NEW
Font size
WorksheetsPenilaian Harian 1 (Carita Pantun)
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Carita pantun téh mangrupa salah sahiji karya sastra Sunda buhun, anu méh sarua jeung dongéng. Di handap ieu nu mangrupa sasruaan carita pantun jeung dongéng nya éta ...
Pamohalan
Judul
Galur Carita
Amanat
Alat musik nu dipaké pikeun mirig pagelaran carita pantun nya éta...
Gamelan
Kacapi
Angklung
Tarawangsa
Perhatoskeun cara di handap ieu!
1) Dibaca
2) Ditulis
3) Dihaleuangkeun
4) Digunemkeun
5) Dicaritakeun
Dumasar kecap-kecap di luhur, carita pantun dipagelarkeun ku cara ...
1, 2, 3
1 jeung 2
3, 4, 5
3 jeung 4
Jalma nu sok nepikeun carita pantun disebut ...
juru masak
juru kunci
juru pantun
juru tulis
Hidep tangtu geus maca salah sahiji carita pantun. Di handap ieu nu teu kaasup kana carita pantun nya éta ..
Lutung Kasarung
Munginglaya Dikusumah
Nyi Sumur Bandung
Si Kabayan
Lalakon anu disebutkeun dina carita pantun umumna ngeunaan ...
Rakyat biasa ti tatar Sunda
Satria atawa putri Karajaan Galuh jeung Padjadjaran
Raja-raja tatar Sunda
Saha waé nu aya patalina jeung tatar Sunda
Perhatoskeun kecap-kecap ieu di handap!
1) Rajah
2) Narasi
3) Dialog
4) Monolog
5) Mulang
6) Miang
Dumasar kecap di luhur, nu kaasup kana struktur carita pantun nya éta ...
1, 2, 3, 4
1, 2, 5, 6
2, 3, 4, 5
3, 4, 5, 6
Runtuyan carita pantun biasana ngawengku ieu di handap, iwal ti ...
Miang
Ujian
Mulang
Malang
Perhatoskeun kalimah ieu di handap!
Kacaturkeun patih dua sakemabaran, Patih Purawesi, Patih Puragading, séjénna ka pasemoan, bawana hayam sahiji, patepung di alun-alun jeung Ciung Wanara.
Kalimah di luhur kaasup bagéan ...
Rajah
Narasi
Monolog
Dialog
Bul kukus mendung ka manggung, ka manggung neda papayung, ka déwata neda suka, ka pohaci neda suci, kuring rék diajar ngidung, nya ngidung carita pantun, ngahudang carita wayang, nyilokakeun nyukcruk laku, nyukcruk laku ku bahayu, mapay lambah nu baheula, lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang, bisina nerus naratus, bisina narajang alas, da puguh galuring tutur, ngembat papatan carita, ti mendi papisinieun, ti mana pacaritaeun, teuteureuh pikahiyangeun, ditandéan cupu manik, cupu manik astagina, dituruban ku mandepun, diteundeun di jalan gedé, ditunda ku nu ngaliwat, ku nu weruh di semuna, ku nu terang bujaksana, ku nu rancagé di angen, dibuka patinghaleuang, nu ménta dilalakonkeun, cag! Teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang, paranti nyokot ninggalkeun.
Kalimah kalimah di luhur mangrupa salah sahiji bagian carita pantun nu disebut ....
Rajah
Narasi
Dialog
Monolog
