WorksheetsBasa Sunda UH 1
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Hadirin nu ku simkuring dipikahormat. Alhamdulillah sawala parantos rengse. Sakumaha anu didugikeun ku Bapa Drs. Anwar Munawar sangkan pangalamana ti Walanda pikeun hoyong pisan bisa kana basa Sunda. Yen ngamumule basa Sunda teh penting kacida sanes kawajiban para siswa SMA hungkul, atanapi kawajiban sadaya warga nu aya di sakolana, ti ngawitan pupuhu sakola, dugika caraka sakola sareng oge nu dagang di kantin sakola. Saha deui nu baris ngamumule basa Indung ari lain urang mah. Ku kituna, hayu urang gawe babarengan pikeun nanjeurkeun basa Sunda jadi Basa Indung anu kasohor sabuana. Ungkara di luhur teh ditepikeun ku panumbu catur dina waktu....
Ngawanohkeun MC
Ngawanohkeun pangjejer
Nutup sawala
Ngahaturanan pangjejer medar materi
Narik kacindekan tina sawala
Sakumaha tos diuningakeun sateuacanna, dinten ieu tèh urang badè ngayakeun diskusi, dina raraga ngajakankeun program diskusi Saptuan anu mayeng dilaksanakeun dinten Saptu minggu kadua saban bulan. Kaleresan tèma diskusi dinten Saptu ayeuna nyaèta sabudeureun pro-kontra nu mekar sabudeureun urang ngeunaan perlu henteuna siswa nyandak hènpon atanapi hapè ka sakola. Ieu teks panumbu catur dina ....
Tugas dina muka diskusi : Ngucapkeun salam pembuka
Tugas dina muka diskusi : Nepikeun mukadimah
Tugas dina muka diskusi : Nganuhunkeun ka pamilon diskusi anu hadir dina èta kagiatan
Tugas dina muka diskusi : Nepikeun jejer diskusi jeung katangtuanna
Tugas dina muka diskusi : Nepikeun aturan dina diskusi
Atuh minangka panumbu catur, sim kuring nyuhunkeun dihapunteun boh bilih dina mingpin ieu diskusi seueur pisan kahengkeran atanapi kalelepatan kaluluputan. Langkung saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan, mugi agung cukup lumur jembar pangampura anu diteda. Ieu teks panumbu catur dina tugas....
Tugas dina nutup diskusi : Ngucapkeun sukur lantaran diskusi bisa anggeus jeung ngahasilkeun kacindekan
Tugas dina nutup diskusi : Macakeun deui kacindekan nu dihasilkeun tina diskusi
Tugas dina muka diskusi : Ngucapkeun salam pembuka
Tugas dina muka diskusi : Nepikeun mukadimah
Tugas dina nutup diskusi : Menta dihampura bisi carana mingpin diskusi loba salah jeung kakurangan
Alhamdulillah, teu karaos waktos kanggo urang diskusi parantos seep geuning, sok sanaos diskusi urang teh saleresna mah masih ragot. Naon anu tadi didugikeun ku rerencangan sadaya ku sim kuring moal tiasa kacindekkeun dina hiji kalimah. Namung anu dipiharep mah, rerencangan sadaya teras gaduh sikep kritis dina mayunan rupi-rupi pasualan teknologi kiwari. Kalebet pasualan-pasualan anu aya patalina sareng hape. Ieu teks panumbu catur dina ...
Tugas dina nutup diskusi : Ngucapkeun sukur lantaran diskusi bisa anggeus jeung ngahasilkeun kacindekan
Tugas dina nutup diskusi : Macakeun deui kacindekan nu dihasilkeun tina diskusi
Tugas dina nutup diskusi : Ngahaturkeun nuhun deui ka nu hadir lantaran geus milu aub dina padungdengan
Tugas dina nutup diskusi : Menta dihampura bisi carana mingpin diskusi loba salah jeung kakurangan
Tugas dina nutup diskusi : Mungkas diskusi jeung nepikeun salam panutup
Patarosan urang, upami siswa nyarandak hape ka sakola, naha bakal seueur keneh mangpaatna atanapi justru seueur mudorotna. Tah soal ieu pisan nu ku urang bade didiskusikeun teh. Teks panumbu catur ieu aya dina tugas ....
Tugas dina muka diskusi : Ngucapkeun salam pembuka
Tugas dina muka diskusi : Nepikeun mukadimah
Tugas dina muka diskusi : Nganuhunkeun ka pamilon diskusi anu hadir dina eta kagiatan
Tugas dina muka diskusi : Nepikeun masalah anu rek didiskusikeun
Tugas dina muka diskusi : Nepikeun aturan dina diskusi
Unsur-unsur nu biasa aya dina sawala teh, nyaeta....
Pupuhu, panumbu catur, girang serat, jeung pamilon
Pupuhu, girang serat, jeung lalakon
Pupuhu, panumbu catur, jeung pamilon
Panumbu catur, girang serat, jeung pamilon
Pupuhu, girang serat, jeung pamilon
Nu teu kaasup kana struktur teks panumbu catur nyaeta....
Ngadeuheuskeun puji sukur
Ngawanohkeun ka pangjejer
Ngawanohkeun MC
Medarkeun nu rek disawalakeun
Ngahaturanan pangjejer medarkeun materi
Salah sahiji pancen panumbu catur, nyaeta....
Nepikeun masalah
Mantuan nulis
Ngawanohkeun pangjejer
Ngajawab pananya ti pamilon
Ngawanohkeun dirina
Jawaban nu merenah tina pananya "Saha nu janten pangjejer dina acara sawala teh?", nyaeta ....
"Anu janten pangjejerna, nyaeta pangersa Bapa Drs. Anwar Munawar"
"Tah nu jadi pangjejerna, Bapa Drs. Anwar Munawar"
"Eta nu jadi pangejejerna teh Bapa Drs. Anwar Munawar"
"Anu jadi pangjejer, nyaeta Bapa Drs. Anwar Munawar"
"Muhun nu janten pangjejerna Bapa Drs. Anwar Munawar"
Sakitu panginten sawala anu parantos dipidangkeun. Hatur nuhun ka pangersa Bapa Drs. Anwar Munawar, M.Hum anu tos kersa janten pangjejer dina acara sawala ieu. Kitu deui hatur nuhun sadaya hadirin anu parantos partisipasi dina ieu acara, sahingga lancar acarana. ungkara diluhur teh ditepikeun ku panumbu catur dina waktu....
Ngawanohkeun MC
Ngawanohkeun pangjejer
Narik kacindekan tina sawala
Ngahaturanan pangjejer
Nutup Sawala
