NEW
Font size
WorksheetsSTS Genap Bahasa Sunda Kelas 7F
Total questions: 40
Worksheet time: 3hrs 20mins
Pangna dongéng kaasup karya anu anonim téh sabab ....
kapanggih pangarangna
teu kapanggih pangarangna
loba pangarangna
loba palakuna
Nu ngabédakeun antara dongéng jeung carita pondok téh nya éta dongeng mah ....
eusina loba pamohalanna
kapanggih pangarangna
palakuna saeutik
palakuna saeutik
Anu di maksud ku eusi dongeng pieunteungeun téh nya éta ...
sikep katut laku lampah anu hade jeung goreng, kudu diconto
sikep katut laku lampah anu hade, anu kudu diconto
sikep katut laku lampah anu goreng, lain tirueun
sikep katut laku lampah anu goreng, kudu diconto
Runtuyan kajadian-kajadian nu ngaruntuy ngawangun hiji carita dongéng disebut....
alur
amanat
palaku
latar
Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongéng disebut ....
amanat
latar
téma
palaku
Perhatikeun ringkésan dongéng di handap ieu.
Nu ngalantarankeun sakadang kuya igel -igelan nya éta ….
sakadang kuya api-api atoh, padahal rék nipu sakadang monyét
sakadang kuya atoh rék dikawinkeun jeung anak aki pangebon
sakadang kuya atoh bisa méakeun cau
sakadang kuya atoh dikurungan ku aki pangebon
Perhatikeun ringkésan dongéng di handap ieu.
Upama nilik kana obrolan sakadang kuya jeung sakadang monyét, tétéla monyét ngabogaan sipat ….
licik tapi sarakah
licik jeung sarakah
licik tapi bodo
licik jeung bodo
Perhatikeun ringkésan dongéng di handap ieu.
Palaku nu kacatur dina sempalan dongéng di luhur nya éta....
patani jeung nini tani
patani jeung sakadang Kuya
patani jeung sakadang Monyét
Sakadang Kuya jeung Monyét
Perhatikeun ringkésan dongéng di handap ieu.
Cutatan dongéng di luhur nepikeun amanat ka urang sangkan ...
urang ulah méré haté ka batur
urang ulah miboga sifat licik ka batur
urang kudu ngabobodo batur
urang kudu miboga sifat sarakah tur licik
Perhatikeun ringkésan dongéng di handap ieu.
Sempalan dongéng di luhur mun ditilik tina palaku nu kacatur mah kaasup kana dongéng ....
parabel
mite
fabel
legénda
Dina ngadongeng, anu kudu urang perhatikeun heula saméméh ngadongeng téh nya éta …
kudu maham heula kana eusi, jalan carita jeung palaku dina éta carita
kudu nyiapkeun sora anu bedas, wirahma jeung pasang petana
nyaritakeunana kudu bari maca kasaluhuran carita anu aya dina éta dongéng
nyaritakeunana kudu lalaunan bari sikep anu kaleuleuwihi
Nu ngajelaskeun kajadian/lalakon tempat jeung waktu lumangsungna carita dina dongéng disebut....
téma
palaku
amanat
latar
Salah sahiji dongéng parabel anu di pikawanoh ku urang Sunda nya éta ...
Si Lutung
Si Lamsijan
Si Kabayan
Si Pitung
Dongéng nu eusina nyaritakeun asal-usul atawa asal muasal hiji kajadian hiji perkara (tempat, sasatoan, tutuwuhan jeung sajabana) disebut....
dongéng fabel
dongéng sasakala/legenda
dongéng parabel
dongéng babad
Anu ngabedakeun dongéng fabel jeung parabel nya éta …
dongéng pabel nyaritakeun kalakuan sasatoan, ari parabel nyaritakeun mahluk goib
dongéng pabel nyaritakeun kahirupan jalma biasa, ari parabel nyaritakeun kalakuan sasatoan
dongéng pabel nyaritakeun kalakuan sasatoan, ari parabel nyaritakeun kahirupan jalma biasa
dongéng pabel nyaritakeun kajadian sajarah, parabel nyaritakeun kahirupan jalma biasa
Perhatikeun data di handap ieu.
(1) téma
(2) prolog/bubuka
(3) latar
(4) tokoh
(5) épilog/panutup
(6) alur
Dumasar kana data di luhur, anu teu kaasup kana unsur-unsur dongéng nya éta ...
(2) jeung (5)
(1) jeung (6)
(3) jeung (5)
(2) jeung (4)
Perhatikeun data di handap ieu.
(1) carita rekaan atawa fiksi
(2) karya balaréa
(3) kanyahoan anu ngarangna
(4) eusina ngandung pamohalan
Dumasar kana data di luhur, anu teu kaasup kana ciri-ciri dongéng nya éta ...
