WorksheetsUlangan Harian Warta
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Katerangan atawa informasi ngeunaan hiji kajadian/peristiwa anu aktual jeung faktual sarta ngandung 5W+1H disebut ....
Warta
Beja
Informasi
Pengumuman
Wawaran
Kajadian atawa peristiwa dina warta mah biasana anyar keneh/ haneut keneh, disebut ....
Aktual
Faktual
Fiktif
Opini
Rekaan
Jalma nu ngalaporkeun warta sacara langsung di lokasi disebut ...
Narator
Reporter
Host
Wartawan
MC
Unsur 5W+1H dina warta Sunda ngawengku ...
Naon, dimana, iraha, saha, kunaon, ku saha
naon, kunaon, dimana, kumaha, saha, iraha
naon, kunaon, dimana, kamana,iraha, saha
naon, iraha, saha, ku saha, dimana, ka mana
naon, kunaon, sabaraha, kumaha, iraha, dimana
Faktual hartina ...
wartana bohong
wartana direka
wartana bener kajadian
wartana palsu
wartana wangun carita
Kamari, Salasa 19 Desember 2022 aya kacalakaan motor di jalan Sarijadi. Dina eta ungkara aya unsur ...
naon, kumaha, iraha
kumaha, naon, dimana
naon, kamana, iraha
iraha, naon, dimana
iraha, naon, kunaon
Jalma anu tugasna neangan jeung nyusun warta disebut ...
Reporter
Narasumber
Wartawan
Editor
Redaksi
Peristiwa atawa kajadian dina warta biasana sok aneh lantaran bakal ngirut nu maca. Kecap ngirut hartina ...
pikaresepeun
narik ati
matak bosen
hoream
pikaseurieun
Saacan nulis warta kumpulkeun heula référénsi anu ngarojong, konséntrasi supaya anu nulis warta teu salah disebut ....
collect to report
fact organizing
start to write
lead decission
word selection
Ngumpulkeun fakta ku reporter disebut istilah ... .
Fact organizing
lead decission
word selection
star to write
collect of report
“Kawijakan Pamaréntah”
Poé ieu, Senén 15 Desember 2008, pamaréntah nurunkeun deui harga jual bahan bakar minyak (BBM) jenis prémium saharga Rp. 5.000,-/létér jeung solar Rp. 7.000,-/létér. Ti mimiti jam 00.00 WIB. Harga prémium deui tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 5.000,-/létér, sedengkeun solar tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 4.800,-/létér.
Turunna harga BBM éta ditepikeun ku Présidén Susilo Bambang Yudhoyono dina keterangan pers satutas rapat kabinet terbatas di kantor Présidén, Jakarta Ahad 14 Désémber 2008 soré.
Jejer (tema) warta di luhur nya éta ...
kawijakan pamaréntah
turunna harga BBM
Kaputusan présidén
inflasi
Kayaan ékonomi Indonésia
Fungsi lambang garis miring dua (//) dina téks warta nya eta…
titik (.)
tanda seru (!)
pananya (?)
Kekenteng (")
koma (,)
Fungsi lambang garis miring hiji (/) dina téks warta nya eta…
titik (.)
tanda seru (!)
pananya (?)
Kekenteng (")
koma (,)
Titénan teks warta di handap ieu !
“Ceuk salah sahiji saksi, nyaéta Asep (40), mobil treuk anu ditumpakan ku supir jeung kenék téh ujug-ujug méngpar ka katuhu, nepi ka ahirna nabrak motor anu keur maju di jalur sabalikna”
Téks di luhur bisa ngajawab pertanyaan tina rumus 5W + 1H, nyaéta …
Kumaha réaksi ti masarakat anu aya di tempat tabrakan?
Kumaha kajadian éta tabrakan téh?
dimana kajadian éta tabrakan?
Kendaraan naon anu tabrakan?
Saha anu tabrakan téh?
Warta anu dipidangkeun dumasar kajadian nu sabenerna kalawan ngagunakeun basa nu lugas ngarah babari kahartina ku nu narima disebut ... .
Spot News
Breaking News
Straight News
Depth News
Soft News
Warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna oge sok ditambahan ku informasi nu mangrupa fakta sejenna nu aya patalina jeung peristiwa nu keur kajadian mangrupa wangenan tina...
