Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS SUNDA GANJIL 2023/2024

Total questions: 30

Worksheet time: 1hrs 17mins

Name
Class
Date
1.

“Sadaya puji kagungan Allah SWT, solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW”

Kalimah di luhur mangrupa bagian tina biantara nu disebut….

a)

Do’a

b)

Sanduk-sanduk

c)

Kacindekan

d)

Mukadimah

e)

Pangwilujeng

2.

Presiden Joko Widodo biantara di Istana Nagara, nalika poé kamerdékaan Indonésia. Anjeunna biantara ku cara maca tulisan nu diketik ku Jubirna. Présidén Jokowi ngagunakeun salah sahiji téknik biantara, nya éta….

a)

Impromtu

b)

Ékstémporan

c)

Naskah

d)

Mémoritér

e)

Rékaman

3.

Jejer biantara téh kudu luyu jeung situasi kiwari sarta kondisi kiwari nu keur ramé dipadungdengkeun, ulah medar matéri-matéri anu éta-éta kénéh. Éta hal kaasup kana padika biantara nyaéta....

a)

Jejerna aktual

b)

Rangkayna weweg

c)

Eusina mundel

d)

Basana hadé

e)

Sipatna faktual

4.

Hadirin anu dipihormat, aya sawatara hal anu kudu disiapkeun ku urang sadayana dina mayunan ujian ieu, diantarana kudu pinter ngatur waktu pikeun diajar, ulah loba teuing ulin, kudu ngalobakeun maca di perpustakaan, sing mindeng diskusi ngeunaan pangajaran jeung babaturan.

Sempalan di luhur kaasup kana struktur biantara nyaéta....

a)

Mukadimah

b)

Sanduk-sanduk

c)

Bubuka

d)

Panutup

e)

Eusi

5.

Gaya biantara anu ditepikeun kalawan agrésif jeung politis, biasana digunakeun dina kampanye atau kagiatan anu udaganana pikeun mangaruhan batur nyaéta....

a)

Religius

b)

Agiator

c)

Konservasi

d)

Didaktik

e)

Séntiméntil

6.

Kumargi kitu, kawit ti ayeuna urang sadaya salaku siswa teh kedah cageur, bageur, pinter, bener, parigel sareng diajar sing daria jeung soson-soson kanggo ngahontal cita-cita urang sadayana.

Kalimat di luhur kaasup kana struktur biantara anu disebut....

a)

Pangwilujeng

b)

Mukadimah

c)

Sanduk-sanduk

d)

Kacindekan

e)

Nepikeun eusi

7.

Rarakitan mibanda salah sahiji ciri ieu di handap, nyaéta kecap mimitina dina jajaran....

a)

ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkangna saru

b)

ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

c)

ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka 4 eusi

d)

ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua

e)

ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka 3 eusi

8.

Kéjo bear patulayah

Dijual parena baé

Kajeun dahar karo uyah

Asal jeung manehna baé

Disawang tina watekna, sisindiran di luhur kaasup kana.…

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Silih asih

d)

Sesebred

e)

Piwuruk

9.

Peupeujeuh ari ka Dayeuh

Meuli kupat jeung Goréngan

Peupeujeuh lamun geus euweuh

Tong ngupat kagoréngan

Disawang tina wangun jeung watekna, sisindiran di luhur kaasup kana....

a)

paparikan sésébréd

b)

paparikan silih asih

c)

rarakitan piwuruk

d)

paparikan piwuruk

e)

rarakitan silih asih

10.

ngajak shalat manjing waktu

Dagoan rek dangdan heula.

Wawangsalan di luhur miboga wangsal.…

a)

Dangdos

b)

Shalat

c)

Komat

d)

Imam

e)

Adan

11.

......................

......................

Réog dongkol asli Banjar

Yu riksa ku sadayana

Cangkang nu luyu pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaéta....

a)

Barudak keur dialajar

harusu jeung daria

b)

Tangkal jéngkol ngajalajar

hoyong ngalaan buahna

c)

Ka pasar jeung si Bi Ipah

Inditna kana karéta

d)

Ongkos ti Bandung nepi ka Banjar

hargana dualas lima

e)

Daun kélor daun ganas

kuciat jeung pacar keling

12.

........................................

Tong nyiar pibahayaeun. (Wangsalna: Buaya)

Lengkepan cangkang dina wawangsalan di luhur!

a)

Bayawak saba muara

b)

Cacak gede saba darat

c)

Pamageuh baju kabaya

d)

Kadal leutik saba bilik

e)

Meulit beuheung mapay dada

13.

