Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PANGALAMAN & DONGENG

Total questions: 10

Worksheet time: 6mins

Name
Class
Date
1.

Unggal jalma miboga pangalaman masing-masing. Urang bisa nyaritakeun eta pangalaman ka batur. Nu dimaksud nyaritakeun pangalaman téh nya éta ....

a)

A.    nyaritakeun lalampahan batur anu geus kaalaman

b)

B.    nyaritakeun lalampahan batur anu tacan kaalaman

c)

C.    nyaritakeun lalampahan sorangan anu geus kaalaman

d)

d.    nyaritakeun lalampahan sorangan anu tacan kaalaman

2.

Pangalaman anu tara biasa dilakukeun atawa tara karandapan unggal poé, bisa jadi ngan ukur karandapan sakali dina saumur hirup, disebut ….

a)

A. pangalaman biasa

b)

B. pangalaman baheula

c)

C. pangalaman sapopoé

d)

D. pangalaman luar biasa

3.

Waktos pun nini ngantunkeun di Sumedang. Abdi kacida sedihna, kumargi pun nini téh kacida nyaaheunana ka abdi. Abdi ngaraos kaleungitan ku kanyaah pun nini anu sakitu ageungna.

 

Upama ditilik tina eusina, pangalaman di luhur téh mangrupa pangalaman anu ....

a)

pikasediheun         

b)

pikasieuneun

c)

pikaseurieun 

d)

pikareueuseun

4.

Di antara pangalaman ieu di handap, mana nu nuduhkeun pangalaman pikareueuseun ?

a)

A.     Waktos abdi nganggo sapatu sisirangan ka sakola. Kumargi rusuh, abdi henteu taliti nganggo sapatu dugi ka sisirangan.

b)

B.     Waktos diajak piknik ka Kampung Cai Ranca Upas ku pun bapa. Abdi tiasa maraban sareng ngusapan uncal anu aya di penangkaran uncal.

c)

C.     Waktos ngiringan pasanggiri maca sajak tingkat kabupatén, abdi janten juara kahiji tina puluhan pamilon sarta tiasa ngawangikeun nami sakola.

d)

D.     Waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun sareng keueung.

5.

Waktos abi kenging wartos yen pun bapa the dialihkeun tugas damelna kaluar kota. Atuh bakal patebih sareng abi, Mamah oge Teteh. Abi ngarasa sedih lantaran bakal  patebih sareng bapa. Sempalan pangalaman tadi mangrupa pangalaman anu……

a)

A. Pikasediheun

b)

B. Pikareeuseun

c)

C. pikasieuneun 

d)

D. pikaseurieun

6.

Jaman baheula dihiji leuweung geledegan, aya tangkal kai nu kacida gedena jeung jangkungna, ngaran eta kai teh rasamala.

Wacana di luhur mangrupa sempalan tina dongéng sasakala anu nyaritakeun asal muasal kajadian tempat nu aya di kabupatén Bandung, nyaéta ….Jaman ,

a)

Sasakala situ patenggang

b)

Sasakala situ cileunca

c)

Gunung geulis

d)

Gunung patuha

7.

Dongéng “Nyi Roro Kidul” eusina aya patalina jeung kapercayaan kana hal-hal gaib. Dongéng saperti kitu téh disebut dongéng ….

a)

mite

b)

Sage

c)

Parabel

d)

Legenda

8.

Upama ditilik tina eusina, dongéng di Gajah eleh ku sireum kaasup kana dongéng ….

a)

Mite

b)

Sage

c)

Fabel

d)

Legenda

9.

Upama ditilik tina eusina, dongéng-dongéng Si Kabayan téh kaasup dongéng ….

a)

Mite

b)

Fabel

c)

Parabel

d)

Legenda

10.

    Dongeng teh kaasup karya balarea, lantaran..

a)

kanyahoan anu ngarangna

b)

teu kanyahoan anu ngarangna

c)

sumebarna terang-terangan

d)

sumebarna sacara tinulis