wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Pakeman Basa

Total questions: 20

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Bahasan téh nya éta tulisan anu ngabahas masalah...

a)

Politik

b)

Ékonomi

c)

Naon baé

d)

Kabudayaan

2.

Anu disebut opini nya éta...

a)

Hasil Survéy

b)

Kamandang Pribadi

c)

Hasil Panalungtikan

d)

Hasil Panalingaan

3.

Idiom dina Basa Sunda disebut ogé...

a)

Pakeman Basa

b)

Caturangga

c)

Paribasa

d)

Babasan

4.

Anu kaasup kana pakeman basa nya éta...

a)

Rakitan Basa

b)

Rarakitan

c)

Rakitan Matok

d)

Rakitan Lantip

5.

Lengkepan Cacandran di handap ieu!

"Sukapura ngadaun (a)   "

6.

Babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeung pasipatan jelema disebut

a)

Paribasa

b)

Babasan

c)

Cacandran

d)

Rakitan Lantip

7.

"Cianjur katalanjuran"

Ungkara di luhur téh kaasup ...

a)

Cacandran

b)

Caturangga

c)

Rakitan Lantip

d)

Uga

8.

Babasan anu ngandung harti alus budi parangina atawa soméah (ramah) nyaéta...

(a)  

9.

Babasan anu dipaké keur jelema anu teu boga kaéra nya éta...

a)

Awak sampayan

b)

Béngkok tikoro

c)

Kandel kulit beungeut

d)

Sisit kadal

10.

Lengkepan Uga di handap ieu!

"Sunda nanjung lamun anu pundung ti ... ka Cikapundung geus balik deui"

(a)  

11.

Anu kaasup caturangga, iwal...

a)

Satria pinilih

b)

Satria kinayungan

c)

Sumur bandung

d)

Sekar panggung

12.

Caturangga téh pakeman basa anu eusina ngeunaan hadé goréngna watek ...

a)

ucing

b)

maung

c)

kuda

d)

manuk

13.

Pakeman basa anu mangrupa siloka, eusina tujuman kana parobahan penting kaayaan nagara dina hiji mangsa anu bakal kasorang disebut ...

a)

Uga

b)

Cacandran

c)

Paribasa

d)

Caturangga

14.

Lengkepan Paribasa di handap ieu!

"Monyét ngagugulung (a)   "

15.

Babasan anu ditujukeun keur jelema anu teu kabagéan kadaharan anu ngeunah, lantaran teu datang atawa datangna telat disebut...

a)

béngkok tikoro

b)

sisit kadal

c)

laér gado

d)

awak sampayan

16.

Papasingan paribasa dibagi jadi tilu nyaéta, iwal ...

a)

Paribasa wawaran luang

b)

Paribasa pangjurung laku hadé

c)

Paribasa panyaram lampah salah

d)

Pariba pangajak kahadéan

17.

" Si Udin mah jelemana gedé hulu, abong-abong budak pajabat."

Babasan gedé hulu di luhur ngandung harti ...

(a)  

18.

Anu kaasup kana paribasa pangjurung laku hadé nya éta...

a)

Katempuhan buntut maung

b)

Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan

c)

Cul dogdog tinggal igel

d)

Ngeupeul ngahuapan manéh

19.

Babasan hampang birit dilarapkeun ka ...

a)

jelema anu daékan dititah

b)

jalma anu hésé dititah

c)

jalma anu boga awak begang

d)

jalma anu sok tutah-titah

20.

Paribasa anu hartina katempuhan ku pagawéan batur nya éta ...

a)

Katempuhan buntut kuda

b)

Katempuhan buntut maung

c)

Katempuhan buntut oray

d)

Katempuhan buntut anjing