Sisindiran nyaeta karya sastra wangun puisi anu miboga patokan-patokan atawa ugeran. Mana ieu di handap anu bener dina ngalarapkeun ugeran/ciri sisindiran?

a)

Los ka kulah los ka talun

Rek neangan bobongsoran

Purah-purah tunggu bumi

Purah nyiaran meuseuhan

b)

Ka halteu megat nu ngalih

di bumi tos diantosan

Insya Allah sasih payun

Nepangan bade narosan

c)

Kuring mah ngarecah tutut

Ieu mah nutuan ketan

Itu mah nyetiran sedan

Kuring mah sapedah butut

d)

Kembang kupa kembang mayang

Pacampur jeung daun jati

Pun bapa sareng pun biang

Ngantos saur anu pasti

e)

Salasa rek ka jakarta

Bunderan pupudunan

Manusa ngan wasa menta

Mung Gusti anu nedunan

14.

Motong tiwu jeung antanan

Rek nyieun rujak cangkudu

..........................................

..........................................

Lengkepan eusi dina sisindiran di luhur!

a)

Itu geulis ieu geulis

Baringung milih nu mana

b)

Nilik-nilik santri geulis

Putrana pangersa ajengan

c)

Ieu nyerat bade pamit

Bilih teu patepang deui

d)

Abong seueur deui istri

Gampil pisan nganyeyeri

e)

Tong katipu kaangsonan

Ku nu ngajak maen dadu

15.

Pupuhu DPBD FPBS UPI, Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. nyebutkeun, dina sajarahna éta kagiatan pasanggiri téh memang diancokeun pikeun para siswa tingkat SMA. Demi nu jadi udaganana, lian ti pikeun ngawanohkeun jeung nuwuhkeun rasa cinta katut kareueus kana basa jeung seni Sunda téh, nya minangka promosi lembaga (DPBS FPBS UPI) sangkan siswa SMA sangkan kataji kuliah di Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda.

Sempalan paragraf di luhur kaasup kana conto teks?

a)

Biografi

b)

Artikel

c)

Otobiografi

d)

Warta

e)

Wawacan

16.

Saban taun, mahasiswa ti Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI ngayakeun kagiatan Riksa Budaya Sunda (RBS). Taun ieu, éta kagiatan RBS téh dilaksanakeun kaping 21-23 Februari 2017 di Gedung FPBS Kampus UPI.

Saupama nyuméndér kana rumus 5W+1H, sempalan warta diluhur diwangun ku unsur?

a)

Saha, naon jeung di mana

b)

Naon, iraha jeung di mana

c)

Saha, naon, iraha jeung di mana

d)

Naon, iraha jeung naha

e)

Saha, naon, iraha, di mana jeung naha

17.

Saban taun, mahasiswa ti Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI ngayakeun kagiatan Riksa Budaya Sunda (RBS). Taun ieu, éta kagiatan RBS téh dilaksanakeun kaping 21-23 Februari 2017 di Gedung FPBS Kampus UPI.

            Adad Mulyadi, salaku Pupuhu Panata Calagara nembrakeun yén eta kagiatan RBS téh minangka kagiatan pikeun ngasah kamampuh kana seni budaya sunda ngaliwatan pasanggiri, “Dina ieu kagiatan (RBS), mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Sunda (DPBS) seja ilubiung dina miara seni katut materi budaya sunda kalawan jembar. Malah mandar tetep dipikawanoh, dipicinta sarta dipiara dumasar kana cara sareng kamampuhna séwang-séwangan”.

Saha anu ngayakeun kagiatan Riksa Budaya Sunda (RBS) téh?

a)

Adad Mulyadi

b)

Siswa

c)

Pupuhu Panata Calagara

d)

Dosen DPBD

e)

Mahasiswa DPBD FPBS UPI

18.

“Ceuk wartawan mah warta anu hadé téh nyaéta kajadian anu goréng”.

Ungkara di luhur téh patali jeung ajén warta, nyaéta....

a)

Konflik

b)

The Unusual

c)

Timelines

d)

Proximity

e)

Humat Interes

19.

Tepi ka kiwari, nu ngajalankeun motor hareupeun angkot téa tacan kapaluruh saha-sahana. Ceuk warga di dinya anu kabeneran nyaksian éta kajadian téa, nu tumpak motor teh langsung ngabiur ka kulonkeun. Sedengkeun supir angkot jeung panumpang anu nandangan dibawa ka rumah sakit pangdeukeutna ti dinya pikeun diubaran sagancangna.

