wilangan jeung lagu. Parnyataan di handap ieu nu bener ngeunaan guru wilangan jeung guru lagu dina pupuh pucung dina gambar nyaéta ….    

a)

baris ka hiji aya 12 engang ditungtungan ku sora u

b)

baris ka dua aya 6 engang ditungtungan ku sora a

c)

baris ka tilu aya 6 engang ditungtungan ku sora i

d)

baris ka opat aya 12 engang ditungtungan ku sora a

9.

[Milih hiji jawaban anu dianggep paling bener!]

Perhatikeun sisindiran di handap!

Cai hujan keur kekemu,

diwadahan kana botol

Urang wajib nyiar élmu,

 ....................................

Kalimah anu bener sangkan jadi sisindiran anu utuh nyaéta ....

a)

ka sakola mawa botol

b)

ka sakola ngaliwat tol

c)

ka sakola mekel pentol

d)

ka sakola kudu getol

10.

[Milih hiji jawaban anu dianggep paling bener!]

Dina usum halodo, susukan, sumur, jeung walungan sok ....

a)

loba caina

b)

orot caina

c)

bersih caina

d)

ngagolontor caina

11.

[Milih hiji jawaban anu dianggep paling bener!]

Bandungan paguneman di handap ieu!

Kenzi                   : “                                        , dra.”

Quandra               : “Nya tulus atuh. Naha Kenzi teu miluan?”

Kenzi                   : “Apan hujan. Jaba ka lapangana rada jauh.”

Kalimah nu luyu jeung guneman di luhur nyaéta ....

a)

Ari kamari saha kiperna?

b)

Euh, hanjakal atuh make éléh.

c)

Mun kiperna Kenzi mah moal kaasupan.

d)

Tulus kamari méngbal téh

12.

[Milih Bener atawa Salah dina parnyataan di handap ieu!]

Hujan mani ngagebrét dibarung ku sora gelap.

a)

Bener

b)

Salah

13.

[Milih Bener atawa Salah dina parnyataan di handap ieu!]

Tabuh tujuh isuk-isuk cahaya panonpoé mimiti karasa haneut.

a)

Bener

b)

Salah

14.

[Milih Bener atawa Salah dina parnyataan di handap ieu!]

Piraku sakitu geus beurang leutik-leutik borangan, rék ka kamar gé ménta dianteur sagala.

a)

Bener

b)

Salah

15.

[Milih Bener atawa Salah dina parnyataan di handap ieu!]

Oleh-oleh khas ti daerah Cililin nyaeta dodol.

a)

Bener

b)

Salah