NEW
Font size
WorksheetsSajak
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Naon nu dimaksud sajak
karangan dina wangun ugeran
karangan dinan wangun lancaran
karangan dina wangun prosa
karangan bebas
Dina sastra Sunda, karya sastra wangun ugeran teh loba rupana diantarana di handap ieu, nyaeta...
sajak, guguritan, pupujian jeung carita pondok
sajak, guguritan, pupujian jeung mantra
sajak, novel, guguritan jeung pupujian
sajak, pupujian, guguritan jeung carita nyambung
Kecap-kecap nu dipake dina sajak umumna kecap-kecap nu ngandung harti ...
Konotatif
Denotatif
Majas
gaya basa
Dina sajak nu judulna Bandung, aya ungkara ; ieu Bandung heurin ku tangtung nu ngandung harti ...
Kota nu kawilang endahna
Kota anu padet pendudukna, jadi puseur pangjugjugan balarea
Kota anu jadi tujuan wisata
kota anu jadi kacapangan
Salian ti kecap-kecap konotatif, sajak oge ngandung sawatara unsur penting kayaning di handap ieu, kajaba ....
Tema
Suasana
Imaji
Galur carita
Tema dina sajak maksudna ....
Dasar atawa poko pasualan nu ditepikeun dina sajak
Gambaran kaayaan
Gambaran nu karasa, kadenge atawa katenjo, najan ukur dina wangwangan
Kecap nu dipake pikeun ngantebkeun maksud
Suasana dina sajak maksudna ....
Dasar atawa poko pasualan nu ditepikeun dina sajak
Gambaran kaayaan
Irama, galindengna sora kecap
Amanat pangarang kanu macana
Imaji dina sajak maksudna ...
Amanat pangarang kanu macana
Irama, galindengna sora kecap
Gambaran kaayaan
Gambaran nu karasa, kadenge atawa katenjo najan ukur dina wangwangan
Unsur-unsur dina sajak teh kudu silih rojong. Upamana wae sajak nu temana pati atawa maot tangtu suasana teh kudu ...
Pikasediheun
Pikagumbiraeun
Pikaeraeun
Pikahariwangeun
Sajak nu judulna Bandung ditulis ku ...
Wahyu Wibisana
Usep Romli
Ajip Rosidi
Rahmat M.Sas.Karana
Sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan
sajak
puisi
sisindiran
dongeng
mantra
naon ari fugsi sajak teh?
pikeun "ngirim hiji pesen" ka anu maca atawa ngaregepkeun sajak
pikeun gagayaan meh kaciri gaul
pikeun nalungtik kabudayaan nu aya
pikeun nurunkeun pejabat
pikeun ningalikeun kamampu urang
Mana panyajak nu namina Ajip Rosidi?
Mana panyajak nu namina Godi Suwarna?
Mana panyajak nu namina Aam Amilia?
Mana panyajak nu namina Wahyu Wibisana?
Mana panyajak nu namina Acep Zamzam Noer?
Mana panyajak nu namina Teddi Muhtadin?
SAREBU BULAN
Dina hiji peuting urang jalan-jalan duaan
katilu bulan
Dina hiji peuting urang jalan-jalan duaan
sarebu bulan
Dina hiji peuting urang jalan-jalan nyorangan
kadua bulan
Dina hiji peuting taya saurang nu jalan-jalan
Ngan kari bulan
saha pangarang sajak di luhur?
Yus Rusyana
Mahdar
Aam Amilia
Dian Hendrayana
Ajip Rosidi
Keuyeup
Beungeut nyanghareup
Leumpang nyangigir
Beungeut nyanghareup
Ati mungkir
ku: Ganjar Kurnia
Ngagambarkeun naon sajak diluhur?
Keyeup
jalma soleh
jalma munafik
gajah
jalma bangor