Saupama nyuméndér kana rumus 5W+1H, sempalan warta diluhur diwangun ku unsur?

a)

naha jeung saha

b)

saha jeung iraha

c)

saha, di mana jeung iraha

d)

saha jeung naon

e)

naon jeung kumaha

20.

Jalma nu tugasna neangan hiji kajadian pikeun dijadikeun hiji naskah warta nyaéta....

a)

presenter

b)

wartawan

c)

rédaktur

d)

éditing

e)

réporter

21.
Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya....
a)
Naon, kunaon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha
b)
Saha, naon, iraha, di mana, kunaon, kumaha
c)
Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana
d)
Naon, kunaon, saha, ku saha, mana, di mana
e)
Mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, beulah
22.
“Kawijakan Pamaréntah” Poé ieu, Senén 15 Desember 2008, pamaréntah nurunkeun deui harga jual bahan bakar minyak (BBM) jenis prémium saharga Rp. 5.000,-/létér jeung solar Rp. 7.000,-/létér. Ti mimiti jam 00.00 WIB. Harga prémium deui tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 5.000,-/létér, sedengkeun solar tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 4.800,-/létér. Turunna harga BBM éta ditepikeun ku Présidén Susilo Bambang Yudhoyono dina keterangan pers satutas rapat kabinet terbatas di kantor Présidén, Jakarta Ahad 14 Désémber 2008 soré. Jejer warta di luhur nya éta....
a)
kawijakan pamaréntah
b)
turunna harga BBM
c)
Kaputusan présidén
d)
inflasi
e)
Kayaan ékonomi Indonésia
23.
“Kawijakan Pamaréntah” Poé ieu, Senén 15 Desember 2008, pamaréntah nurunkeun deui harga jual bahan bakar minyak (BBM) jenis prémium saharga Rp. 5.000,-/létér jeung solar Rp. 7.000,-/létér. Ti mimiti jam 00.00 WIB. Harga prémium deui tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 5.000,-/létér, sedengkeun solar tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 4.800,-/létér. Turunna harga BBM éta ditepikeun ku Présidén Susilo Bambang Yudhoyono dina keterangan pers satutas rapat kabinet terbatas di kantor Présidén, Jakarta Ahad 14 Désémber 2008 soré. Warta di luhur ditepikeun dina tanggal....
a)
20 Désémber 2009
b)
25 Désémber 2008
c)
15 Désémber 2009
d)
15 Désémber 2008
e)
25 Désémber 2009
24.
Pikeun ngumpulkeun fakta keur nyieun warta aya sababaraha cara nu bisa dilakukeun. Nu teu kaasup kana carana nyaéta....
a)
panitén
b)
observasi
c)
wawancara
d)
ghibah
e)
risét média/dokuméntasi
25.
Struktur warta nu diibaratkeun jiga étalaseu toko nu nyieun nu nempo kataji, ku kituna kudu alus disebut....
a)
headline
b)
title
c)
lead
d)
end
e)
pamungkas
26.

1. Biantara paturay tineung

2. Biantara ulang tahun

3. Biantara acara hiburan

4. Biantara sidang

5. Biantara upacara agustusan

Di luhur kaasup kana conto biantara. Mana conto biantara dina kagiatan anu resmi?

a)

1, 4 jeung 5

b)

1, 3 jeung 5

c)

3, 4 jeung 5

d)

1, 2 jeung 3

e)

2, 3 jeung 4

27.

Dina nepikeun biantara aya sababaraha téhnik anu bisa digunakeun, salah sahijina nyaéta téhnik nu maké cara ditalar atawa diapalkeun heula naskahna, nyaéta....

a)

memoriter

b)

impromtu

c)

ékstémporan

d)

naskah

e)

rékaman

28.

Dina kagiatan “Miéling Poé basa Indung Internasional”, Amri nataharkeun biantara ku cara nyatet poin-poin penting nu rék ditepikeun dina biantarana.

Éta téhnik nu digunakeun ku Amri teh kaasup téhnik....

a)

impromtu

b)

memoriter

c)

rékaman

d)

ékstémporan

e)

naskah

29.

Dumasar kana watekna sisindiran téh kabagi jadi tilu, nya éta....

a)

piwuruk, piwejang, naséhat

b)

piwuruk, naséhat, silih asih

c)

piwuruk, naséhat, sésébréd

d)

piwuruk, silih asih, sésébréd

e)

silih asih, asmara, sésébréd

30.
Upama ditilik tina wangun puisina, sisindiran dina basa Sunda sarua jeung .... dina basa Indonesia.
a)
sajak
b)
kiasan
c)
puisi
d)
gurindam
e)
pantun