NEW
Font size
WorksheetsCarpon Kelas XI
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Yuni nuju maca karya sastra anu direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok, disebut ...
Dongéng
Babad
Carpon
Wawacan
Novel
Nu teu kaasup kana ciri-ciri carpon nya éta:
1. Wangun karanganna pondok
2. Sifatna naratif jeung fiktif
3. Jumlah tokohna loba
4. Eusina kaharti ku akal
5. Eusi caritana numuwuhkwun sikep positif
1
2
3
4
5
Tapi, tétéla Prabu Hayam Wuruk ngabuktikkeun sumpah jeung jangjina. Malah basa Prabu Hayam Wuruk ngirimkeun ékspédisi wadiabalad Yuda ka Sumatra, inyana méré iber heula ka Rakéan Mangkubumi Bunosora Suradipati, yén parahu wadiabala sagara Majapait ménta panangtayungan dina sajeroning ngaliwatan sagara cangkingan Nagri Sunda. (Dicutat tina novel Perang Bubat, karangan Yoséph Iskandar).
Téma anu merenah luyu jeung gambaran cutatan novel di luhur téh nyaéta ...
Sajarah
Sosial
Agama
Cinta
Pulitik
Geus sababaraha poé di imah, huluwar-hiliwir waé bau bangké. Ulak-ilik kana handapeun bupét, bisi aya bugang beurit, teu aya nanaon. Kurah-koréh di buruan nu héjo ku kekembangan bisi aya oray atawa bangkong paéh, angger euweuh. (Dicutat tina Manglé alit no. 1108-6-12 Maret 2008).
Cutatan di luhur téh leuwih dominan ngandung unsur ...
Téma
Amanat
Palaku
Latar
Puseur sawangan
Dua minggu ka tukang, Ucup Kadék tunda talatah bari peutingna disusul ku telepon rék ngawinkeun budak awéwéna tanggal dalapan Rayagung jam tujuh isuk-isuk panceg. Ku Lebé Unang dititah sagancangna jagrag ngarah dipanguruskeun ka KUA. (Dicutat tina novel Sabalakana, karangan Dadan Sutisna).
Mun ditilik alurna, cutatan di luhur téh alurna ...
Maju
Mundur
Maju mundur
Mobok tengah
Jelas alurna
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana, disebut ...
Palaku
Ide
Amanat
Téma
Latar
Kang Hadi téh lanceuk panggedéna. Umurna geus ampir dalapan welas taun. Pangawakanana dedeg weweg, kulitna hideung. Sakolana teu tamat, kelas opat gé teu anggeus, lantaran kaburu perlu ngabantu-bantu Ema minangka gaganti Bapa. (Dicutat tina novel Lembur Singkur, karangan Abdullah Mustappa).
Cutatan di luhur téh leuwih dominan ngandung unsur ...
Téma
Palaku jeung karakterna
Plot
Amanat
Latar
Ajén dina carpon anu patali jeung sifat atawa tabiat hiji jalma dina ngalalakonan hirup kumbuhna disebut ajén ...
Karakter
Moral
Atikan
inajén
Sosial
Si Narsim geus luut léét késang. Tonggongna geus baseuh, kaosna nu dipaké geus kuleuheu kakebulan ku kandaraan nu tingsuliwer di jalan. Mun lampu setopan keur beureum SI Narsim gura-giru ngacung-ngacung koran ka unggal mobil anu areureun bari biwirna mah teu eureun-eureun nawarkeun koran.
Mun ditilik tina cutatan carpon di luhur, suasana dina carpon ngagambarkeun ...
Sedih
Bungah
Prihatin
Sukan-sukan
Pamalesan
Runtuyan kajadian anu aya dina carita, disebut ...
Galur
Suasana
Palaku
Latar
Amanat
Panonpoé geus lingsir ngulon. Sakeudeung deui baris datang si raja peteng. Si Narsim masih kénéh ngacung-ngacungkeun koran. Sorana geus peura awakna kucel. Padahal can beubeunangan . Tapi si Narsim teu reuntas pangharepan.
Dumasar tina cutatan novel di luhur, dominan ngandung unsur ...
Latar tempat
Amanat
Latar waktu
Palaku
Téma
Ana kitu mah teu adil atuh dunya téh! Ari bagsat tobat bisa ditarima ku masarakat! Tukang tipu tobat ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mikaceuceub baé? Pada mikaijid? Padahal sarua! Pagawéan hina, maling, nipu, jeung ngungkluk téh! Sarua hinana! (dicutat tina novel Kembang-kembang Petingan, karangan Holisoh ME).
Téma anu merenah keur cutatan novel di luhur teh nyaéta ...
Rumah tangga
Agama
Sajarah
Budaya
Sosial
Jalma hirup kudu tuhu kana aturan, anu miboga tindakan sacara moral tur miboga kawajiban jeung tanggung jawab kana naon nu dipilampah disebut ajén ...
Moral
Budaya
Karakter
Masarakat
Atikan
Ukuran pondok carita dina carpon téh kira-kira ...
7.000-10.000 karakter
3.000-5.000 karakter
5.000-7.000 karakter
2.500-3.500 karakter
500-700 karakter
Puseur sawangan jalma katilu dicirian ku ...
Anjeun
Manéhna
Kuring
Manéh
Nyebut ngaran
Nu kaasup kana kalimah teu langsung nyaéta ...
"Geura balik geus peuting!"
"Isukan abi rék mios ka Jakarta"
Manéhna nyarita yén poé ieu teu bisa datang.
"kamana waé geus lila teu panggih-panggih?"
Mamang ngagorowok, "dagoan heula sakeudeung!"
Si Narsim mah budakna hampang birit, hartina ...
Babari dititah
Tanggung jawab
Delitan
Hésé dititah
Kedul
Manéhna rumasa taak ku talajak Nyai Putri Anjungsari. Nu séjénna mah tara hésé dipeperna. Ranghiang Langgir di lawang sakéténg, Aki Butun dina waru, jeung nu séjénna deui, sok narurut lamun dicombo. Ari ieu bangun ngahajkeun (dicutat tina novel Sandékala, karangan Godi Suwarna).
Ditilik tina puseur sawanganana, cutatan di luhur téh maké puseur sawangan ...
Jalma kahiji
Jalma kadua
Jalma katilu
Jalma kaopat
Jalma kalima
Ajén inajén anu aya patalina jeung pangaweruh nyaéta ajén ...
Ajén moral
Ajén filsafat
Ajén karakter
Ajén kalakuan
Ajén atikan
Walon tatamu, Numutkeun saur guru, kawajiban manusa nu utami téh nyaéta nganapakahan anak-rabi samistina. Kaémutan ku abdi Dalem nyaéta kedah diurus sandang panganna sakacekapna. Dupi anak, sajabi ti diurus neda pakéna téh dijeujeuhkeun kahirupanana, supados ulah ngalepatkeun ka kolot di ahirna." (dicutat tina novel Pangéran Kornél, karangan R. Méméd Sastrahadiprawira).
Cutatan di luhur téh dominan ngandung unsur ...
Latar waktu
Téma
Puseur sawangan
Palaku
Amanat