Straight News
Depth News
Breaking News
Spot News
Soft News
Baca cutatan téks ieu di handap!
Himpunan Mahasiswa Pendidikan Geografi ngayakeun acara Geografi Punya Seni. Éta acara nu dieuyeuban ku konsér musik, bazar, national geography ambassador, téh nyangga téma Konser Limbah. Acara nu diayakeun dina tanggal 24 Desember 2016 di Gedung Amphitéater UPI téh diluuhan ku mangpirang unsur civitas akademik katut para ondangan.
Numutkeun struktur warta, téks di luhur kaasup struktur warta dina bagéan ….
Judul warta
Téras warta
Waruga warta
Eusi warta
Pamungkas warta
Demi nu ngalantarankeun ayana robah alam téh dipangaruhan ku kagiatan manusa nu geus henteu jadi Khalifah fil Ardhi, nyaéta ngokolakeun, ngatur, jeung ngajaga alam. Manusa kiwari bet ngaruksak alam.
Cutatan warta di luhur ngandung unsur warta ….
Naon
Kumaha
Naha
Iraha
Dimana
Acara milangkala majalah Manglé kaitung ramé. Tamu ondangan nu daratang loba pisan, malah aya nu nepi ka teu kabagéan korsi. Ieu jadi bukti yén Manglé tetep jadi pameungkeut urang Sunda jeung jadi tempat anjang sono sarta lawungan urang Sunda. Ieu acara ogé disumpingan ku Gupernur Jawa Barat jeung staf pamaréntahan, para inohong Sunda, budayawan, sarta para réktor jeung civitas akademika ti paguron luhur saperti ITB, Unpad, UPI, jeung Unpas.
Ide poko warta di luhur nyaéta ngawartakeun ngeunaan ….
Anu daratang ka acara milangkala majalah Manglé
Acara milangkala Manglé ramé pisan
Milangkala Manglé jadi ajang sono urang Sunda
Gupernur Jawa Barat sumping ka acara milangkala manglé
Civitas akademika nu sumping kayaning ti ITB, Unpad, UPI, jeung Unpas.
“Misi anu langkung mulya mah teu aya sanés kanggo miara sareng najeurkeun perdamaian di papada nagara-nagara nu kalebet janten anggota Osaka in The World,” ceuk Drs. Ahmad Dahidi, MA.
Kalimah pananya anu merenah pikeun meunangkeun jawaban wawancara warta di luhur nyaéta ….
Kumaha misi dina kagiatan Osaka in The World téh?
Naha misi dina kagiatan Osaka in The World téh?
Ku naon misi Osaka in The World bisa kalaksana?
Naon misi dina kagiatan Osaka in The World téh?
Kumaha anggota misi Osaka in The World téh?
Conto nu kaasup kana Interpretative News nyaeta ....
Liputan 6 di SCTV
Menyingkap Tabir di TV ONE
Réportase Investigasi di Trans TV
My Trip My Adventure di Trans TV
Indonesia Lawyers Club di TV ONE
Arusahana tukang déldom ti isuk, kira-kira jam 06.00, nepi ka kira-kira jam 17.00. unggal poé gé teu weléh ramé ku barudak anu ngahaja arulin bari hayang tarumpak déldom. Komo nincak bulan puasa mah, tumpak déldom téh kacida dipikaresepna ku barudak nu keur ngabuburit. Ongkoh deui ongkosna teu pati mahal, Rp 3.000,- keur sakali ngurilingan alun-alun Garut kota.
Unsur utamana anu aya dina sempalan warta di luhur nyaéta ….
Iraha
Saha
Dimana
Kumaha
Naha
Unsur warta diwengku ku kecap pananya anu dipaké pikeun ngagambarkeun warta kalawan gembleng. Kecap pananya pikeun nanyakeun kaayaan di tempat lokasi kajadian, nyaéta ….
Naon
Mana
Kumaha
Naon sababna
Naha
My Trip My Adventure di Trans TV, Orang Pinggiran di Trans 7, jeung sajabana kaasup conto ….
Dept News
Straight News
Feature
Soft News
Opinion News
Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian .…
anu dianggap penting pikeun balaréa
anu dianggap penting pikeun urang
anu dianggap penting pikeun kulawarga urang
anu dianggap penting pikeun pamingpin
