Font size
WorksheetsUTS 2_Bahasa Sunda 9
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Pekeman basa kaasup salasahiji kebeungharan basa jeung budaya Sunda, sabab ....
warisan ti bangsa sejen
hasil pamikiran urang deungeun
mangrupa pamikiran seuweu-siwi
hasil karancagean karuhun urang Sunda
Babasan jeung paribasa salian ti ngamamanis basa oge mibanda pungsi ... eusi carita.
ngahijikeun
ngantebkeun
ngajentrekeun
ngadumaniskeun
Ciri-ciri paribasa di antarana ....
sipatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandekeun
unsur-unsurna dalit, diwangun ku dua kecap atawa leuiwih, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
unsur-unsurna anggang, ngaliwatan proses ngararangkenan, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
unsur-unsurna anggang, diwangun ku dua kecap atawa leuwih, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
Rakitan ungkara atawa susunan kecap anu geus matok atawa geus pakem sarta miboga harti anu husus disebut (a)
Pakeman basa anu umumna ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeung pasipatan jalma disebut (a)
Jalma anu tartib migawe hiji pagawean mapay ti handap, keuna ku paribasa ....
adat kakurung ku iga
nete taraje nincak hambalan
dihin panasti anyar pinanggih
landung kandungan laer aisan
Di handap ieu kaasup rupa-rupa paribasa, iwal ti ....
paribasa sipat jalma
paribasa wawaran luang
paribasa panyaram lampah salah
paribasa pangjurung laku lampah hade
Ulah diuk dina lawang panto bisi nongtot jodo!
Ungkaran di luhur kaasup conto ....
uga
babasan
cacandran
pamalian
Di handap ieu mangrupa conto larapna babasan anu merenah dina hiji kalimah, iwal ti ....
Dian mah ih bodo katotoloyoh, matak pikakeuheuleun nu ngalatih
Guru ge lieureun nyanghareupan Dede mah sabab bodo kawas kebo
Ari jadi budak teh ulah sok bodo alewoh, tanya ka guru mun aya nu teu ngarti mah
Preman anu penggalakna teh ayeuna mah jadi tukang sayur di pasar sabab babalik pikir
Caritaan karuhun anu ngagambarkeun kaayaan atawa pasipatan hiji tempat anu balibirkeun dina jaman anu bakal kasorang disebut (a)
Ciri-ciri babasan wangun kantetan di antarana ....
unsur-unsurna dalit, ngaliwatan proses ngararangkenan, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
unsur-unsurna dalit, diwangun ku dua kecap atawa leuwih, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
unsur-unsurna anggang, diwangun ku dua kecap atawa leuwih, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
unsur-unsurna anggang, ngaliwatan proses ngararangkenan, sarta mibanda harti injeuman/imajinatif
Pangna pakeman basa disebut geus matok teh nyaeta ....
sabab teu meunang dibere rarangken
sabab teu meunang disalah hartikeun
sabab geus jadi katangtuan ti karuhun urang Sunda
sabab teu meunang dileuwihan atawa dikurangan kecapna
Di antara ungkara di handap ieu, anu teu kaasup kana pakeman basa, nyaeta ....
seuri koneng
atah anjang
sakapura ngaduan ngora
lir ibarat mobok manggih gorowong
Karunya budak teh jadi ... sabab indungan galak teuing.
pucuk awian
hulu peutieun
kokolot begog
tinggar kalongeun
Anu henteu kaasup harti tina ungkara Bandung heurin ka tungtung nyaeta ....
Bandung dina kamekaranana bakal padet
Bandung dina kamekaranana bakal ngaleutikan
Bandung dina kamekaranana bakal loba wangunan
Bandung dina kamekaranana bakal loba nu nyicingan
Di handap ieu anu kaasup kana conto babasan wangun rundayan nyaeta ....
getas harupateun
hampang leungeun
bali geusan ngajadi
kandel kulit beungeut
Sagala rupa kajadian geus ditangtungkeun ku Allah Subhanahu wa Ta'ala mangrupakeun harti tina paribasa ....
adat kakurung ku iga
nete taraje nincak hambalan
dihin pinasti anyar pinanggih
landung kandungan laer aisan
"Abdi mah teu terang nanaon, ulah disakompetdaunkeun sareng pun lanceuk anu gaduh sametanana".
Ungkaran anu dicitak miring dina kalimah di luhur ngabogaan harti ....
disaruakeun jeung lanceuk batur
disaruakeun jeung kahadean batur
disaruakeun jeung nu boga hutang
disaruakeun jeung kasalahan batur
Pakeman basa anu eusina tujuman ngeunaan parobahan penting hiji kaayaan/nagara/tempat disebut (a)
Pakeman basa anu metalikeun totonden alam kana naon-naon anu bakal kajadian disebut (a)
