wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Undak Usuk Basa Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Badru: “Punten, dupi tuang rayi téh anu nganggo tiung beureum?”

Galang: “Sanés, da ...... mah anu nganggo tiung biru”

a)

Pun rayi

b)

Pun adi

c)

Pun lanceuk

d)

Rayi kuring

2.

Pa Dadan: Saha nu teu sakola dinten ieu?

Galang : Badru pa.

Pa Dadan: Ku naon anjeunna teu sakola?

Galang: Saurna mah ........... Pa.

Pa Dadan: Udur ku naon cenah?

Galang: Panas tiris saur mamahna mah pa, kamari huhujanan.

a)

Teu damang

b)

Gering

c)

Udur

d)

Sakit

3.

Jenal: Sampurasun, damang Kang Rajab?

Rajab: Pangéstu kang Jenal, kumaha sawalerna? Saurna tadi wengi tuang garwa parantos babaran?

Jenal: Alhamdulillah pangéstu. Sumuhun kang, kaleresan tadi wengi pun bojo ngababarkeunna téh.

Rajab: Istri atanapi pameget kang?

Jenal: ........... kang.

Rajab: Ngiring bingah kang Jenal, mugi murangkalihna kasép sapertos ramana, janten murangkalih nu sholeh tur janten kareueus ibu ramana.

a)

istri

b)

pameget

c)

awewe

d)

lalaki

4.

Badru: “Punten, Ceu Romlah abdi ....... céngék saparapat.”

Ceu Romlah: “Mangga, badé ngagaleuh naon deui?”

a)

Meser

b)

Meuli

c)

Nyandak

d)

Ngagaleuh

5.

Badru: “Tadi ............ tabuh sabaraha di sakola?

Galang: “Abdi dongkap tabuh genep di sakola”.

a)

Sumping

b)

Dongkap

c)

Datang

d)

Mulih

6.

“Pun biang mah damelna di puskésmas, dupi …. damelna dimana?”.

a)

indung maneh

b)

Mamah anjeun

c)

tuang ibu

d)

pun biang

7.

“Manéh mawa pulpen dua teu? Urang poho teu ......”

a)

nyandak

b)

ngabantun

c)

mawa

d)

kacandak

8.

“Duh ti kamari abdi mah asa nyeri ceuli tilas ngojay di walungan téa. Dupi ....... salira sami teu?

a)

kuping

b)

ceuli

c)

pangdenge

d)

cepil

9.

“Abdi mah parantos.........., mangga atuh bapa ibu gera tuang bilih sanguna kabujeng tiis”.

a)

neda

b)

nyatu

c)

emam

d)

dahar

10.

“Aduh teu kiat abdi mah ieu .... meni lieur pisan”

a)

mastaka

b)

sirah

c)

babatok

d)

hulu

11.

“Aduh teu kiat abdi mah ieu .... meni nyalingit pisan”

a)

patuangan

b)

perut

c)

beuteung

d)

usus

12.

Wangsul ti Bandung abdi téh Kang Badru.”

Kecap wangsul sarua hartina jeung …

a)

balik

b)

indit

c)

datang

d)

sumping

13.

“mangga ah dikantun, bade ka rorompok heula.”


kecap rorompok sarua hartina jeung …

a)

imah dulur

b)

imah sorangan

c)

imah kabogoh

d)

imah babaturan

14.

“Pun bapa mah damelna di pabrik, dupi …. damelna dimana?”.

a)

bapa maneh

b)

tuang bapa

c)

bapa anjeun

d)

Tuang rama

15.

“Urang mah can bébéja euy ka kolot téh yén isukan rék kemping di sakola. Ari manéh geus ...... can?

a)

bebeja

b)

wawartos

c)

ijin

d)

ngawartosan

16.

Galang: “Punten, Ceu Isah abdi mésér uyah sagandu.”

Ceu Isah: “Mangga jang Galang, badé ..... naon deui?”

a)

meuli

b)

ngagaleuh

c)

meser

d)

nganjuk

17.

Badru: “Tadi sumping tabuh sabaraha di sakola?

Galang: “Abdi ...... tabuh genep di sakola”

a)

nepi

b)

dongkap

c)

sumping

d)

datang

18.

Anu teu kaasup ragam basa dina undak usuk basa Sunda nya eta ...

a)

Basa loma

b)

basa lemes

c)

basa kasar

d)

basa ngoko kromo

19.

Galang: “Punten, Ceu Isah abdi mésér uyah sagandu.”

Ceu Isah: “Mangga jang Galang, badé ..... naon deui?”


Eta paguneman teh ngagunakeun ragam basa naon?

a)

lemes

b)

kasar

c)

loma

20.

Badru: “Manéh mawa pulpen dua teu? Urang poho teu ......”

Galang: "Sarua urang ge teu mawa"


Eta paguneman ngagunakeun ragam basa ....

a)

loma

b)

kasar

c)

lemes