(2)
(1)
(4)
(3)
Perhatikeun data di handap ieu.
(1) novél
(2) fabél
(3) mite
(4) carita pondok
(5) sage
(6) parabel
(7) sajak
(8) legenda
Dumasar kana data di luhur, anu teu kaasup kana bagian jenis-jenis dongèng nya éta ...
(2), (4), jeung (6)
(1), (4), jeung (7)
(1), (3), jeung (5)
(5), (6), jeung (8)
Dongéng mite nya éta dongéng nu nyaritakeun atawa nu aya patalina jeung kapercayaan kana....
barang pusaka
alam siluman
hal-hal goib
sasatoan
Dongéng anu eusina nyaritakeun tokoh-tokoh sajarah atawa patempatan anu ngandung sajarah nya éta ...
dongéng fabel
dongéng legenda
dongéng mite
dongéng sage
Dina nyieun iklan, ungkara anu di paké biasana ngagunakeun kecap atawa kalimah ...
pananya
paréntah
pangajak
pangatik
Salah sahiji média pikeun ngawanohkeun, nawarkeun, atawa méré informasi ngeunaan hiji hal atawa barang nya éta ...
iklan
poster
sajak
dongèng
Iklan nu mibanda tujuan pikeun meunangkeun kauntungan tina jasa ngajual produkna disebut iklan....
iklan komérsial
iklan layanan
iklan non komérsial
iklan sosial
Salah sahiji sarat atawa ciri iklan layanan masarakat nya éta ...
teu ngandung produk
ngandung ajakan pikeun jualan
ngandung paréntah
ngandung panyaram
Iklan anu miboga tujuan pikeun ngajak masarakat migawé hiji pagawéan anu hadé atawa anu teu hadé nya éta ...
iklan layanan komérsial
iklan haratis
iklan layanan masarakat
iklan kulawarga
Iklan téh mibanda fungsi pikeun ngaronjatkeun kasadaran masyarakat kana hiji perkara anu dipiharep bisa ngarobah paripolahna, anu tadina négatif jadi positif. Ieu fungsi téh disebut fungsi ....
atikan
éksprési seni
komunikasi
komunikasi seni
Anu teu kaasup kana fungsi tina iklan layanan masarakat nya éta ...
media komunikasi
media éksprési seni
media atikan
media sosial
Iklan layanan masyarakat biasana teu ditepikeun ku ....
pamaréntah
yayasan
organisasi sosial
parusahaan
Saméméh nyieun poster iklan, urang kudu nangtukeun heula …, …, jeung …
tempat, media, jeung alat
seni, media, jeung komunikasi
ilustrasi, jejer, jeung seni
jejer, ungkara, jeung ilustrasi
Perhatikeun iklan di handap ieu.
Iklan di luhur kaasup kana salah sahiji conto iklan nya éta ...
iklan dina televisi
iklan dina radio
iklan dina poster
iklan dina internet
Iklan nu ditepikeun ngaliwatan televisi atawa internét disebut iklan dina wangun ....
audio
visual
audio-visual
audio-audio
Conto iklan audio biasana ditepikeun ngaliwatan....
radio
internét
televisi
surat kabar
Dina nuliskeun kalimah paréntah, kudu ditungtungan ku tanda …
panyéluk
titik dua
pananya
titik
Anu disebut ku kalimah paréntah téh nya éta …
kalimah anu dipake pikeun nanyakeun hiji hal atawa jalma
kalimah anu dipake pikeun maréntah batur jang ngalakukeun hiji pagawéan
kalimah anu dipake pikeun nerangkeun hiji pamaksudan anu dipikahayang
kalimah anu dipake pikeun ngajentrékeun hiji hal atawa jalma
Perhatikeun iklan di handap ieu.
Iklan di luhur miboga amanat atawa tujuan pikeun ...
ngalakukeun pagawéan ngaroko di tempat umum
méré informasi ngeunaan bahaya tina ngaroko
ngalarang masarakat pikeun ngalakukeun hiji pagawéan
mèré informasi ngeunaan hal positif tina ngaroko
Kalimah pangjurung nya éta kalimah anu eusina ngajurungkeun jalma lian pikeun migawé hiji pagawéan.
Bener
Salah
Kalimah pangajak nya éta kalimah anu eusina ngalarang atawa nyaram jalma lian pikeun milampah hiji pagawéan.
Bener
Salah
Kalimah panitah nya éta kalimah anu eusina maksa jalma lian pikeun milampah hiji pagawéan.
Bener
Salah
"Muga-muga sakola urang téh jadi juara lomba biantara tingkat propinsi!"
Kalimah di luhur kaasup kana conto kalimah pangharepan.
Bener
Salah
"Ulah maén hp waé, geura kerjakeun tugas!"
Kalimah di luhur kaasup kana conto kalimah panyaram.
Bener
Salah
